Sampurasuuun - Hampura Ingsun...! Excuse Me. ... _/I\_

Mang Kabayan lan kidulur nu luhung sampulur, memang dina pasualan ngaguar
elmu mah ...beuh !. Apanan ceuk Kitab2 jumhur  oge geus teu bireuk deui
dina carita ngaguar elmu teh, lamun tintana saloba cai laut di samudra,
moal ka untup tah!.

ieu yeuh lur....aya kecap Sunda aheng, anu ngentep seureuh jeung
kronologik...

*3 M*.......*MASTAKA - MUSTIKA - MISTIKA *?.....

kieu wincikan gurat badagna :
*dina bagbagan 'mastaka' {polo-momolo} nyeta tempat nyangking kalungguhan
rasionalitas kumplit jeung reka perdayana.
*dina bagbagan 'mustika' nyeta tempat nyangking abstraksi - abstraksi elmu
pangaweruh atawa intisari pa elmuan ,kalintang legana, anu tungtungna nyoko
kana palsapah2 hirup jeung huripna, sarupaning *jampe pamake, jangjawokan,
mantra *jsbna.
*dina 'mistika'...? tah ieu ! the 'mysticism' ! the 'metaphysicism' ! Elmu
pangaweruh anu geus make metoda dina kaulinan frekwensi2 aheng anu
kalintang legana. Jadi lain kecap samanea ieu teh, beu.. asli kecap Sunda
pituin. Dina alam pawenangan 'mistika', bakal kaguar, bakal timu alam-alam
sejenna anu araheng, bakal bisa pindah alam.
                                  Ieu salah sahiji 'barang' anu kalintang
pentingna tina elmu Sunda , ajaran ka Siliwangian. Waruga Jagat.

ieu tina buku naon? tina wuku/buku/ruas tulang, anu nyangkoyot utuh dina
waruga urang...
jadi....hayang nepi ka mana ngaguar pa elmuan teh?
ulah dina elmu 'euceuk jeung beja' wae atuh...(ku rewuan buku?)
ulah asal 'neureuy buleud' wae atuh.
geus sakuduna ayeuna ngelmu heula
ka-diri, teang sajatining diri,
ka-salira, sing tepa salira,
ka-kuring, jeung kurungna !
kudu *kaharti* heula,
kudu *karasa* heula,
karak jeung *nyata*na,
geus kabukti ku  *d i r i.*
(ieu geh boa jeung sugan. heu)

marikitahayuuuuu.....!

Cag...Rampes - Rampa Salira !.
nhn*R3M

Kirim email ke