Seratan hoded. Guaran dzikir, dikemas ku ilmiah. Sok lah sae pisan.

--- On Tue, 18/6/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:

From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Subject: [kisunda] Bagian III: Teknik Dzikir (Kanggo Pemula)
To: "[email protected]" <[email protected]>, 
"[email protected]" <[email protected]>
Received: Tuesday, 18 June, 2013, 3:32 AM
















 



  


    
      
      
      Bagian III: Teknik Dzikir (Kanggo Pemula)
========================================

Sakeudeung deui urang rek mapag bulan Ramadhan. Tah dina eta bulan pas pisan 
pikeun latihan dzikir, kulantaran dina bulan ramadhan mah aya suasana, jeung 
urang sok ngahajakeun ngalobakeun waktu pikeun nambahan ibadah. Pikeun anu tara 
puasa di bulan ramadhan, nya teu nanaon latihan dzikir oge sok dipraktekeun 
weh... :).

Niat Dzikir
===========
Saencan dzikir, mangga urang niatan pikeun ngaalusan diri. Jiwa hayang sehat, 
engkena insya Allah kana fisik oge bisa mawa sehat. Pikiran hayang sehat, 
bengras. Oge hayang wawuh ka diri urang sorangan. Oge hayang leuwih wawuh ka 
Gusti anu Ngagem Alam raya ieu. Bismillahirrahmaanirrahiim, kalawan ku 
kaikhlasan.

Omat, ulah aya kahayang anu sifatna materi. Misalnya hayang boga
 imah tina kubah emas di syurga. Hayang boga bidadari 100 urang di syurga. Omat 
ulah. Eta teh... nya jiga rada degradasi moral kitu... Kahayang nu kitu teh 
ngahambat pisan kana bebersih batin jeung pikiran, kulantaran kahayang nu kitu 
teh napel dina hawa napsu.


Fisik Jeung Tempat
==================
Fisik urang usahakeun bersih. Mun bisa mah wudhu heula. Anu tara wudhu, nya 
sibeungeut atuh. Nu penting mah urang teh sacara simbolik hayang bebersih jiwa, 
nya fisik oge kudu bersih. Terus teangan tempat anu genah. Anu kira-kira moal 
aya anu ngaganggu salila urang praktek dzikir. Di masjid alus, di imah oge 
hade. Lamun imah urang, misalna kamar urang sok dipake dzikir, maka eta imah 
teh bakal tenang hawana. Nya sahenteuna anu tempat anu sok dipake diuk ku urang 
salila dzikir.

Ulah dzikir di leuweung anu aya binantang buas, bisi urang der dihakan maung. 
Atawa katirisan ngahodhod. Boro-boro dzikir atuh kitu mah, bisa-bisa digembrong
 reungit weh nu aya.

Lamun birit urang hayang genah salila diuk, mangga didamparan sajadah atawa 
diuk luhureun bantal oge mangga (insya Allah moal bisul na bujur).

Posisi dzikir alusna bari diuk. Mangga bade sila atanapi posisi lain anu 
tumaninah anu karasa genah. Lamun pemula ulah dzikir bari ngagoler atawa 
nyarande bisi kasarean. Oge sirah urang kudu tegak tumaninah, tapi ulang 
dipaksakeun tepi ka nyeri beuheung, tapi oge ulang tungkul. Pokokna mah kumaha 
tumaninah na weh, kumaha genahna.


Praktek Dzikir
==============
Saenggeu tumaninah diuk, niat anu bener, ngucapkeun bismillah (saencana taudz 
'audzubillahiminasyzittanirraziim' oge hade). Terus tutup mata (peureum). Atur 
nafas lalaunan sing lembut, tepi karasa nafas urang stabil.
Umat Islam biasana ngalafadzkeun dzikir Asma-Ul-Husna. Tapi pikeun pemula ulah 
loba teuing anu dibaca. Lamun kuurang diibaratkeun rek nyieun api unggun, lamun 
seuneu leutik keneh ulah dibere
 suluh badag, engke seuneuna pareum. Seuneu letik mah bere dangdaunan, atawa 
ranting anu laleutik. Tah lamun loba teuing anu dibaca bisa kalahka tegang, 
hese fokus. Ke lamun seuneu geus gede ngabebela, rek dibere dahan sagede 
cangkeng oge bakal kaduruk beak. Jadi di awal saena na mah lafadzkeun weh 
kalmah 'Allah'. Ngalafadzkeun sing lembut, ulah tibeberegeg. Saluyukeun jeung 
tarikan/hembusan nafas. Lalaunan.


