Bah kapungkur tos ditaratas namatkeun juzz Amma sareng surah Yaa Siin. Pami bade sasarengan cobi nyalira, alungkeun ka milis kangge tanggepan kirang langkungna ti para wargi, lajeng di draft ulang, pami mupakat janten we gaduh tapsir versi basa sunda. Pami khususon made in abah nya wartosan we ka balarea. Wilujeng. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Abbas Amien <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 8 Jun 2013 11:20:52 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>; <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Tapsir Al Qur_an Mitembeyan nulis Sabtu 8 Juni 2013M 29 Rajab 1434H TAPSIR AL QURAN NA BASA SUNDA Bismillahirrahmaanirrrahiim, Ngawitan sim kuring nulis, ku nyebat AsmaNa Allah, nu nyiptakeun sagala rupa keur kaperluan MakhlukNa, kumelendang di ieu alam , oge Nu Nyiptakeun sagala alat supaya bisa ngokolakeun eta kaperluan ( fasilitas ); jeung di na waktu nu sarua Nyiptakeun oge Elmu Pangaweruh ka Jelema nu ditunjuk ku AnjeunNa pikeun ngokolakeun sagala fasilitas, supaya jadi leuwih alus jeung bisa leuwih guna pikeun sakumna manusa. Sagala puja sareng puji, mung kanggo AnjeunNa Nu Mangeranan sakabeh Alam; sagemblengna Alam ( Alam Semesta ). Rahmat sareng salam, tetep ka Utusan Allah, sareng para kulawarga sinareng para sahabatna. Sim kuring rek nyoba nuliskeun Tafsir Al Qur_an ku basa Sunda; malah mandar ningkatkeun kabisa di na make Basa Sunda jeung eta Basa ulah nepi ka leungit; sugan jeung sugan ku nulis ieu tapsir US bisa harudang jeung bisa nyokot hikmat2 nu aya di eta Al Qur_an. Sim kuring lain ahli kitab kuning ( istilah nu teu bisa kitu wae disundakeun ); oge lain ahli mantek atawa Bayan; malah mah teu masantren2 acan. Ieu mah nyobaan napsirkeun ku make sagala kanyaho nu dicekel ayeuna ku kuring, bari jeung sadar yen pasti loba kakuranganana. Tah di na hal eta kuring mukakeun kabebasan ka sakumna Urang Sunda nu aya di Milis Urang Sunda; Kisunda; Baraya Sunda atawa di mana wae pikeun ngasupan kritik2; boh kritik nu ngawangun; boh oge kritik nu nentang pisan, lantaran teu panuju ka nu ku kuring ditulis. Eta bebas; lantaran tiap pribadi pasti boga cecekelan sewang2an. Ku sabab ieu tulisan teh Debatable pisan; jeung dikirimkeunana ka Milis2 Urang Sunda; kuring meredih ka sakumna baraya; milu oge ngabantuan mun kuring ditanya hiji hal nepi ka teu bisa atawa kurang pas ngajelaskeunana; tah di na hal ieu kuring kalintang nganuhunkeunana. Ieu mah saperti biasa, ti na tulisan2 kuring nu rata2 mah brain storming wungkul; can boga kacindekan; lantaran rumasa kurang Elmu. Ieu mah wani nulis soteh; lantaran nepi ka ayeuna can aya nu wani nulis na Basa Sunda ngeunaan masalah Tapsir. Tapsir Al Qur_an. Angger we nu dihaarep mah aya mangpaat; cek paribasana saeutik; teu nanaon. Tah ayeuna, hayu urang ngamimitian Napsirkeun Al Qur_an. Dimimitian ku Napsirkeun Surat Al Fatihah. A’udzubillahiminasysyaithaanirrajiim. Kuring nyalindung ka Allaah, tina gangguan syetan laknatullah. Naon sababna ieu dibaca ? Ieu parentah ti Gusti di na An Nahl ayat 99 : faidzaa qara_tal Quraana fastjib Billahi, minasysyaithaanirrajiim. Bila mau membaca Al Qur_an hendaklah mohon perlindungan pada Allah dari gangguan syaithan. Lamun urang rek maca Qur_an kudu nyalindung ka Gusti ti na godaan syetan. Cara macana kumaha ? Naha kudu satiap ayat ? atawa satiap maca hiji surat; atawa satiap rek maca Al Qur_an ? Ulama samiuk yen eta tah satiaap rek ngamimitian maca Qur_an. Jadi ngan ukur sakali we nya eta ngamimitiaan. Nu matak na shalat ge taudz maah ngan ukur sakali. Tapi loba oge nu asal maca Fatihah, kudu dimimitian ku taudz. Eta mah bebas kumaha yakinna. Bismillahirahmaanirrahiiim. Ieu disebut ayat ka 1 Fatihah; tapi loba nu ngabaantaah yen ieu teu kaasup ayat. Argumenna lantaran moal enya basmallah sakitu lobana; piraku diwahyukan unggal surat ? Tapi ceuk nu pro ka Na Basmallah; khusus keur Surat Al Fatihah basmallah jadi ayat kahiji. Ari pamadegan kuring kieu :Eta Basmallah teh diajarkeun ku Jibril ka Muhammad; lantaran Muhammad Saw haarita teu apaal kumaha ngalaksanakeun ayat mimiti ti Allah; nya eta Iqra bismiRabbikaalladzii Khalaq. Dugi ka tilu kali eta parentah atawa wahyu kahiji teu iasa direalisasikeun ku Naabi; nya Jibril ngajarkeun yen ayat kahiji nu diturunkeun teh nya eta parentah kudu maca BASMALLAH. Jadi ku sabab Basmallah teh parentah pangheulana ka Kangjeng Nabi, ieu jadina di na satiap surat anyar na Al Qur_an diluhurna aya tulisan bismillaahirrahmaanirrahiim. Ngan surat Taubat wungkul nu teu aya teh. Jadi Basmallah lain Wahyu nu langsung jadi ayat Qur_an tapi pengejawantahan atawa realisasi ti na ayat ataawa Wahyu Iqra Bismi Rabbikalladzii Khalaq. Naon sababna Basmallah jadi parentah mimiti ? Sababna lantaran Nabi sering tafakur ka Guha Hira; tah kamungkinan gede tawajuhna nya eta menta IDIN supaya meunang ngenalkeun Allah nu wajib disembah ka balarea. Baraya sadaya; bisi wae ieu tulisan malah ngaganggu; kuring rek nanya di dieu naha ieu tulisan teruskeun atawa entong ? Bisi wae kurang srek nulis di Milis dimana nu bogana sarerea. Jadi kuring masrahkeun ka opini sadaya miliser.
