ha..ha..ha...ha....aduh teu kuat hayang seuri, nya kitu geus fitrah jadi lalaki 
hayang boga pamajikan deui, teu hipokrit uing oge hayang, ngan euweuh bikangna 
anu daekeun ka uing...he..he..he.. 



________________________________
Dari: mang kaby <[email protected]>
Kepada: Senyum-ITB <[email protected]>; Alumni IPB 
<[email protected]>; Kota Bogor <[email protected]>; 
Baraya_Sunda <[email protected]>; UrangSunda 
<[email protected]>; Kisunda <[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 16 Juli 2013 16:37
Judul: [kisunda] Hayang Nyandung

  
Kang Emod boga niat hayang nyandung. Mun bebeja langsung ka pamajikana sacara 
blak2 an sieun ngambek jeung teu ngidinan, jadina nulis sajak weh ka pamajikan 
na Enok, kieu sajakna teh !!

Mamah sayang, beubeulahan hate, upami mamah lir ibarat bumi, nya papah 
panonpoena anu nyaangan unggal waktu...
papah nu salawasna nyorotkeun cahaya..nyaangan bumi.......
Tapi papah perlu nyebutkeun, yen Gusti Alloh teh teu nyiptakeun bumi wungkul, 
tapi jeung planet-planet nu sejenna. Eta planet teh sami, pada-pada perlu 
kasinaran. Jadi,,, mamah sing rela upami papah boga maksud hayang nyinaran 
planet nu sejenna. Kanyataan kitu teh mangrupa kodrat, nu kudu ditarimakeun ku 
mamah....

Sa eunggeus maca eta sajak, gutrut Neng Enok ngajawab ku sajak deui....:

Papah, panutan mamah
upami papah leres panonpoe anu salamina nyaangan ka bumi sareng ka sakurilingna 
kalawan adil, mamah rela cahaya papah di sumorotkeun ka planet nu sanesna
Tapi mamah apal, gagaduhan papah mah apan sanes panonpoe,...... mung saukur 
LILIN PONDOK, anu nyaangan kamar urang oge kakalicesan, lir bohlam 5 watt...... 
nu kadang cahayana nepi kadang henteu . . janten ... upami papah rumasa gaduh 
LILIN PONDOK, ulah nyoba-nyoba hayang nyandung,...... bisi di ragaji KU AING 
dibeakeun nepi katungtung na, kahartii ?? Sok pikiran tah ku sia... aing rek ka 
cai heula...!!!

Wilujeng Keom bari Ngabuburit wkkkkkkk.
nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

Kirim email ke