Ha ha ha punten bah AA, abdi mah mung tiasa ngomentaran weh, eta oge upami 
waktosna pas.
Mangga weh ku bah AA diteraskeun nyalira, bongana bet dikawitan ku bah AA 
nyalira he.. he.. he.. (peace bah AA :) )

Wassalaamu'alaikum wr. wb.

Febi Ahmad Hazairin
===============




________________________________
 Von: Abbas Amien <[email protected]>
An: [email protected] 
CC: kisunda <[email protected]> 
Gesendet: 10:59 Montag, 17.Juni 2013
Betreff: [kisunda] Re: Wahyu (Re: [Urang Sunda] kanggo kang Yadi)
 


  
Assalammu'alaikum kang Febi ..... duh resep macanaa seratan kang Febi mah; 
baaritepat pisan. Ngan eta kang Avin ku naon teu mucunghul deui. Sono oge tah.

Kang Febi kuring rek meredih ka kang Febi supaya tiasa sasarengan ngaguar 
tapsir di ieu milis; mudah2an urang sadaya tiasa ngadamel tapsir na basa sunda; 
nu relatively representative kituh. Naon nya mun disundakeun  tah ? Panginten 
nu eusina teu tebih tebih teuing ti na standard. 

Ulah gimir kang FEBI sok, urang damel tapsir bari dieusi ku kaihlasan hate. 
Piraku sugaan mengpar ?

Sugan jeung sugan we atuh mamanawian aya paidin ti Gusti.

Kuring nganuhunkeun pisan upami kang Febi kersa sasarengan naapsirkeun ,

Wassalam
AA
 

--- On Sun, 16/6/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:


