Cacahan Bantenan - RAJABAN Ku Intan Jamsah Keur peuting ngahadiran RAJABAN, mani kelar Kiaina make bahasa Pandeglang tulen. Eta kula diukna panghareupna, supaya katempo ku Kiai jeng hayang gede ganjaranna. Ja cenah mun nempo setiap ucapan sungut kiai pohara gede ganjaranna. Ceuk Kiai, "Kula melengek ieu mah jaman kuari lah, pinuh ku kapalsuan. Atuh rek kumaha teu palsuna," cenah, "ja bagus-bagus ngaran Intan, eeh datang ka Radio di ganti ku Jamsah. Pokona mah lain eta bae lah, loooba nu palsu." Sambung Kiai deui, "Aing mah dak ieu nu haladir di dieu geh sok sieun palsu. Sok sieun ngaku Islam ari solat tilok. Kan eta palsu, sarua bae, bener teu Teh Rumsah?" ceuk kiai bari matana nempokeun ka Teh Rumsah. Ceuk Teh Rumsah, "Ih komet ja kula mah tara ikut campur kana urusan batur, rek solat rek hanteu ja eta mah ajangna ieuh." Terus ceuk Kiai deui, "Heh dak pinter jawabna mah tah Teh Rumsah pangaruh sok ngaji bae tiap mingguna."
Catetan: Diropea ku Ki Hasan ***
