NIAT PUASA
==========

Assalaamu'alaikum wr. wb.

Dina agama Islam, niat ngalakukan hiji pagawean teh penting pisan, dinyatakeun 
"amalan teh kuhama niatna'; jadi saumpama niatna hade maka amalan teh bakal 
dipeunteun hade, tapi lamun niatna goreng maka amalan teh bakal dipeunteun 
goreng.

Kitu oge dina ngalaksanakeun ibadah puasa, salah sahiji rukun-na teh niat, 
ngahaja niatkeun rek puasa. Puasa wajib teu sah lamun ti awalna euweuh niat rek 
puasa. Tapi lamun puasa sunat mah meunang niatna di tengah jalan; misalna rek 
sarapan isuk-isuk teu kasampak aya dahareun pisan di imah teh, ah sakalian weh 
rek diniatan puasa poe eta tepikeun ka magrib, eta meunang jiga kitu.

Niat teh penting pisan, salain eta rukun ibadah, niat oge memang dina 
kanyataanna teh gede pisan kana kasadaran ibadah urang. Jadi ibadah teh kudu 
sacara sadar dijalanan. Lamun hiji ibadah teu sacara sadar dijalanan nya 
mangpaatna bakal leutik kana diri urang. Ieu oge anu dimaksud istilah khusuk 
teh. Jadi ibadah anu khusuk teh anu sacara sadar jeung sacara mawas dijalanan 
ku urang. Ibadah puasa anu khusuk teh jadi nyaeta ibadah puasa anu ti terbit 
fajar nepikeun ka magrib teh dijalanan kalayan ku kasadaran jeung mawas.

Pikeun ningkatkeun kualitas puasa, misalnya ku urang bisa diniatkeun sacara 
sadar:

1. Moal dahar moal nginum ti subuh tepikeun ka magrib
2. Moal mikiran seksual salila puasa
3. Rek ngahapus parasaan ambek, ngewa salila puasa
4. Rek ngahapus kahayang anu mawa kana karakusan (loba) salila puasa
5. Rek ngaleungitkeun parasan panas hate, gundah gulana dina hate
6. Jrrd

Tah lamun geus diniatkeun kalawan ngahaja jeunbg dirarasakeun jiga di luhur, 
lamun pas keur puasa kaalaman naon anu geus diniatkeun rek disingkirkeun salila 
puasa, pasti bakal langsung karasa. Tapi lamun teu diniatkeun bisa kacolongan.

Lamun pas keur puasa karasa kaalaman naon anu geus diniatkeun rek disingkirkeun 
gancang urang nenangkeun diri. Misalna pas keur puasa inget kana kajadian anu 
geus kaliwat anu urang teu suka, nyel dina hate karasa keuheul jeung ngewa; tah 
gancang urang narik napas panjang lalaunan terus kaluarkeun oge lalaunan bari 
gerenteskeun dina hate yen urang geus ngahampura naon anu geus kaliwat, urang 
geus ikhlas; ku puasa ieu urang hayang bahagia, moal mamawa beban hirup anu 
geus kaliwat.

Lamun keur puasa, utamana anu bujangan keneh, ningali lawan jenis anu hade 
pisan, gancang balik deui kana niat, yen urang rek narimakeun lain dina waktu 
keur puasa pikiran nu kitu mah, ari keur puasa mah kudu bisa ngendalikeun 
pikiran tina nu kitu. Atuh kalawan kukaikhlasan eta pikiran ka lawan jenis teh 
dihapus lalunan tina pikiran jeung parasaan.

Tapi lamun godaan datang gede pisan, misalna amarah gede, kahayang gede, urang 
oge kudu sabar. Lamun kakuatan batin urang mereketetet keneh ulah dipaksakeun 
nepikeun ka gundah gulana. Coba weh lalaunan da sagala oge aya prosesna, ulah 
dipaksakeun. Lamun dipaksakeun biasana batin kalahka gusar. Samakin dilawan 
samakin gusar. Eta bahaya, karna gusar teh kadaharan setan. Bisa-bisa malah 
pegat kakuatan iman/batin urang. Lamun geus pegat sok jadi kaleuleuwihi, jiga 
kagok ah dilanggar weh sagala anu geus diniatkeun teh. 

Jadi lamun can kuat nedunan naon anu geus diniatkeun nya sabar, engke poe 
saterusna urang anyarkeun deui niat jeung usaha. Lila-lila bisa jiga sapu anu 
nyere-na ngalobaan. Sabeungkeutan kuat. Basa nyere-na hiji dua mah can bisa 
dipake nyapu runtah anu ngotoran batin. Tapi lamun nyere-na loba mah gampang 
nyapu gangguan batin teh. Jadi lamun teu kuat, nyere ulah dipiceun, 
dikumpulkeun deui dina poe isukna. Tah lamun prosesna lain sapoe dua poe, tapi 
taunan oge sing sabar weh. Terus biasakeun nyieun niat hade unggal poe.

Ieu bab kakuatan niat anu bisa nyapukeun kokotor batin urang. Saenggeus niat 
teh urang kudu rajin mariksa kaayaan batin ku kasadaran. Biasana anu loba 
ngahinghileudan batin teh misalna:

1. Amarah jeung kangewa
2. Rasa teu puas
3. Kahayang
4. Mangmang/ragu-ragu

Eta kondisi mental jeung parasaan teh kudu rajin dipariksa. Lamun geus biasa 
mariksa batin biasana lamun eta kondisi mental jeung parasaan datang teh aya 
alarm disada dina batin urang. Gancang urang ngondisikeun kasadaran diri, 
gerenteskeun weh dina hate, misalnya: "kuring hayang bagja, embung ambek"; 
"kuring hayang bagja, embung ngarasa teu puas", atawa "teu puas euweuh gunana 
dan moal jadi hade ku teu puas, kuring hayang puas naon wae kondisina", jeung 
saterusna. Bisa dibantuan ku ngatur napas anu lembut kaluar asup dada urang 
lalunan. Insya Allah ku kituna urang keur diajar jadi jelema khusuk tur 
ngabersihan batin urang. Urang jadi jalma eling: "eling-eling mangka eling, 
rumingkang di bumi alam... darma wawayangan bae...".

Contoh kahayang: misalna karek oge isuk-isuk atawa beurang geus dicipta-cipta 
arek buka ku kadaharan naon wae. Atuh bulan puasa tek konsumsi dahareun jadi 
ningkat. Eta teh napsu. Atuh alus urang rek diajar, diniatkeun ti isuk-isuk 
moal mikiran dahareun jang buka engke magrib. Diniatkeun rek ikhlas buka 
sakasampakna engke magrib aya dahareun naon wae rek ditarima kukaikhlasan. Nya 
ibu-ibu lain teu meunang masak, ngan meureun tong diaya-ayakeun teuing. Cukup 
kadaharan anu nyehatkeun awak jeung teu loba teuing boh dina volume boh dina 
rupa-rupana.

Jadi da moal aya jalma anu teu kahinghileudan ku parasaan goreng, kacuali 
jelema anu geus disucikeun batinna ku Gusti nu Maha Suci. Ari jalma biasa mah 
nya biasa kahinghileudan batin goreng. Tapi kuurang bisa dibersihan ku niat 
hade jeung ku mariksa batin terus-terusan.

Wilujeng puasa/shaum ramadhan, hapunten upami aya tulisan-tulisan sim kuring di 
milist anu mancing antipati dina batin, nyuhungkeun diikhlaskeun dihapunten 
dihapus tina batin. Hatur nuhun.

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================

Kirim email ke