Sim kuring pernah ngebon 20 H di hiji kampung di jabar. Niat na mah nya idealis hoyong ngaronjatkeun ekonomi pedesaan. Tapi gening kalahka dipaokan tah hasil tani teh, ngan beda 3 poe ti jadwal panen dipiheulaan. Cenah anu maok teh masih keneh dulur-dulurna pagawe jeung penjaga kebon :(
Tah aya carita ngeunaan bako. Saencan ngebon anu 20 Ha dipaokan eta, oge kungsi sim kuring muka kebon di gunung anu rada hese ditempuh, tapi taneuhna subur pisan. Harita aya 8 urang pagawe kebon. Dina gawe minggu kahiji sim kuring hayang ngalongok pagawe ka gunung bari mawa oleh-oleh maskud na mah. Kuring mikir oleh-oleh naon nya... Sim kuring terus meuli beas jang ngaliwet eta pagawe di gunung, terus meuli lauk asin peda jeung nu lainna. Oge meuli kopi kapal api (lain iklan yeuh) anu bungkus gede (sakiloan) sababaraha hiji. Tah terus sim kuring mikir, meureun kudu meuli udud oge. Pikeun meuli udud sim kuring tepi ka nananyakeun ka toko bako, nya bako naon anu pang alusna (bako jang ngalinting). Terus oge meuli pahpirna. Kacaritakeun nya oleh-oleh teh geus dibikeun weh ka pagawe di gunung. Terus 2 minggu ka hareupna sim kuring ngalongok deui. Tapi katingali bako jeung pahpir mah ngagunduk weh di juru tenda. Jiga na teh teu di toel. Nya singhoreng pagawe tukang macul di gunung oge geus embung ngudud ngalinting mah. Hayang na teh rokok kretek (djarum, gudang garam, etc). Malahan mah mandorna ngaharewos ka sim kuring: "pa saur padamel cenah da atuh urang teh lain aki-aki jeung dibere udud pahpir sagala". Terus ditambahan ngaharewosna: "teras pak upami nyandak kopi ulah kopi anu kitu. da padamel mah ayeuna mah kopi na teh anu sok dibungkus ngaruntuy tea geningan". Eta sim kuring era aya, rasa aneh ngahuleng aya. Nya ari rokok mah da teu ngarti sabener na mah, kulantaran sim kuring teu ngaroko. Ngan pas kuliah di Berlin 5 taun di tengah taun 90-an mah eta loba jelema kaasup dosen professor anu ngaroko teh roko linting. Meureun ari rokok linting leuwih berkualitas tibatan rokok biasa, pikir sim kuring harita. Jadi weh jang pagawe ge sim kuring neangan bako anu pang alusna. Nya terus atuh masalah kopi; meureun geus jadi trend atawa gaya hirup nya ayeu na mah di kampung-kampung meuli kopi teh anu bungkusna sachet, ngaruntuy hargana 1000 perak. Meureun asa leuwing gaya (bari nutupan rasa era sim kuring mikir, heueuh atuh naon deui gaya hirup di gunung lamun lain meuli kopi sachet he.. he.. he..). Tah jadi rada kapok sim kuring mangmeulikeun udud teh. Kahiji bari na oge teu sehat, asa ngajurungkeun geura paeh ku loba ngarokok (heu heu heu), kadua nya sieun salah da selera ngarokok teh geningan meni rupa-rupa. Ari kusim kuring mah karasan ngan bau weh.... Salam Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: mang kaby <[email protected]> An: [email protected] Gesendet: 7:28 Dienstag, 14.Mai 2013 Betreff: [kisunda] Bako Lovers [1 Attachment] [Attachment(s) from mang kaby included below] Enclosed... dapet foto bako dari temen ceunah di Jerman... Jadi inget dulu mah di kampung Aki suka ngaroko bako mole n' bako tampang... ududna make pahpir atawa daun kawung ajiiiiib... Aki sekarang umurnya udah 80 tahun lebih kayaknya masih bisa ka sawah macul hehehe. Katanya lagi ada aturan yang mau dibuat supaya rokok yang ada nanti ngak berbahan baku dari tembako masyarakat lagi soalnya sudah diganti dengan yg synthetic (farmasi?)... poho aturan apa ya? Jadi petani tembako jeblooook import lagi deh gitu kali ya maskudnyah...