>From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
>Subject: Wahyu (Re: [Urang Sunda] kanggo kang Yadi)
>To: "[email protected]" <[email protected]>
>Received: Sunday, 16 June, 2013, 3:33 PM
>
>
>  
>Wahyu, Ilham, Firasat, Ide
>==========================
>
>Bismillaahiraahmaanirraahiim,
>
>Ide, asalna tina basa Inggris, maksudna pikiran anu datang ngeunaan hiji 
>masalah. Biasana ide dikaitkeun jeung jalan kaluar (solusi) tina hiji masalah. 
>Ide oge sok dikaitkeun jeung pikiran anyar (orisinil) anu bisa diwujudkeun 
>pina prak-prakan kahirupan, boh masalah sosial boh masalah teknik jeung 
>pangaweruh.
>
>Firasat, dikaitkeun jeung pikiran anu datang ngeunaan kajadian atawa kaayaan 
>anu bakal datang. Biasana firasat datangna mangrupa pikiran kilat (datangna 
>gancang jeung umum, teu rinci), ngajorelat, tapi salian datang kana pikiran 
>oge sok keuna kana hate/jiwa.
>
>Ilham, dikaitkeun jeung pikiran anu datang terus nyangkrung dina hate. Ilham 
>biasana dikaitkeun jeung pituduh anu positip tinu dianggap suci
 saperti Gusti Allah atawa Malaikat. Ilham biasana datang kana pikiran jeung 
hate manusa saperti gambaran anu jelas pisan, kadang bisa cukup lila nyangkrung 
dina hate jelas pisan jiga ningali gambar/foto anu bengras.
>
>Wahyu, saperti ilham tapi biasana dikaitkeun jeung risalah ka-nabi-an. Tapi 
>sacara definisi, wahyu ampir sarua jeung ilham. Ngan ari wahyu biasana anu 
>narimana teu bisa nolak kulantaran eta pikiran anu datang teh kuat pisan jeung 
>nungtut pikeun dilaksanakeun.
>
>Dina Al-Quran disebutkeun:
>
>"Jeung demi jiwa (nafs) anu disampurnakeun. Terus Anjeuna nga-ilhamkeun jalan 
>kagorengan jeung kataqwaan (kahadean)" (As-Syams 7-8).
>
>"Jeung Pangeran aranjeun nga-wahyukeun ka nyiruan: jieun ku maraneh sayang di 
>pagunungan, tatangkalan, jeung di tempat-tempat anu dijieun ku manusa" 
>(An-Nahl 68).
>
>"Jeung ku Kami diilhamkeun ka indungna Musa: susuan eta bayi (musa), jeung 
>lamun anjeun melang ku kaayaan (musa) palidkeun eta (musa)
 ka walungan (Nil). (Al-Qashas 7).
>
>Lamun urang maca ayat-ayat Al-Quran anu ku sim kuring tulis di luhur, kumaha 
>urang ngabayangkeunana?
>Naha enya eta nyiruan geus jadi nabi kulantaran narima wahyu?
>Naon bedana eta ilham anu ditarima ku indungna Nabi Musa lamun dibandingkeun 
>misalna jeung kajadian waktu kompor di dapur Nyi Iroh ngabeledug terus dina 
>kaayaan panik nyi iroh boga ilham pikeun ngabanjur kekesed ku cai terus eta 
>kekesed baseuh teh ditungkupkeun kana kompor?
>
>Anu kahiji, nya didieu pentingna ngarti kana elmu alat basa Arab lamun rek 
>nafsirkeun Al-Quran kusabab Al-Quran teh basa arab. Anu kadua, nya kudu make 
>akal sehat jeung ulah dipiheulaan ku hawa nafsu.
>
>Lamun urang nanyakeun ka ahli elmu alat basa arab pikeun nafsirkeun "waktu anu 
>diturunkeun ka nyiruan pikeun nyieun sayang", eta bakal diterangkeun panjang 
>lebar. Tapi anu pasti ku akal sehat oge urang bakal ngarti yen maksud eta 
>wahyu teh dina basa inggris mah
 disebutna "insting" atawa "instuisi". Lain wahyu jiga nabi waktu narima wahyu.
>
>Oge waktu indungna nabi Musa narima ilham, nya eta sarua wae jeung lolobana 
>jalma anu pernah narima ilham di Gusti nu Maha Suci (misalna carina Nyi Iroh 
>waktu kompor ngabeledug). Ngan kulantaran carita indungna Musa mah aya dina 
>Al-Quran nya jadi istimewa, pikeun picontoeun.
>
>Tah, jadi aya benerna lamun disebutkeun yen Gusti Pangeran teh ngajalin 
>komunikasi terus-terusan jeung makhlukna. Tapi dina beh dieu urang kudu boga 
>konsistensi. Ari dina hiji sisi ngabogaan pendapat yen Gusti Pangeran teh 
>ngajalin komunikasi jeung makhlukna (manusa, binatang, tatangkalan, batu, cai, 
>angin); ieu dijadikeun landasan yen mungkin cenah aya wahyu kanabian turun 
>samisal ka Mirza Gulam Ahmad. Tapi cenah Mirza Gulam Ahmad mah teu mawa 
>syareat anyar, tapi milu ka syareat Nabi Muhammad anu urang arab. Tah lamun 
>kitu mah atuh kabeh anu narima ilham (manusa, binatang, tatangkalan,
 batu, cai, angin) kudu konsisten oge dianggap nabi kabeh.
