Teknik Dzikir (Kanggo Pemula) ============================= Bismillahirrahmaanirrahiim, sateuacana neda dihapunten upami seratan abdi ieu kirang sae, atanapi dianggap teu saluyu sareng kabiasaan anu aya di masyarakat muslim. Panginten kumargi sim kuring mah ahli software komputer, sok seueur buku computer programming anu judulna "Programming for Beginner", atanapi "Programming Tutorial for Dummies".
Ti keur budak keneh sim kuring di madarasah geus diajarkeun kautamaan dzikir, nyaeta inget ka Gusti nu Maha Suci kalawan ku cara maca kalimat-kalimat anu suci saperti Atsma-Ul-Husna (nami-nami Gusti nu Maha Suci). Oge ti budak keneh geus meunang pangajaran yen sholat teh kudu khusu. Tapi terus terang weh, nepi ka umur kuliah, umur 20-an, nya ngan ngarti istilah weh khusu teh meureun konsentrasi tea, fokus, tapi kumaha teknik ngalaksanakeunana teh lamun disebut teu ngarti nya hese pisan. Padahal pan lamun urang diajar penca, ku guru penca teh sok diajarkeun lengkah-lengkahna, rengkakna, oge kudu kumaha urang ngarenghap nyokot hawa ngarenghap kana dada jeung beuteung beh handap. Tapi naha ari sholat khusu ngan saukur dititah tapi carana teu dibere nyaho? Lila-lila mah aya prasangka dina diri kuring,boa-boa guru kuring oge teu nyahoeun carana sholat khusu, atawa boa-boa manehna oge sholatna teu khusu. Tuh jadi weh suudzon (goreng sangka). Pernah oge sim kuring ningali jelema dina TV praktek sholat hasil kursus sholat khusu. Pan enya aya kursus sholat khusu. Pas ningali eta jelema dina TV enyaan, ceurik ngabangingik bari sholat disenter ku kamera TV. Sim kuring pernah oge sholat bari ceurik, inget kana dosa-dosa, tapi tetep weh nanya ka diri sorangan naha bener eta nu kitu sholat khusu teh? Boa-boa sholat lebay sim kuring teh. Tapi beh dieu nakeun, sim kuring manggihan rasa, yen khusuk teh kosong. Pikiran kosong tina sagala polusi. Polusi pikiran. Pan urang teh jelema sibuk, sagala hal dipikiran, ti mimiti dahareun, rumah tangga, pagawean, pulitik, kabeh weh dipikiran, saakan-akan ku urang bisa diberesan kabeh dina waktu anu sarua; mangkana dipikiran kabeh mulek dina diri. Tah ari kosong nu kumaha? Cenah jelema kosong pikiran teh sok kaasupan jurig malah mah! Pikiran kosong ngalamun beda pisan jeung pikiran kosong tapi sadar 100%. Tah urang balik deui kana ceurik ngabangingik. Saha di milist ieu anu can pernah ceurik? Tah lamun pernah ngalaman ceurik, nya lamun geus lila pisan ngalaman ceurik diinget-inget weh; kumaha rasana saenggeus ceurik? Saenggeus rengse ceurik kumaha rarasaan? Biasana, lamun ceurikna bener, lain pura-pura (air mata buaya), saenggeus ceurik teh sok karasa 'plong'. Dada karasa hampang, pikiran tenang, bengras. Tah kira-kira jiga kitu pikiran kosong anu geus loba kaluar polusi pikiran nyingrai ngagolontor kulantaran geus ceurik. Emosi anu tadina numplek dina dana kabedahkeun ngagolontor kulantaran ceurik. Saenggeus ceurik eta dada jadi kosong tina emosi, sahenteuna ngurangan loba pisan emosi dina dada. Pikiran oge jadi teu loba anu dipikiran. Nya ari biasana mah sabaraha jam saenggeus ceurik teh geus loba deui anu dipikiran, da kitu kabiasaan jelema mah. Tapi sahenteuna dina menit-menit senggeus ceurik teh karasa hampang diri urang. Tah, coba lamun urang tiap sholat bisa asup kana kaayaan diri saperti saenggeus ceurik ngabangingik. Diri hampang, pikiran kosong tina polusi. Meureun sholat na karasa genah, tumaninah lain fisik wungkul, tapi tumaninah jiwa jeung pikiran. Tah ari ceuk sim kuring mah nu kitu sholat khusuk teh. Tapi pan hese tiap urang rek solat bisa asup kana kaayaan saperti geus ceurik ngabangingik? Tapi nu kitu teh bisa dilatih, ku latihan dzikir.... ** (catatan pinggir) Nyeri hate dina dada. Geus ceurik dada plong. Naha bener eta teh dina dada? sabenerna kaayaan nyeri hate, ngewa, amarah, eta teh kayaan psikologis. tapi sok karasa sesek dina dada, tah eta teh respon fisik tina kaayaan psikologis. ari ambek mah eta teh diri, anu ambek jiwa. ari dada karasa beurat pas ambek eta respon fisik, tapi jiwa ayana di mana nya can puguh dina dada. eta masih misteri... Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ===================
