Alhamdulillahhirabbil'alamiin, saleres na mah sim kuring teh rada ragu kedah kumaha ngabasakeun ka para sepuh di milist teh. Sadayana di-'akang'-keun tapi sapertos na mah seueur anu sayuswa indung bapak sim kuring he.. he.. Bade ngiringan sapalih anggota milist weh ah anu nga-uwa-keun heu heu heu... Basa sunda sim kuring karaos ku nyalira saleres na mah, nya eta kabacana kadang sok sapertos 'teugeug', hoyong sundana 'ngalir' da angger weh kalahka teugeug he he he...
Perkawis 'kosong' sareng 'atheis' memang benten :) Atheis tiasa diasosiasikeun sareng 'penolakan'. Janten tos nolak kana eksistensi gusti nu maha suci. Atheis teu percanten kana naon anu teu katingali ku mata atawa teu karasa ku panca indra. Janten atheis mah biasa intelektualitas di payunkeun, walau kadang aya oge 'atheis belegug' anu teu intelek oge teu percanten kana rohani ka-tuhan-an, eta mah kudu dimaklum. Tapi atheis intelek biasana oge teu percanten kana perdukunan jeung jurig, lamun percaya jurig eta lain atheis asli, ngaku-ngaku wungkul. Benten sareng jalmi anu ngaku ber-agama, percanten kana ka-tuhanan tapi sok tutulung ka dukun atawa ka makhluk halus, nu kieu leuwih riweuh deui, jelimet! Perkawis 'kosong', nyaeta 'laa ilaa ha' heula, eta kosongna kanggo nyiapkeun panarimaan, sabalikna tina panolakan. Kalawan sadar yen hakekat anu maha suci, anu teu tiasa dikonseptualkeun teh moal kaserap kana diri upami diri eusi keneh tina sagala konseptual kadunyaan. Ari konseptual kadunyaan teh sadayana oge hasil konvensi manusa. Boh istilah tuhan, Allah, hyang, dewa, god, sadayana oge hasil konseptual manusa. Eta oge panginten anu dimaksad yen Adam teh cerdas mampu nyebutkeun ngaran-ngaran di bumi jeung dilangit, eta maksad na teh, yen manusa mah mampu ngawangun duniana sorangan ngalewatan konseptual budaya anu berkembang rebuan tahun dibentuk ku konvensi masyarakat. Tah sapertos na mah di dunia hewani sareng dunia malaikat mah teu aya dunia konseptual hasil konvensi di antara maneh na mah. Janten malaikat mah panginten mung tiasa 'mencerap' atanapi 'nangkep' hakekat langsung anu saenyana dina realitas, tapi eta oge terbatas anu memang bisa ka-serap. Mangga urang kaji deui Quran Surat Al-Araf ayat 172: "Dan (ingatlah), ketika Tuhanmu mengeluarkan keturunan anak-anak Adam dari sulbi mereka dan Allah mengambil kesaksian terhadap jiwa mereka (seraya berfirman): "Bukankah Aku ini Tuhanmu?" Mereka menjawab: "Betul (Engkau Tuhan kami), kami menjadi saksi". (Kami lakukan yang demikian itu) agar di hari kiamat kamu tidak mengatakan: "Sesungguhnya kami (bani Adam) adalah orang-orang yang lengah terhadap ini (keesaan Tuhan)". Naha urang inget kana dialog eta jeung gusti Allah? Pastina moal aya anu inget, padahal tina tiap diri pernah dialog saperti kitu. Tapi eta dialog oge nya henteu saperti konseptual manusa, yen lamun dialog teh kudu pahareup-hareup, anu hiji nyarita anu hiji ngadengekeun. Maksud eta dialog dina Al-Araf ayat 172 teh yen jiwa urang teh pernah aya dina kaayaan 'nyerap' realitas asli. Realitas asli di mana pangakuan anu teu ngagunakeun panca indra; polo oge can kabentuk. Eta dialog jeung pangakuan teh mangrupa 'pangalaman adiduniawi', mangurupa pangalaman non-duniawi anu saayana yen jiwa nyaksian ka gusti Allah. Gusti Allah di dieu deuih, nya anu dipikaharti ku urang ayeuna oge nya hasil konsepsi oge akhir na mah. Tah tapi jiwa urang pernah ngalaman realitas aslina, pangalaman asli dialog jeung ANJEUNA. Gubrag eta jiwa ngahiji jeung waragad ngagubrag ka dunya. Bayi anu sampurna teh bayi anu lengkep bisa mroses konsepsi duniawi. Mimiti si bayi di ajar indrawi kulit, diraba, nyekel. Bisa ngadenge, bisa ningali, bisa ngecap rasa ci susu. Beuki gede eta budak teh diajarkeun, ieu mamah, ieu papah. Padahal eta kabeh teh konseptual, konvensi manusa. Mamah jeung papah teh anu ngabogaan budak, heu heu karunya teuing eta konvensi. Saenyana eta teh palsu. Eta kabeh oge konvensi jelema. Komo beuki gede deui budak teh, dibere cocooan. Geus mimiti si budak ngarasa 'cocooan nu aing'. Karunya teuing, eta