Fiksimini - Nggak Lével Ku Neneng Yatikurniati
“Bu, nyungkeun tulung! Usulkeun, supados abdi ngalih kamarna. Abdi alim sakamar sareng Pa Ontohod.” Ceuk Orowodol, klién perkara prodéo, tersangka maling hayam. “Naha? Kapanan sakamar jeung manéhna mah bakal ngeunah geura. Manéhna bakal mawa a-sé, kulkas, tivi, dispénser.” Cekéng téh. “Ih...! Nggak lével atuh, Bu.” “Tong sok minderan. Maok hayam jeung koruptor, sarua baé, maling.” “Sanés minder, Bu. Justeru abdi ngaraos langkung luhur batan manéhna.” “Baruk?” “Kapanan manéhna mah lambangna ogé beurit, sedengkeun abdi mah, careuh, tangtos langkung luhur ajénna. Careuh mah taina ogé sok dikoréhan, sugan aya kopi, tah kopi nu geus ngalaman perméntasi di peujit careuh, hargana bisa puluhan kali lipat ti harga kopi biasa. Beurit mah pimanaeun bisa.” Orowodol nerangkeun. “Manéh nyaho ti saha?” “Saur Bu Nénéng, mandor kebon kopi, anu pikasebeleun tur judes téa, geuning.” “Kumaha manéh waé ah!” Jawab téh, bari néké tarangna.
