Kamari dina hiji radio aya anu ngadadarkeun perkara kajayaan Islam di widang maritim. Asana teh ahlina salah saurang Profesor..... anu ngadosen di IAIN SUnan Gunung Jati Bandung. Ceuk cenah mah, Islam teh sumebar ka sakuliah dunya ku cara make jalan laut. Jadi dina perkara elmu falak jeung kalautan urang Islam harita tos palinter. Hiji mangsa, pelaut urang Walanda meunang peta titinggal pelaut Islam, da dina peta eta teh pinuh ku aksara arab. Pulo jawa ditandaan ku kecap sin-nun-dal. Urang Walanda tea teu ngarti basa arab, eta tilu huruf teh dibaca jadi "SUNDA".
Sok geura titenan peta-peta di jaman walanda, masih make kecap pulau sunda besar, pulau sunda kecil. mrachmatrawyani