konvensi ego jelema oge. Ngarasa boga hak. Ngarasa ngapimilik. Padahal ngapimilik teh konvensi di dunia konseptual jelema. Beuki lila atuh jelema teh anu tadina jiwana suci ngaku yen 'euweuh kakaitan' ngan saukur ka ANJEUNA teh ayeuna mah ngait kaditu kadieu jiga hileud ngait dina dahan jeung dangdaunan!!! Tah janten konsep 'kosong' teh kumaha urang balik deui kana kaayaan saperti urang can lahir ka dunya ieu, can katipu ku 'dunia virtual koseptual konvensi jelema'. Kumaha atuh, urang kudu maot heula? Eta oge nya salah sahiji cara. Tapi lamun keur hirup keneh oge tiasa dilatih, nyaeta ku jalan dzikir tea. Tapi duka kumaha atuh da ajaran dzikir teh karaos ku sim kuring sorangan keur di madrasah atawa pasantren, teu jelas maksud tujuan na teh. Aya dzikir hayang rejeki, aya dzikir hayang kasaktian; jadi teu pararuguh. Malah mah euweuh teu kasebut dzikir hayang teu boga kapimilik nanaon, hayang 'kosong'. Euweuh! Da sieuneun meureun si kiayi teh kaleungitan kulawarga, kaleungintan kapamingpinan di pasantren, kaleungitan pihormat ti jelema, kaleungitan masjid! Meureun kiayai na oge napel dina nu karitu jiga hileud napel dina dahan jeung dangdaunan! Saleresna upami leres kitu dina kapercayaan masyarakat Kanekes (maksad sim kuring 'upami leres' teh sanes ngaragukeun, tapi sim kuring nembe uninga yen urang Kanekes gaduh kapercayaan sapertos kitu); eta teh saleresna sami dina ajaran budhisme oge teu aya konsep ka-tuhan-an teh. Makana dianggap cenah budhisme mah filsafat lain agama, da meureun ari agama mah kudu aya tuhan, malaikat jeung sajabana. Padahal Budha Gautama oge nya percaya, iman, ka ANJEUNA. Ngan teu loba nyebut-nyebut konsep ANJEUNA da cenah percumah ari can 'kosong' mah moal kahontal; engkena kalahka jadi konsep anyar, jadi berhala anyar. Tah ari Islam katingalina neruskeun konsep tuhan anu geus diwariskeun ku tradisi yahudi/kristen. Tuhan anu dijelemakeun. Tuhan anu dekeut tempat urang menta tulung tina kasangsaraan. Aya alusna, nyaeta jalma anu pikirana heurin (arab jahiliyah atuh heurin pisan pikirana teh makana jahiliyah), moal bisa kosong, nya tapi jadi bisa 'ngahontal tuhan' kalawan sederhana. Tapi gorengna, eta tuhan teh dimanipulasi jadi proyeksi hawa napsu diri sorangan pikeun ngamusuhan batur, merangan batur, nuduh batur ahli naraka, jst. Dina jilid 1 Ihya Ulumuddin, Imam Ghazali loba nyarita yen sagala ibadah saperti sholat, puasa teh kabeh oge ibadah duniawi. Lain ibadah ukhrawi/akhirat. Sim kuring harita lieur teu kataekan, naon maksudna. Padahal kabeh ustad oge ngajarkeun yen sholat jeung puasa teh ibadah ukhrawi. Nya ayeuna sahenteuna atuh rada ngarti sim kuring teh naon maksud Imam Ghazali teh. Sholat jeung puasa teh ngan saukur alat. Alat pikeun ngabersihkeun jiwa. Lain alat pikeun ngala bidadari (heu heu heu). Lain oge sholat jeung puasa teh tiket asup surga. Eta ngan saukur alat ngabersihkeun jiwa. Lamun kalahka agul jadi tukang ibadah, nya kalahka beuki kotor eta jiwa. Napel eta jiwa dina ibadah jiga hileud napel dina dahan jeung dangdaunan! Ari Atheis, nya eta mah bisa oge jalan peralihan kana 'kosong'. Jalma atheis sabenerna bisa jadi leuwih gancang asup kana 'kosong', kulantaran jalma atheis geus lesot tina konvensi agama anu kadang kala kalahka musingkeun sorangan. Ari jalma anu teu atheis heula, tina agama biasa hayang asup kana 'kosong' leuwih beurat kulantaran kudu ngalesotkeun loba ajaran konvensi. Komo jalma anu latar belakangna pasantren jika sim kuring, leuwih beurat deui. Rek 'kosong' teh jadi sieun murtad, sieun bid'ah. Tengah peuting ceurik batin beurat asa katimpa gunung. Batin ngajerit hayang beubeunangan anu saenyana. Dunya jadi asa sepi. Jadi asa teu boga babaturan. Guru jeung sobat bisi ngira diri kuring jadi gelo, murtad atawa nya disaruakeun jeung atheis tea. Lamun hayang kosong tapi oge aya adabna. Lamun teu adab jadi gelo enyaan, jadi jelema kufur tur teu mihormat batur, bisa jadi setan. Kosong artina lain teu boga agama. Komo teu mihormat para nabi, picilakaeun tah nu kitu teh. Da waragad mah angger di dunya, tina taneuh, seuneu, cai jeung angin. Jadi kudu mihormat dulur. Kudu mihormat tradisi. Boh tradisi islam, boh Kanekes, boh Kristen, boh Yahudi. Eta tradisi teh ibarat cangkir. Ku kuring moal didahar cangkirna, tapi sim kuring rek nginum eusina, nginum caina. Ari caina basi teu murni mah moal diinum ku sim kuring teui paduli dicangkiran ku bentuk naon wae oge. