Bah Oman, mun japrikeun ka uing nu lengkepna. Nyaan kasep, bakal awet anom Nuhun
2013/7/22 H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]> > ** > > [Attachment(s) <#140045ee00d736f4_TopText> from H. Abdurrohman M.Sastra > included below] > > Sampurasun, > Tah geuning Bah Anom Oca gugah.... Mugia sadayana aya dina ginanjar > kawilujengan. Perkawis "AING" dina diri, sim kuring dina tahun 1995 > ngadamel "Setra Karesmen" anu dijejeran ku mitra Tembang Cianjuran " > Kancana Sari " pingpinan sdrk. Endang Sukandar S.Sen, MA, judulna " Nyungsi > Sajatining Diri". Ieu teh kenging nyarungsum tina seratan karya "RH. > Sulaeman" sareng "RH.H.Mustopa" (tahun 1901) ti Tarogong (Selaawi) Garut. > Sabagian tina rumpakana mangga kasanggakeun tiasa diuninga dina lampiran > kumargi panjang. Upami baraya hoyong kagungan lengkep bari ngadangukeun > mamaos ku wanda Tembang Cianjuran, tiasa nyuhunkeun wae ka "Radio Baraya > Sunda", anu kagungan arsipna. Eta teh sok disiarkeun dina sasasih sakali ku > Kang AHAM Sastra (pun adi). Mugia aya mangfaatna. > Cag > > ------------------------------ > *From:* Ahmad Hazairin <[email protected]> > *To:* "[email protected]" <[email protected]> > *Sent:* Monday, July 22, 2013 7:38 AM > *Subject:* Re: [kisunda] Re: Trs: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga > > > Sae pisan, alhamdulillah.... > > "SAHA ATUH SI 'AING' TEH ? > NYETA ANU "LEUWIH DEUKEUT BATAN BATAN URAT BEUHEUNG" SORANGAN TEA LAH !" > > "Si aing palsu", karana sasab: aya panto-panto indrawi, jalan asup, trus > kana pikiran, trus namper dina parasaan, trus ngaguluntung jadi ego. > Tina ego jadi asa aya si aing, si aing asa boga itu jeung ieu. Tapi jalma > anu maluruh diri, bakal manggihan yen si aing teu euweuh. Anu aya oge "SI > AING" anu leuwih deukeut tibatan urat beuheung sorangan. > > Alhamdulillah, hatur nuhun. > Wallahu'alam > > Febi > === > > > ------------------------------ > *Von:* Roza R. Mintaredja <[email protected]> > *An:* [email protected] > *Gesendet:* 2:49 Montag, 22.Juli 2013 > *Betreff:* [kisunda] Re: Trs: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga > > > SAMPURASUUUN ! HAMPURA INGSUN...._/i\_ > > SA-WARGA. SA WA RA GA > HARTINA SAKUMPULAN MANUSA ANU GEUS HARTI KADIRI NA. > > WARGA ,TEU ASAL WARUGA NA WUNGKUL , TAPI OGE JEUNG SUKMA NA > ANU GEUS GUMULUNG SATANGTUNG ,TANGTUNGAN DINA KAMANUSAAN. > > NGAWARUGA SUKMA NA, NGARAGASUKMA ...SA WA RAGA, SAWARUGA > DINA HARTI MANUNGGALING KAWULANING GUSTI. > GEUS EUWEUH JARAK ANTARA ABDI GUSTI JEUNG GUSTI ABDI . > > MANUSA ANU GEUS HARTI KA "DIRI" NA, > NYETA GEUS APAL SAJATINING DIRI NA, SAJATINING MANUSA NA. > > LIEUR AH........ > KE KE KE...TAPI NAHA ATAWA > KUNAON NEPI KA AYA HIJI KARAJAAN DISEBUT / DINGARANAN "KADIRI" (KEDIRI) ? > BEUH ! > > SAJATINING DIRI NYETA > MANUSA ANU GEUS WANOH ANTARA 'AING' JEUNG SI 'AING' NA. > SAHA ATUH SI 'AING' TEH ? > > NYETA ANU "LEUWIH DEUKEUT BATAN BATAN URAT BEUHEUNG" SORANGAN TEA LAH ! > > JADI OMAT, ULAH NEANG KA LUARRRR...SABAB BAKAL SASAB > > KUMAHA CARA NA? > > LOBA PADIKA/METODA JEUNG BAG-BAGAN CARANA. > > KI YAYI, KAI , > KAI TEH TUTUWUHAN TANGKAL ANU PADET, HEURAS, TANGTUNGAN KA "RUHUR"NA. > TANGKAL NAON NGARANNA? > TANGKAL "JATI" > > SAWARGA, SAWARUGA TEH GEUNING AYA DINA AWAK MANUSA > MANUSA ANU GEUS APAL , > MANUSA ANU GEUS NYAHO DI NYAHONA > MANUSA ANU GEUS WANOH > MANUSA ANU GEUS GUMULUNG > JEUNG ... > SA JATI NING DIRI NA !!! > > KI SANAK, KI YAYI, KI DULUR... > GEURA GUAR, GEURA TEANG SI "AING" > > MARIKITAHAYUUUUUUUU......! > > > CAG RAMPES NUN. RAMPA SALIRA ! > > NHN*R3M > > > > > > > > > > > > > > > > > >
