Surat Ka 2 – Al Baqarah
Alif LammMiim Umumna didieu ditarjamahkeun Ngan Ukur Allah nu uninga ka na haartosna ieu ayaat. Tapi mun kitu saenyana kabeh ayat oge can puguh kirtu hartina; angger we Allah wungkul nu uninga mah. Jadi di na hal ayat ieu kudu neangan deui naon sajatina haarti eta ayat. Aya nu netelakeun yen sabaangsa Yaaa Siiiin; Alif LaaamMiiiim; Kaf Ha ‘ainshad; eta asalna dua2 para auliaa jaman kuno; jadi hartina aaya na Al Qur_an; ku Gusti Nu Maha Suci ditarima eta do’a sabage do’a Muslim. Malah kuring kungsi manggihan di na do’a samodel kieu; bismillahi babunaa Yaasiiin kifayatuna jst. Ieu nunjukkeun yen memang eta teh doa2 atawa mantra2 jaman baheula; jampe pamake atawa jangjawokan jaman bihari; tapi nu Geus diidinan ku Allah pikeun dipake ku Muslimin muslimat. Ayat 2 – Dzaalikal kitaabu laa roibafiihi, hudan lil muttaqien. Dzaalika = ieu atawa eta. Kitaabu = risalah. Aya nu nerjemahkeun KITAB atawa BUKU. Tapi eta mah jelas teu Nyambung. Lantaran naon ? Lantaran kapan waktu Allah nurunkeun Wahyu ka Muhammad, kakara aya di na lisan , can dibukukeun. Mun ujug2 ditarjamahkeun BUKU; iraha dijadikeun bukuna ? pan waktu narima wahyu mah kakara aya di na BRAIN Muhammad; nu dijejelan Wahyu ku Allah. Laa = lain, henteu moal jste roiba = ragu2, teu yakin ; fiihi = dijerona hudan = taufik hidayah; pituduh li = pikeun Al Muttaqien = jalma takwa. Jadi harti sagemblengna Ieu risalah teh teu diragukeun deui pituduh pikeun jelema nu takwa. Ieu rada hese napsirkeunana teh, asa asa kurang nyambung. Naon sababna ? Kapan cenah Nabi teh rek nyebarkeun ieu Al Islam; rek ngawanohkeun Gusti Allah ka kaumna harita. Tapi naha ujug2 aya jelema TAKWA !? Tah ieu kudu dihartikeun khusus; teu meunang togmol ditarjamahkeun kitu wae. Kieu meureun … Jalma nu ngadua atawa neneda nun Gusti tuduhkeun jalan pikasalameteun kanggo abdi; tah ieu meureun nu disebut muttaqien dina ayat- 2 Al Baqarah teh. Nya eta ngawaler ka na pamenta ihdinashshiraatal mustaqiem. Jadi sanyatanaa nu ngadu’a menta ihdinashshiratal Mustaqieem teh; sahenteu henteuna geus aya di na jalan nu lempeng; lantaran hayang nyaho jalan nu bener. Engke na ayat saterusna leuwih jelas deui. Ayat 3 Al Baqaarah – Alladziina yu_minuuna bil ghaibi wayuqiimuunashshalata, wa mimma razaqnaahum yun fiquun. Jadi ayat 3 teh netelakeeun atawa ngajentrekeun, atawa ngadeskripsikeun naon ari muttaqien teh. Jadi di dieu geus aya definisi nu jelasm nu kumaha ari muttaqien teh. Meureun maksadna supaya Nabi ulaah salah nempo; ulah salaah taksir; nu kumaha ari jelemaa takwa teh. Definisi diluhur, teu nangtukeun sacara jelas, naha muttaqien teh saacan Nabi oge , geus aya; atawa saatos Nabi !? Ieu teu dijelaskeun. Jadi bisa wae samemeh aya nu milu ka Nabi jadi Islam, jelema nu muttaqien geus aya. Nya buktina kapan Nabi Muhammad nyalira. Pasti kalebet jalmi muttaqien. Jadi Rasul pasti kalebet Jalmi Muttaqqien. Tapi Jalmi muttaqien can tangtos Rasul atawa Nabi. Jadi ieu risalah teh pituduh pikeun jelema takwa. Nu baheula samemeh Muhammad jeung oge keur nu jadi panganut Islam syareat Muhammad Saw. Naon cenah ari jelema takwa teh ? Nya definisina disebut di na Ayat 3 nu tadi ditulis diluhur. Harafiahna nya eta Alladzi = nerang keun takwa. Jalma nu takwa teh cenah yu_minuuna bil ghaibi = percaya yen aya nu Ghaib = Allah, Maliakat, Jin jste. Ghaib di dieu lain euweuh; tapi aya maujud, wujud, ngan teu katepi ku panca indra sacara langsung; atawa katenjo tapi teu bisa dijangkau. Eta ghaib teh. Wa yukiimunashshalaati = jeung maranehna ngalakukeun ibadat shalat. Shalat di dieu hartina nyembah ka GUSTI. Wamimma Razaqnaahum yun fiquun = jeung maranehna ngabagikeun rizqqi nu diupayakeun ku maranehna; tapi teu didahar sorangan, dibagikeun ka nu hak narima. Tah eta cenah sabagean ti na definisi Takwa teh. Hanca
