Di na samodel hariwang kitu; eta nunjukkeun hiji hal nu positif; nya eta urang "care" tea. Urang boga rasa tanggung jawab ka ieu NKRI. Tah ku ieu rasa, bisa dikembangkeun deui. Terus analisa di na diri; pok nanya ka diri naon atuh ayeuna nu jadi masalah utama di NKRI !? Cing silidik heula.Atawa silidik deui ! Bisi kahariwang urang teh, ngan ukur nyiwit kulit saeutik, nu hartina mun dipikirkeun tea mah leutik teuing keur hiji NKRI nu loba masalahna ?! Kudu aya skala prioritas urang mikirkeun.
Naha urang ngamimitiaan ti na politik deportassi ? Atawa ngirim TKW ? nu jelas2 ngarendahkeun harkat bangsa ? Atawa urang mikirkeun heula Pulo2 nu dicokot ti NKRI ? Atawa mikirkeun PSSI nu terus2an nyungsep ? Kumaha mun urang mikirkeun kaadilan HUKUM di NKRI ? Kumaha masalah kaadilaan sosial ? Cing punten panghariwangkeun tah na sektor2 eta ? Pendidikan oge ; naha teu ngahariwangkeun ? Cing cobe pikiran deui tah. Mangga --- On Wed, 15/5/13, rsyaifoel <[email protected]> wrote: From: rsyaifoel <[email protected]> Subject: [Baraya_Sunda] Re: politik deportasi? To: [email protected] Received: Wednesday, 15 May, 2013, 2:31 PM --- In [email protected], Abbas Amien <abas_amin08@...> wrote: > > Sae pisan tah, aya manah "hariwang" teh. Teras kumaha atuh kedahna tindakan > urang ayeunaa ? Cobi kumaha tah kamandangna ? Da ari mung ukur hariwang > wungkul mah, asa teu pararuguh atuh. > > Puguh hariwang Kang. Kumaha mun aya politik deportasi nasional? Pan cilaka ieu bangsa teh. Jurusna mah, siaga urang sabage rahayat biasa KUDU daek nunjukeun wawanen nantang kana kalakauan samodel kitu. Ku lisan, ku tulisan, atawa mun bisa mah ku gawe kongkrit. Ngan nya hese lebah eta mah sigana teh. Perlu tanaga jeung beaya nu teu saeutik. Sakuduna aya hiji gerakan lewat organisasi masyarakat anu nantang kalakuan siga kieu. Najan kumaha ge sacara LEGAL (sacara hukum positif) teu bisa dibenerkeun. Asa teu acan kabejakeun aya class action anu nantang kana model kawijakan siga kieu? Cik aya tukang hukum anu bisa nerangkeun?