>
>Tah... lamun bisa ngabuktikeun yen wahyu ka Mirza Gulam Ahmad mah istimewa, 
>beda ti wahyu anu ditarima ku nyiruan, nya naon buktina? Ari wahyu ka Nabi 
>Muhammad mah eta Al-Quran buktina, jeung kasaksian yen akhlak Nabi Muhammad 
>teh nya saperti Al-Quran ayana, jadi dilaksankeun Al-Quran teh pangheulana ku 
>Nabi Muhammad sorangan.
>
>Ari lolobana jelema, boh dina ngajalanan hirup sacara umum, boh dina 
>ngajalankeun agama, nya loba ku jalan pangaruh persepsi. Malahan mah loba 
>persepsi anu geus jadi budaya. Teu kabeh persepsi sarua jeung faktana. 
>Misalna: kulantaran sagolongan jelema teh percaya pisan kana mistik, jadi 
>sagala kajadian sok disambungkeun jeung mistik. Aya gunung bitu, pasti aya 
>tafsir mistikna. Aya oray asup ka cai, aya tafsir mistikna. Aya manuk atawa 
>kukupu asup ka imah ya tafsir mistikna. Padahal bunung bitu, nya gungung bitu. 
>Oray asup ka cai nya asup weh oray ka cai. Eta
 faktana. Ari tafsir mistikna mah eta karumitan pikiran, polusi pikiran!
>
>Malahan mah kasieun dina batin kulantaran peuting poek jeung tiiseun terus 
>mawa reaksi fisik saperti muriding bulu punduk atawa asa ningali anu 
>ngabelegbeg, atawa reaksi psikologis saperti rarasaan aya anu hiber atawa 
>ngaliwat, cenah jadina aya jurig!
>
>Sakedeung deui urang rek nyanghareupan bulan Ramadhan. Pan sok jadi rajin 
>dzikir jeung sholat. Mudah-mudahan polusi pikiran, polusi persepsi teh bisa 
>ditiup tina otak (polo) jeung hate/batin urang; jadi bengras; jadi bisa 
>ningali fakta jelas pisan dina kahirupan.  Jadi bisa ngabedakeun kasieun batin 
>jeung respon fisik tur psikologis jeung ayana jurig. Bisa ngabedakeun 
>kapercayaan anu aya landasan faktana jeung kapercayaan turunan anu ngan saukur 
>cenah ceuk batur (kolot, babaturan, baraya). Amiin ya Allah yaa rabbal alaamin.
>
>
>Wallahu'alam
>
>Febi Ahmad Hazairin
>==============
>
>
>
>
>
>________________________________
> Von: Ahmad Hazairin <[email protected]>
>An: "[email protected]" <[email protected]> 
>Gesendet: 16:51 Mittwoch, 12.Juni 2013
>Betreff: Re: [Urang Sunda] kanggo kang Yadi
> 
>
>
>  
>Leres pisan kang Ahsa, perkawis anu ngurus layon kang jeng Nabi teh Ali ra 
>sareng kulawargi (ahlul bait).
>Ieu oge anu janten awal pacengkadan syiah-sunni, yen waktos Ali ra ngurus 
>layon kangjeng Nabi sareng masih dina suasana duka/berkabung, para sahabat anu 
>sanes tos ngabai'at Abu Bakar ra janten khalifah gegentos kangjeng Nabi. Tah 
>ieu anu disebut ijtihad: para sahabat anu bai'at ngangkat Abu Bakar janten 
>khalifah yakin pisan yen umat kedah enggal aya pamingpin supaya teu 
>paburencay. Ari kaum syiah mandang teu pantes eta layon kangjeng nabi diurus 
>keneh tapi geus milih pamingpin anyar gegentosna.
>
>Perkawis wahyu anu dimaksad ku kang Yadi abdi insya Allah bade ngabahas dina 
>email salajengna. Maksad kang Yadi leres, mung benten istilah sareng 
>pamilahan. Tapi benten istilah sareng pamilahan tiasa janten lepat tanggap
 utamina ka jalmi awam anu memang teu tiasa milah-milah istilah.
>
>Wallahu'alam
>
>Febi Ahmad Hazairin
>==============
>
>
>
>
>
>
>________________________________
> Von: ahsa albanduni <[email protected]>
>An: urangsunda <[email protected]> 
>Gesendet: 14:16 Mittwoch, 12.Juni 2013
>Betreff: [Urang Sunda] kanggo kang Yadi
> 
>
>
>  
>tadi abdi maca dina postingan salira perkawis tafsir Bah AA... aya
>kalimah: "Tah harita salah sawios sahabat (boa duaan) nampi pituduh ti
>Allah ta ala cara-carana ngamumule layon Kang Jeng Nabi saw"
>
>punten saha anu disebat sohabat dina eta riwayat sareng nyuhunkeun
>katerangan dina riwayat saha? sareng kitab naon?
>
>mun teu salah mah urusan ngurusn layon mah pan ti geus diajarkeun ku
>Rasulullah saw
>pan dina kahirupan keur jumeneng Nabi loba sohabat anu maot. meureun
>dipulasara... jadi sohabat anu ngurus layon Nabi tangtos diajarna ka
>Nabi. Dina buku Safiqah Bani Saidah karya O Hashem mah anu ngurus
>layon teh Imam Ali katut Ahlulbait...
>-- 
>http://www.kompasiana.com/kangahsa
>
>
>
>
> 
 

Kirim email ke