Woooow hade Mang Yadi, Lain nangkep meureun bisi dihubungkeun ka nangkeup nu 
nangkarak xixixi tapi napsirkeun :D.

Ngan hanjakal palebah No. 2 nu teu meunang ngadeukeutan jinah hahaha.... Mamang 
rada kurang sepakat euy hahaha. Estuning atuh mani estuning xixixi.

Ceuk Al Ustad Al Mukarom Al Exis ieu teh ayat mutasyabisyuuuul matak lieuuuur 
mun dibaca nikmat mun dilakonan hehehe.

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: YADI supriadi wendy <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 19 Jul 2013 16:29:45 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Cara Kuring Nangkep Ayat-Ayat Quran



Dulurs,

Ieu mah babagi we, pedah salami ieu dina milis mani rame nyawalakeun 
Adam, nu di antarana teu cocog pamanggih naha Adam teh manusa munggaran 
atawa mung saukur nabi munggaran? Ari nu jadi rujukan mah sarua, ayat 
Quran nu sarua, sarua oge tarjamahna. Tapi kunaon bet jadi beda dina 
panampaanana?

Tah ieu maksud kuring teh , kulantaran kuring kalibet di dinya, jadi 
hoyong babagi ngeunaan pamanggih kuring dina nangkep ayat-ayat Quran. 
Kitu oge pami dulurs rido nampina.

Quran teh eusina dawuhan Allah ta ala nu eusina estu pinuh ku berkah, 
nu moal layu kabayuan atawa keuna ku sawawa nepi ka iraha bae oge. 
Kukituna pasti seueur permisalan-permisalan di lebetna.

Quran teh ditulisna dina basa Arab, dimana urang can tangtu bisa 
langsung ngahartikeuanana, sanajan nu ditulis kitu, tapi kudu ditingal 
sakurilingeunana.

Quran teh Kitab Suci nu pangsampurnana, jadi pamohalan ayat-ayatna 
pabentar jeung ayat-ayat sejenna. Samalah estu bakal silih nguatkeun 
hiji ayat ku ayat sejenna.

Jeung rea-rea deui, semantara cukup sakitu bae heula….

Di handap ieu sababaraha conto nu dibantun ti ayat-ayat Quran, tapi 
dina neuleuman maksudna  estu kudu ngagunakeun kamotekaran dina 
nerapkeun hal-hal di luhur tadi.

1.      Aya larangan teu meunang nyebut “Ah” ka indung. Kulantaran nu teu 
meunang teh nyebut “ah” wungkul, naha mun nganyenyeri meunang? Sanes 
kitu pan? Tetep teu meunang, komo malah!

2.      Aya larangan teu meunang ngadeukeutan jinah. Jadi mun langsung 
ngalakukeun jinah, meunang? Ih tetep we teu munang!

3.      “Panangan Allah aya di luhureun leungeun anjeun” (ayat ALquran). Ari 
kitu Allah kagungan panangan siga manusa? Pasti kaharti lah…

4.      “Kami  nu nurunkeun beusi”. Tah naha beusi teh turun ti langit siga 
halna cai hujan? Sanes kitu, tapi memang beusi, mangrupi bijih beusi, 
tos aya dina jero beuteung bumi.

5.      Dina An Naml, aya ayat nu rada “porno”, “dan ia menyingkapkan kain 
dari betisnya”. Simana horeng kalimah eta teh mangrupa paribasa Arab nu 
hartina “siap pikeun digawe”. Sami hal mun urang narjamahkeun “ringan 
tangan”, omat ulah jadi “hampang leungeun” tapi kudu “daekan”.

6.      Jeung rea-rea deui…..

Tah kitu cara kuring di antarana nu dipake pakarang pikeun nagkep harti 
ayat-ayat Alquran sok sanajan sacara leterlek hartina kitu, tapi 
maksudna can karuhan kitu.

Jadi cara kuring dina nangkep harti “Kami rek ngajadikeun khalifah di 
bumi”, sami halna sareng ayat “Kami ngutus Musa ka firaun”, teu kedah 
dihartoskeun Nabi Musa as langsung ti langit diturunkeun di pakarangan 
istana karajaan firaun, tapi sacara alamiah Nabi Musa hirup kumbuh di 
lingkungan firaun.

Oge saperti dina AlMaidah “dan engkau menyembuhkan orang-orang buta dan 
yang berpenyakit kusta dengan perintah-Ku; engkau membangkitkan yang 
telah mati dengan izin-Ku”, kuring di dieu ningali konteks-na, nyaeta 
Nabi Isa as salaku dokter rohani – sanes dokter jasmani (physician). 
Jadi nu dijageurkeun oge pasti moal jauh tina halna ahlak. Mun lolong, 
pasti lolong hatena, mun kusta, pasti hatena nu korodok. Kaasup mun 
maot, pasti maot rohanina, alias tos teu ngabogaan budaya hade.

Sementawis sakitu bae heula, da pami diteruskeun mah boa moal beak dugi 
ka maghrib. Padahal indung budak yeuh nungguan di Bandung.

Wilujeng bobor shaum…….
(Mangkade pami buka sareng sate kambing, pastikeun kambingna nu tos 
bisa ngojay)


-- 
--
Wassalam,

Yadi Supriadi Wendy
.: dikirim ku kadeudeuh :.

Kirim email ke