Mun urang misalna jadi perserikatan; sigana mah Cirebon langsyng harita keneh hayang misahkeun diri ti Jabar; naon akibatna ? Jabar teu boga palabuan laut. Jadi samodel Russia bareto hese neneangan Palabuaan air Hangat. Jadi timbul Politik air hangat tea.
Keur anu daerahna makmur, meureun aya oge nu ngarasa "dijajah" ku urang Jawa; lantaran hasil ti maranehna dibagikeun keur nutupan kakurangan di daerah2 sejenna deui ! Nu matak Pamarentah Pusat ngempok2 pisan ka daerah samodel KALTIM; da beunghar ku GAS. Nu matak bareto aya PRRI, salah sahijina ku sabab Sumatra ngarasa dieksploitir ku Pamarentah Pusat ! Naon sih kaboga Pulo Jawa ? Mun euweuh Sumatra mah MISKIN siah ! Nu matak diusahaakeun pisan harita PRRI ditalukkeun. Jadi salian ti urang mikirkeun rahayat sagemblengna, oge urang mikirkeun kamakmuran satiap daerah. Ayeuna uraang mikirkeun wah NKRI kaya ! loba minyak jeung nu sejen2na deui. Tapi mun urang mikirkeun Jawa Baraat wungkul bari jeung geus dileutikeun; paling2 ge boga hasil karajinan; beas jeung buah2an ! Bari jeung lahanna ge geus minim pisan ? Mun uraang, lamun ieu mah , misah tea mah memang asa leuwih prihatin. Terus lamun mikirkeun, yen Jabar rada maaju lantaran kasimbeuh ku Kaltim jeung Papua; memang teu salah mun maranehna boga pikiraan dieksploitir. Jadi mun nempo ka dinya Jabar rada hese mandiri teh. Mangga nyanggakeun. Ieu mah da saukur LALAMUNAN.
