Hade Mang Yadi terus pedar euy.... Asa ngaji euy beneran :). Resep pisan.. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com
-----Original Message----- From: YADI supriadi wendy <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 22 Jul 2013 23:18:06 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] kun faya kun = abakadabra? Dulurs, Sok sering kakuping, naha teu yakin "kun faya kun"? Ih kantenan bae percaya mah, mung kumaha heula jalanna. naha siga "aba kadabra" (=baca sulap, sakeredet mata)saputangan langsung robah wujud jadi kembang? Atawa patarosan ti kuring, cikan kajadian naon nu tos kasaksian di alam ieu ku fenomena "kun faya kun" teh saharita keneh jadi? Asana teh teu aya nya.... Duka pami kuring kabolosan mah. Ari salila nu ku kuring kaharti, hukum alam atawa sunatullah teu aya nu robah (itu jangji Allah dina Alquran). Ari kun faya kun teh kaitanana sareng iradah Allah ta ala, hartosna pami hasil ahir tos ditangtoskeun ku Allah PASTI jadina pasti jadi! Contona bae pami aya nonoman jeung mojang ngalakukeun hubungan siga salaki jeung pamajikan, terus dipastikeun (karena iradah Allah) jadi orok, pasti jadi orok. Tapi kudu nunggu salapan bulan heula. Tah ieu proses, proses ieu merlukeun waktu lilana salapan bulan. Sugan bisa dirurusuh jadi tilu minggu, moal tiasa! Conto sanesna, dina salah sahiji ayat Alquran disebatkeun yen Allah ta ala nyiptakeun langit jeung bumi lengkep sareng eusina dina genep poe. Sapoe etangan Allah sami sareng sarebu taun itungan manusa. Tah ieu mangrupi isyarah fenomena "evolusi" perkembangan langit jeung bumi. Mun dilebarkeun hubunganana jeung perkembangan karohanian manusa, teu jol-jol diciptakeun K Nabi Muhammad saw, tapi diutus heula nabi Adam as, diutus heula Nabi Musa, dugi ka Nabi Isa as, anu kanabianana mung laku kanggo hiji kaum wungkul. Tos dianggap pantes, nya ahirna lungsur K nabi Muhammad saw salaku nabi pamungkas nu nyandak syariat sampurna pikeun sagala kaum di sakuliah dunya dugi ka kiamat. Tah ieu nu ceuk kuring fenomena kun faya kun jadi Muhammad, peryogi proses nu meryogikeun waktos salami genep rebu taun ti kawit diciptakeun Nabi Adam as. Kitu manawi ti kuring, ngahartikeun kun faya kun..... -- -- Wassalam, Yadi Supriadi Wendy .: dikirim ku kadeudeuh :.