Kondisi Pikiran
===============
Salila praktek dzikir, sok loba pikiran datang, utamana pemula. Tah eta pikiran 
anu datang ulah dilawan, ulah diusir. Da tiap pikiran anu datang pasti saliwat, 
moal lila. Ngan lamun pikiran anu datangna loba nya jiga lila, padahal tiap 
pikiran anu datang ngan saliwat. Eta ibarat di dunya ieu moal aya anu langgeng. 
Nyawa urang oge bakal pegat, moal aya anu langgeng. Nya pikiran oge bakal 
saliwat. Ulah dilawan ulah diusir. Cukup diamati. Lamun dilawan atawa diusir 
bakal ngakibatkeun pikiran tambah
 kisruh. Bakal tegang. Jadi moal tahan lila dzikirna. Pikiran paciweuh. Jadi 
ngelehan weh. Saperti lamun urang aya anu ngajak pasea, tenjokeun weh, ulah 
diladenan. Tah lila-lila tiap pikiran anu datang bakal bosen sorangan, bakal 
indit sorangan da teu diladenan. Lamun di awal latihan dzikir loba pikiran anu 
datang saperti teu anggeus-anggeus, sabar weh. Eta teh sabenerna alam pikiran 
urang salila ieu teh jiga balong anu pinuh kucai, tah eta pikiran anu datang 
teh sabenerna pikiran anu rek kaluar. Lila-lila alam pikiran urang bakal 
tenang, bakal kosong.

Tapi nya ulang gurung gusuh hayang meunang hasil. Karen dzikir 10 menit geus 
hayang pikiran kosong. Sing sabar. Dina bulan Ramadhan bisa dipraktekeun 3x 
sapoe. Subuh, tengah poe atawa sore, jeung peuting.  Masing-masing bisa 45 
menit. Lamun can kuat 45 menit diuk dzikir, nya sakutna, 15 menit atuh. Lamun 
dina poe sibuk di luar ramadhan bisa sapoe sakali, alusna isuk-isuk.

Kanggo pemula,
 lamun ngarasa loba dosa, oge ulah waka mikiran dosa-dosa, bilih karasa beurat 
engkena, tungtungna jadi teu betah/teu nikmat dzikirna. Komo upami dosana aya 
hubungana sareng kagiatan seksual, bilih malah dzikirna kaganggu ku bayangan 
kagiatan seksual. Keun weh heula eta mah da nu atos mah atos. Gusti nu Maha 
Suci mah maha ngahampura. Ke upami tos tiasa lebet kana level khusuk sareng 
jiwa tenang, mangga bade diemutan deui oge dosa-dosa anu tos kalangung dina 
rarangka tobat sareng nyungkeun ampun ka Gusti nu Maha Suci. Sae pisan.

Kadang kala, kanggo pemula, sok hese keneh ngatur ngalarapkeun kalimat 'Allah' 
sareng ngatur nafas. Upami karaos beurat/hese keneh, mangga ulang waka 
ngalarapkeun kalimah nanaon. Mung ulah hilap sebat nami Gusti nu Maha Suci dina 
awal bade ngalaksanakeun dzikir (bismillah). Salajengna cekap atur nafas sing 
lembut. Perhatoskeun weh kaluar sareng kalebetna nafas supados pikiran teu 
kaditu kadieu.

Mangga dicobi salami
 45 menit, sing tenang, ulang aya anu dipaksakeun.


