Aya Fosil Cangkang Kerang di Gunung Sodong

Salian ti ayana guha-guha nu ukuranana laleutik, di wilayah karst Gunung
Sodong nu aya di Kampung Parungsinga, Désa Karéhkél, Kecamatan Leuwiliang,
Kabupatén Bogor, ogé osok kapanggih fosil-fosil cangkang kerang. Fosil
kerang ieu biasana némpél dina batu-batu karang (gamping).Ayana fosil
cangkang kerang atawa haremis laut ieu nuduhkeun yén wilayah karst Gunung
Sodong téh baheulana mangrupa laut anu déét.Hal ieu dijelaskeun ku Dr.
Johan Arif, géolog ti ITB nalika ngalakukeun ékskavasi sababaraha waktu ka
liwat.Johan nétélakeun, mangjuta taun ka tukang kawasan nu ayeuna mangrupa
karst, asalna téh laut anu teu pati jero, paling jerona téh ngan 10 méter.
Ku ayana aktivitas géologi di jero bumi, lalaunan dadasar laut déét ieu
kaangkat ka permukaan, nu antukna ngajadi pasir atawa gunung leutik.Tah,
tangtuna loba sésa-sésa kahirupan di dadasar laut nu ogé milu kaangkat, di
antarana cangkang kerang tadi. Lamun cucana jeung tempatna ngadukung,
ngaliwatan prosés nu alamiah, lila-kalilaan cangkah kerang téh bisa
kaawétkeun ngajadi fosil.Béda jeung bagian Gunung Sodong lianna nu geus
dimangpaatkeun ku masarakat sabudeureunana, kawasan karst mah rélatif can
loba digunasika. Ku kituna masih aya lolongkrang lamun rék digunakeun
pikeun tujuan anu leuwih jembar tinimbang kaperluan ékonomi.Hal ieu kungsi
diusulkeun ku Héndra M Astari, panalungtik ti Riksa Sunda Institute Bogor,
sangkan kawasan karst Gunung Sodong dijadikeun laboratorium alam sakaligus
kawasan konsérvasi.Héndra méré bongbolongan, ku ayana fosil cangkang
kerang, guha-guha nu silih sambung, sarta sistim hidrologi anu kompléks di
kawasan karst Gunung Sodong sakuduna mah bisa dimangpaatkeun keur kaperluan
pendidikan, hususna widang élmu alam saperti: géografi, biologi, sarta élmu
lingkungan.Tinangtu diperlukeun kajian sarta usaha anu daria pikeun
ngawujudkeun hal ieu, ogé dibutuhkeun pisan bantuan ti sawatara pihak, boh
ti pamaréntah daérah katut dines-dines nu pakait, lembaga pendidikan, ogé
ti para pamangku kapentingan lianna anu haat kana masalah ieu. (HD)

Majalah Basa Sunda "Balébat"
www.majalah-balebat.blogspot.com
@majalahbalebat

Kirim email ke