Sim kuring pernah dipapatahan ku hiji kolot anu bijaksana. Kumaha carana hayang sholat khusuk. Cenah kudu boga pandangan bener heula. Lamun misalna urang sholat, aya barudak gandeng arulin gogorowokan, atawa lulumpatan. Atawa aya jelema di luar jandela imah urang ngobrol tarik pisan jiga urang gunung anu teu apal kana adab. Wajar lamun urang ngarasa kaganggu. Urang hayang nyarekan barudak atawa jelema anu ngobrol tarik deukeut jandela imah. Bisa oge kitu. Tapi eta pandangan can bener.
Pandangan anu bener, anu mawa kana kafahaman, yen barudak mah alamiah arulin bari gandeng. Jelema oge alamiahna lolobana teu boga adab lamun can kalatih. Jadi naon anu alamiah geus aya dina tempatna. Anu teu dina tempatna mah pikiran urang anu ngarespon ka barudak anu gandeng jeung jelema anu ngobrol tarik. Budak gandeng, urang sadar. Jelema ngobrol tarik urang sadar. Tapi kudu ngan tepi ka dinya. Ulah dituturkeun ku pikiran urang kajadian eta. Lamun dituturkeun aya dua kamungkinan: urang ambek sholat jadi teu khusuk, atawa urang usaha ngalawan batin tipepereket supaya eta kagandengan teu kadenge. Moal bisa lamun indra ceuli urang can bisa dikendalikeun teu ngadenge sora, can nepi kadinya meureun kamampuan urang. Jadi lamun dilawan eta sora gandeng, kalahka hate gusar. Hate gusar teh goreng. Hate kaayaan tipepereket oge goreng. Hate kudu nyalse. Hate kudu ngamaklum alamiah alam. Teruskeun gawe urang, nyaeta gawe sholat. gandeng nya gandeng, gandeng mah kitu. Gandeng mah alamiah. gandeng mah nu kitu. teu kudu dituturkeun ku batin. Gandeng teh sora. Aya oge 'gandeng anu lian'. Dina posisi gandeng bisa 'pikasebeleun', bisa 'kahayang', bisa 'bogoh', 'bisa napsu birahi', bisa 'agul', bisa 'atoh pisan'. Kabeh oge 'nu kitu'. teu kudu dituturkeun. ngan saukur sadar, aya nu kitu. Lamun nempel na hate, jadi 'illah', ngaruksak kana 'laa ilaha illallah'. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ==============
