Lamun urang
nempo hasil perkiran Pemilu 2014; ieu teh hartina Partey2 galede moal
kapangaruhaan ku ayana GOLPUT. Nu kapangaruhan ku Golput mah nya partey2
Laleutik jeung Gurem; lantaran bangsa Golkar jeung PDIP mah geus nyekel Basis2
Pamilih; nu kuat kaderisasina.

Partey2
Islam bakal cariut,  Lantaran naon ? Lantaran salian ti Islam
teu ngajamin pikahareupeun pikeun senang di dunya, oge teu ngajamin yen
Paamimpin2 Islam bisa dipercaya ! Bisa jalujur ! Nu puguh mah, sarua we jeung
Partey2 sejenna.

 

Hanura
Gerindra, ieu can boga Basis Pemilih nu bisa diandelkeun ! Kader2naa ge
lolobana mah Kaum Oportunis nu hayang dompleng pikeun kauntungan pribadi.

Kumaha Nasib
NASDEM ? Sigana mah moal jauh jeung partey2 sejenna.

Jadi ayeuna
mah beuki jelas Partey atawa perpolitikan teh dibagi dua Mun teu GOLKAR, nya 
PDIP
! Lamun di Pamarentahan jeung DPR dua Partey ieu ngahiji, sigana moal aya nu
bisa ngahalangan ka na kiprah ieu dua Partey gede teh. Maranehna tinggal kumaha
cara ngabagi kueh NKRI keur maranehna; rakyat nu sejenna nanggung HUTANGNA !

Nyata BASIS
nu geus diwangun ku ORDE BARU kuat pisan. Kakuatanana teu bisa dioget oget !
Sabalikna mun PDIP jadi Oposisi deui, Pdip bakal susah; sabab pasti lolobana
Patey siap2 bakal babagi sora jeung Golkar, lantaran bakal kabagi KUEH. 
Bargaining
Position Partai2 Leutik bakal naek.

 

Kumaha
Posisi Militer !? Jelas di NKRI peranan Militer dominan pisan. Dina Politician
pasinghareup ; komo mun silih cakar ! Posisi Militer leuwih KUAT deui. Daek teu
daek pihak sipil bakal ngabagi kakawasaan jeung Pihak Militer. Masing teu pati
kaciri ge. 

Saha nu
nyekel Militer ? Nu jelas lain Kakuatan Sipil. Tapi kakuataan Militer; teu
nyaho Para perwira nu keur nyekel kakawasaan; atawa perwira2 dibalik layar !
Tapi Posisi Militer ge kudu dibagi bagi antara AD; Laut jeung Udara. Masing
tetep AD nu dominant tapi angkatan sejenna boga peran sorangan2 nu KUAT oge
pangaruhna ! 

 

Ku gambaran
kieu, naha urang bisa ngaharep ka na kamajuan NKRI !???

Jauuuh.
Masih jauuuh keneh. Ieu kaayaan, atawa situasi teh bisa disebut keun POSISI
tidak menentu tea. Ku sabab kitu; meureun rata2 jelema boro2 hayang ngawangun
NAGARA; aya ge paheula heula atawa papinter pinter neangaan KASEMPETAN di na
kasempitan tea; pikeun diri pribadi !!!

Saha2 nu
bisa mangpaatkeun situasi, bari jago balucat balicet, bari bisa nyumput di nu
caang; pasti bakal narima SUKSES ! Jadi akhirna sabobodo sapipinter tea.

Tah umumna
mah nya susah ; tapi teu bisa ngaharep NAON2 salian ti ngaharep ulah leuwih
ngalelep we meureun.

Tah kumaha
cenah nasib NKRI teh ? Kira2 anda2 semua punya IDE atau pemikiran ? Hahaahahaha
!

Kirim email ke