Kader2 Sunda nu katingaal ku kuring mah, ayeuna aya di Milis2 nya eta Milis 
Barayasunda; kisunda jeung Urangsunda. Tah atuh kang Rsyaeful ge kalebet salah 
sahijina. Mudah2an.

--- On Sat, 18/5/13, rsyaifoel <[email protected]> wrote:

From: rsyaifoel <[email protected]>
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda katinggaleun
To: [email protected]
Received: Saturday, 18 May, 2013, 7:28 AM
















 



  


    
      
      
      Kuring kakara rengse maca buku anu judulna Batavia tulisan Hendrik 
Niemeijer. Ieu buku panalungtikan ilmiah didasaran ku arsip VOC anu aya di 
Arsip nasional Jakarta. Dian ieu buku ditalungtik kaaayaan masyarakat Batavia 
ti abad ka 17 waktu VOC kakara hadir di Batavia.

Tah ieu resensina±



http://www.knhg.nl/bmgn2/N/Niemeijer__H._E._-_Batavia._Een_koloniale_samenleving_in_de_.pdf



Anu jadi kahandeueul teh, dina eta buku ditulis sacerewelena yen urang Sunda 
jeung budaya Sunda TEU jeung TARA kasebut dina arsip harita! 



Teuing naon nu jadi sababna: kuuleun, cicingeun, kurang gaul???

Padahal samemeh boga ngaran Batavia teh pan harita disebut Sunda Kalapa lin? 
Tapi urang Sunda euweuh di dinya kitu? Aneh....



Balik ka jaman ayeuna. Pepentol politik, ekonomi jeung budaya nasional. Na mana 
anu Sunda atuh?



Leuh, bet siga jaman VOC. Ngaran Sunda teu kasabit2 acan?



--- In [email protected], Abbas Amien <abas_amin08@...> wrote:

>

> Urang Sunda upamana ayeuna nyieun hiji Partey nu maksudnaa bakal GO Nasional 
> ... can nanaon geus dicuriga provinsialisme ! Beda jeung urang Jawa 
> ngadirikeun Partey; hamo aya nu curiga; tetep we ditarima sabage Nasionalis !

> Tah Amien Rais nyoba ngadirikeun Partey Islam tapi hayang dianggap Nasionalis 
> saperti PAN; tapi gagal !

> 

> Komo atuh Urang Sunda mah, nu geus katinggaleun start ti bareto keneh.

> Kuduna ti baheula urang teh boga Kader2 nu siap di na sagala widang. Nyorowok 
> di Kaler; tapi sorana aya di Kidul. Mun ti baheula ulah aya Partey nu bau2 
> provinsialisme; Partey nu dipimpin ku Urang Sunda bakal maju ! Nu penting 
> Kader Sundana kuat !

> 

> Tapi kanyataanana lain kitu; urang mah transparan pisan BUKA Kartu; atuh 
> sakeudeung ge gancang diantisipasi bisi ngabahayakeun. Nepi ka Pak Oto pupus. 
> Nya teu ninggalkeun KADER hiji2 acan.

> 

> Coba mun baheula misalna ngadirikeun Partai Sosial Demokrat bari kaderna US 
> wungkul ! Tah meureunan maranehna kampanye sacara Nasional, bari teu dicuriga 
> Provinsialisme ! Kudu bisa mawa diri di na kampanye ka kampung2.

> 

> Mun Lobiying meureun nya sautak saeutik ka urang lembur majukeun ki Sunda ! 
> Tapi ari kaluar mah corowokna Nasionalis ! Ieu bisa kahontal mun urang boga 
> Kader2 US nu lumayan SOLID ! Tapi sigana nepi ka ayeuna ge NOL BADAG. Nu 
> matak nya wayahna we US mah kuma dialasanana we; ulah geruh.

> 

> Tapi keukeuh urang kudu RIBUT ari ka na KKN mah ulah cicingeun.

> 

> Euweuh atawa teu boga KADER urang mah.

> 

> PDIP mah hebat pisan ! Nepi ka lamun di Balikpapaan mah; aya nu nganggap PDIP 
> teh Partai Urang Jawa. Jadi urang Jawa der panatik pisan, yen keur UJ mah 
> lain Ustadz Jefri; hiji2na pilihan euweuh deui salian ti PDIP ! Tapi teu 
> kabeh urang Jawa milih PDIP; nya loba oge asup ka Golkar.

> 

> Saha nu asup Partey Islam ? Eta mah nu Islamna kuat. Atawa kuat kaislamanana.

> Nepi ka Nganggap laamun umat Islam teu milih Partey Islam eta geus 
> ngalakukeun kasalahan gede. ataawa DOSA !

>





    
     

    
    






  








Kirim email ke