Tip & Trick
===========
Kadang kala loba pisan pikiran anu asup/kaluar salama dzikir. Sakali deui ulah 
dilawan, ulah diladenan. Tempokeun weh. Usahakeun weh tetep larapkeun asmana 
Gusti nu Maha Suci, atanapi merhatikeun nafas urang sorangan anu asuk kana 
irung terus kana dada/beuteung. Anu tiasa mraktekeun pernapasan beuteung (dian 
tin, handapeun bujal), mangga langkung sae nganggo pernapasan beuteung.

Lamun aya pikiran bandel datang deui datang deui. Cobi geura bere ngaran eta 
pikiran teh, bere label. Misalna, 'pikiran bandel' atawa 'pikiran pagawean' 
atawa label lain anu leuwih spesifik. Lamun datang deui, urang apal kana 
ngarana. Lila-lila bakal indit eta pikiran (teuing eraeun teuing kumaha, tapi 
akhirna bakal indit eta pikiran).

Oge lamun hayang gampang ngarasa hampang dada, bisa dijorong ku doa. Bayangkeun 
jelema anu ku urang dipikacinta. Tapi alusna ulah lawan
 jenis, bisi aya efek pikiran seksual. Misalna anu geus boga anak, bayangkeun 
anak urang. Atawa bayangkeun kolot urang. Terus doakan dina hate mugi 
anak/kolot urang teh bagja, bahagia. Tah tapi ulang lila teuing, urang kudu 
balik deui kana merhatikeun nafas urang, sambil ngalarapkeun kalimah dzikir.

Engke mah lamun uran geus asup kana level khusu jeung jembar manah, salilan 
jelema anu dipikacinta teh, sok bayangkeun oge jelema anu dipikangewa. Terus ku 
urang dihampura, didoakeun mugi eta jelema teh oge bagja/bahagia. Bayangkeun 
jelema anu geus nyieun hate urang nyeri, hampura ku urang, doakeun sing 
bagja/bahagia. Eta efekna luar biasa, saperti aya panyakit kanker/tumor dina 
dada urang diangkat jadi cageur.

Larangan
========
Aduh cenah, uing mah ngora keneh, resep keneh dugem (dunia gemerlap). Kumaha 
atuh lamun dzikir engke bisa keneh teu ka dugem teh? Ah eta mah mangga 
dipertimbangkeun nyalira. Da sagala anu aya di dunya mah moal aya
 anu langgeng. Dugem oge moal langgeng! Percanten ka sim kuring. Upami ayeuna 
resep dugem, pasti bakal aya eureuna. Praktek dzikir ieu sae dipraktekeun ku 
saha wae oge. Kunu sok dugem, kunu sok mabok, mangga geura dicobian. Sahenteuna 
atuh niatkeun weh kanggo kasehatan jiwa. Pan ari jiwa mah sadayana oge hoyong 
sehat. Saha atuh anu hoyong gering jiwa? Gelo weh eta mah meureunan he.. he.. 
he..


Tabah Jeung Sabar
=================
Ieu praktek dzikir teh kudu dilakukan terus-terusan, mun bisa mah unggal poe. 
Lamun poho kaliwat, ulah sedih, ulah ngagogoreng diri. Keun weh da jelema mah 
loba kasalahan. Ngan lamun aya waktu lakukeun deui weh ieu praktek dzikir teh. 
Pangaruhna ka tiap jelema beda-beda da jelama na oge atuh beda. Aya anu gancang 
jiga lumpat, hatena plong, jadi tambah giat dzikirna. Biasana nu kitu jelema 
hade hate ti tadina. Aya oge anu rada hese, karasa karek 10 menit oge suku 
cangkeul, loba pikiran araraneh asup, nya eta artina
 urang teh jalma biasa, sok sing sabar weh latihan.

Upami tos praktek sababaraha bulan atanapi taun... Karaos pisan mangpaatna, 
mangga wartosan sim kuring... :)
Sae pisan oge upami emut ka nami sim kuring teras ngado'akeun sim kuring, hatur 
nuhun nun ku kanyaah....


Wallahu'alam
Wassalaamu'alaikum wr. wb.


Febi Ahmad Hazairin
===================





    
     

    
    






  








Kirim email ke