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin =================== ________________________________ Von: H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]> CC: "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 12:29 Samstag, 27.Juli 2013 Betreff: Re: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa Bah Oca..asa balik deui ka ngora nya. Padungdengan dina soal asal usul...anu brasna kana ka Gustian. Enya pisan kitu, TEU WASA ngomong saenyana mah he..he. Enya ceuk urang Kanekes mah lain teu aya tapi teu bisa disebut. Naha kasebutna siga angka "NOL (0)" bisa ditsebut tapi euweuh barangna?. Tah dina seratan Alo Febi sababarah waktos ti payun hal anu nyered kana hal ieu (mudah-mudahan sim kuring teu salah nyutat), saurna: "Di dunya urang salaku jelema anu boga konsep kognitif anu cerdas terus nyieun konsep. Misalna konsep cai (sunda), air (indonesia), water (inggris), wasser (jerman). Pan hakekatna mah eta teh iketan atom-atom anu ngabentuk naon anu diaranan cai. Lamun cai disebut seuneu sok dianggap salah. Tapi pan eta ngan saukur konsep jijieunan, jadi lamun sim kuring hayang nyebut cai teh ku ngaran seuneu lain salah sacara hakekat da maksud sim kuring mah seuneu teh cai tea (versi sim kuring anu bedegong); ngan nya jadi salah ku konseptual anu geus jadi konvensi di urang yen eta teh ngarana cai. Tah sabenerna 'laa ilaha illallah' teh bisa diteuleuman jero pisan lamun uran lesot heula tina koseptual anu dijieun ku jelema. Kosongkeun diri urang tina sagala konseptual, kulantaran sang maha tunggal mah diluar sagala konseptual. Jadi 'laa illah' heula.... kakara bakal aya Allah (illallah)..." Upami ditengetan kalimat terakhir sabage kasimpulan (huruf bulao), naha eta sanes ngandung hartos yen kapendakna Gusti teh kudu nyorang kosong (laa illah) heula?. Naha kecap "laa illah" teh teu sami sareng "Atheis". Atuh upami kitu leres sakumna anu tos ngaraos "ma'rifat", tauhid ka Gusti kudu nyorang heula "Atheis" nya, kajabi urang Kanekes.....tos apal ti barang gubrag tapi TEU WASA MERE ARAN....he...he.. ________________________________ From: Roza R. Mintaredja <[email protected]> To: [email protected] Sent: Saturday, July 27, 2013 10:13 AM Subject: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa Sampurasuuun...Hampura Ingsun..Excuse Me. _/I\_..._/I\_..._/I\_. Wah, kuring kataji ku guaran kg Febi anu tos nalek ka Gustian via sabaraha sudut pandang. Hal ka Gustian ieu tos disinggung ku kuring diguar samemehna yen moal beak2, sapanjang manusa boga kayakinan masing2 (leuheung mun jadi alakur deuih... heu). Aya gereget 'comment' ti kg Febi dina perkara ngaguar kamandang Gusti nu disaruakeun ilusina jeung adat sipat kalakuan manusa di alam dunya. Nya ,tungtungna ka'kurung' we sipat jeung eksistensiNa. Sabenerna aya kamandang hiji deui anu katempona can kaguar ku kg Febi, nyeta kayakinan dina mere aran ka Gusti ti urg Kanekes/Rawayan, nyeta TEU WASA MERE ARAN. Kamandang ieu ternyata sanada jeung bangsa2 sejenna di Nusantara (sacara hakikina). Sawadina we , cukup di sebut "Nu Ngersa Keun". Hartina teu bisa disaruakeun jeung nu aya di alam ciciptaanna, sok sanajan make kecap awal Maha oge. Saderhana tapi Jero. Kumaha Ka Palay Na we, tanpa embel2 sejen. Titik. Jadi geus hanteu ngawincik guaran ka Tunggalan jeung komo mere gelar2na deui. Teu ngamasalahkeun 'manajemen' ka Gustian jeung sistim staffing-asistenNa sagala. Teu ngamasalahkeun poe peradilan jeung rea2 deui anu aya dina alam pikiran jeung pawenangan manusa. Naha ieu ka asup Paganis, Primitip, Tribalism, Animis, Dinamis? Tapi eces tembres, jentre kalayan teges yen urg Kanekes/Rawayan...lain Atheis ! Cag. Rampes-Rampa Salira! hn*R3M
