Punten bade ilubiung ngeunaan sholat anu bener.
Anu diserat ku sim kuring di handap ieu teh teori ti jalmi2 anu bijaksana. Sim kuring oge ari ngamalkeunana mah loba pisan titajong keneh. Hese atuh da, kudu sabar, pantang nyerah. Sholat khusuk mawa kana kamulyaan. Pikeun ngahontal kamulyaan, saurna kedah dilengkepan sapertos di handap ieu: 1. Sholat khusuk, atawa ibadah lainna khusuk 2. Boga pandangan anu bener 3. Boga kafahaman anu bener 4. Boga kabijaksanaan Khusuk: sadar eling kana naon anu keur dipigawe. Jadi lamun keur sholat teh eling pisan yen diri teh keur sholat. Ulah kabengbat ku pikiran anu lian. Ieu pakaitna jeung pikiran. Anu ngajadikeun diri jiga poe ieu teh nya pikiran urang anu gawe mang taun-taun ngalahirkeun karakter urang. Khusuk oge bisa disebut hening jeung sadar. Jadi lain hening tapi teu sadar, eta mah kapiuhan. Hening kulantaran fokus teu mikiran anu lian salain dina sholat misalna mikiran bacaan. Sadar kana bacaan artina ngarti kana naon anu dibaca. Boga pandangan bener: Boga pandangan anu bener kana fakta-fakta kahirupan. Ieu datangna tina diajar, tina elmu. Misalna pandangan yen hirup teh teu langgeng. Yen sagala oge bakal robah, moal aya anu teu robah. Sok weh tingali diri urang, buuk ngabodasan jadi huis. Huntu barolong atawa ompong. Kulit meotan. Moal aya anu langgeng. Naha atuh kalakuan diri di dunya jiga rek hirup langgeng wae? Terus sagala oge robah. Hate urang oge robah. Jadi sholat kadang khusuk kadang henteu? Ulang kuciwa teuing lamun sholat loba gangguan. Lakukeun weh sing sabar. Boga kafahaman anu bener: kafahaman kana fakta-fakta jeung proses kahirupan. Ieu oge datangna tina elmu jeung diajar. Kafahaman teh lanjutan tina pandangan anu bener lamun geus 'mengendap'/'namper' dina diri jadi kafahaman. Misalna faham yen sagala oge bakal balik ka Gusti Allah. Jadi kalakuan teh ulah jumawa jiga moal pernah balik ka Gusti. Kaasup kana faham teh oge ngarti adab-adaban. Adab ibadah. Adab gaul jeung batur. Adab ngudag karidoan Gusti. Misalna sok aya jelema tarangna hideung urut sujud, tapi lamun batur nanya atawa batur pamitan tara malire, tara ngalieuk, ngajawab bari jongjon weh misalna maca atawa migawe pagaweana, teu daek ngahormat batur ngalieuk heula beungeutna kanu ngomong tanda adab jeung hormat ka papada jelema. Atawa aya jelema ngarasa hatena narima sejuk, narima ilham, atawa kajadian aheng. Terus manehna ngarasa istimewa. Eta teu boga adab. Akhirna nutup kana jalan anu leuwih hade. Manggih jalan buntu karna teu boga adab, padahal jalan panjang keneh ka hareup. Boga Kabijaksanaan: bisa nempatkan sagala rupa teh dina tempatna anu cocok tur hade, pas situasina, pas kondisina jeung pas waktuna. Ieu teh hese. Kabijaksanaan bisa oge dianggap hasil tina 3 (tilu) kaayaan anu saencanna: khusuk, pandangan bener jeunga faham. Senggeus bijaksana oge bakal muter: nambahan khusuk, pandangan jadi leuwih bener deui, jeung oge jadi leuwih faham deui. Akhirna leuwih bijaksana deui. Terus weh muter, ngajadikeun jalma anu leuwih hade deui tingkatanana. Sakali deui atuh, bijakasana lamun urang teh bisa hening/khusuk batin tur boga pandangan bener jeung kafahaman kana fakta kahirupan. Kabalikanana, nyaeta jelema anu resah, anu ragu, anu teu boga kanyaho, anu sok nuturkeun beja teu puguh, nuturkeun liarna pikiran. Lamun urang ngadoakeun anu ulang taun: sing panjang umur, tambah kasep/geulis, tambah beunghar. Padahalmah moal aya anu panjang umur tambah geulis/kasep, nu aya oge nu panjang umur mah tambah meotan huntu ompong awak reyod. Lamun kuurang didoakeun: sing panjang umur, kulit peot huntu ompong awak reyod. Pan bakal ambek tah jeleme anu didoakeun. Padahal eta teh fakta. Tapi da ari jelema mah geus nyaho oge angger weh embung narima. Tah eta teh teu faham. Da lamun faham mah bakal narimakeun panjang umur teh kulit peot, huntu ompong awak reyod. Saenggeus narima terus antisipasina kumaha, utamana ngaalusan batin jeung siap-siap rek paeh, rek mangkat. Nya tapi meureun teu adab oga lamun urang ngadoakeun jelema sing panjang umur huntu ompong awak reyod. Bisi ambek, teu adab meureun nya he... he.. he.. Hal-hal diluhur teh amis pisan ngomongkeunana/nuliskeunana, tapi ngalaksanakeunana hese, ngajadikeun jadi ciri diri urang hese pisan. Tapi nya pan kawajiban urang mah usaha sanajan kudu jungkir balik. Lamun hayang gancang boga pandangan bener jeung faham kudu boga guru anu bener, babaturan anu bener, rajin neangan elmu. Digayem, teu langsung diteleg sagala rupa caritaan batur, kaasup caritaan sim kuring, nun. Sakitu heula panginten. Hatur nuhun. Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: Abbas Amien <[email protected]> An: [email protected] Gesendet: 4:14 Mittwoch, 17.Juli 2013 Betreff: Re: [Urang Sunda] Shalat nu bener Upami urang nyerat hiji article; kedah ;ogis sareng objektive. Da kapan kitu ari basa jurnalisna mah. Hiji tulisan nu diawang2 nya moal jaddi tulisan nu objektive atuh. Naha tulisan logis jeung objektive geus mutlak ? Absolut ? Nya keukeuh we relative. Ngaranna oge hiji pamikiran, nya teu leupas ti na masalah "debatable"; ngan naha eta tulisan aya hartina ? Tah eta nyoko ka na logika tea. Tong ngaharep tulisan kuring 100% bener ! Nu kedah ditingali, naha cukup logis atawa asal CUAP !!!! Sok atuh mangga serat kainyah pikiran kang Yadi; sugan jadi mangpaat atawa BI Paat keur balarea. -------------------------------------------- On Tue, 16/7/13, Yadi Supriadi Wendy <[email protected]> wrote: Subject: Re: [Urang Sunda] Shalat nu bener To: "Kusnet" <[email protected]> Received: Tuesday, 16 July, 2013, 1:50 PM Abbas Amien: >Cara Shalat nu BENER Ari cek kuring mah bener henteuna shalat ditangtukeun ku hasil ahir. Naon kitu hasil ahirna? Numutkeun Alquran shalat teh ngahindarkeun tina amalan nu mungkar. Jadi mun manusa msh ngalakukeun amalan nu mungkar, sanajan ungked-ungkedan atawa acong-acongan shalat tiap waktu, ari kalakuanana kitu keneh mah, can kaasup geus ngalakukeun shalat nu bener. Nu benerna mah, manehna geus ngalakukeun gerakan siga shalat. Sanes lepat nu tos didugikeun ku Ki Abbas, mung hese ngariksana. Bisa kajadian, rarasaan tos husu, pas nanya ka sorangan, husu tacan nya tadi teh? Sarua we jeung bohong. Punten ah.... Wassalam, -Yadi Supriadi Wendy-
