Hayu urang balik eui kana enas-enasna, ulah cul dogdog tinggal igel. Keun
soal paistilahan urang beberes bari jalan, anu penting kaharti maksudna,
yen, dina hal ieu, satiap anu  ngaguniksa atawa ngaruksak
patilasan-patilsan anu kasebut kabuyutan atawa sabangsana eta baris
papanggih jeung wawales naas di dunya keneh. Kitu mataholang caritaan mang
Kabayang anu katangkep ku si kuring.

Kana naon anu dicaritakeun ku mang Kabayan, si kuring yakin jeung
ngaminkeun. Sabab ngaruksak kabuyutan sarua jeung ngaruksak sumber
kahirupan sarerea atawa - saeutikna - kabutuh jalma rea. Nya dina
sababaraha agama/kayakinan, wawales kana kajahatan samodel kitu baris
kapanggih awit di dunya keneh. Loba conto-contona. Believe or not, tah ieu
kajadian di (ex) Rancamaya-Badigul, Bogor, anu ayeuna geus jadi perumahan
elit jeung lapangan golf, sakumaha warta di dieu:
http://jojopradipta.blogspot.com/2011/12/114-orang-tewas-jadi-tumbal-keramat.html

Kajadian anu sarupa karandapan ku anu ngaruksak Leuweung Sancang jeung
kabuyutan-kabuyutan sejenna.

Ngeunaan Uga Jatigede, aya oge kacaritakeun ti hiji sepuh di Bandung. Saur
anjeunna, eta bendungan bari jadi dicaian heula (hartina:
patilasan-patilasan kakeueum). Ngan, moal lila, bendungan baris jebol
(bedah), anu saterusna jadi bahla pikeuna anu aya di hillirna. Naon cenah
anu matak ngabedahkeunana? Saur eta sepuh: sarombongan munding ti
Galunggung. Kuring teu pati percaya kana eta uga kolot, sabab kumaha bisana
munding ti Galunggung ngamuk di Jatigede (anu aya oge ayeuna salah saurang
kalahiran wewengkon Galunggung ditewak ku KPK alatan gratifikasi). Tapi,
sakapeung uga mah ngandung siloka, boa maksud munding di dinya teh lain
harti saujratna.

Anu penting ayeuna, hayu kumaha carana sangkan eta uga teu kajadian,
sangkan ulah aya bencana alatan bendungan jebol. Atawa, saeutikna- lamun
bendungan kaburu dicaian, utamana - sangkan ulah loba teuing korban alatan
bencana bedahna bendungan. Salah sahiji usaha dina hal ieu nyaeta ngitung
sakumaha gedena resiko anu baris karandapan lamun etan bendungan jebol.
Tah, tina resiko anu dipikawanoh nya urang nyieun tindakan pikeun
ngamitigasi (ngurangan sangkan resiko teh jadi kacida saeutikna).

Cag.
manar



2013/8/19 mang kaby <[email protected]>

> **
>
>
> ** Singkaaap... Ari pamahaman Mamang mah Karma teh teu nurun euy xixixi.
>
> Pan ieu keur kampanye jadi memang bahasa diatur tea... Iraha kudu selow
> bin woles iraha kudu ngadudut bari nyeureud hehehe.
>
> Lamun bahasana datar-2 pan moal menarik batur moal aya anu maca hehehe...
> Ceuk bahasa marketing mah... AIDA ~ Attention, Interest, Desire, Action.
>
> Tah ceuk Kang Odjat issue ieu geus nepi ka Alumni ITB Australia xixixi.
> Gara-2 Mamang anu ngacaprux hehehe.
>
> Tangtuna anu leuwih hade bahasa ilmiah jrrd na engke ti para ahli :D.
>
> Taaaah ieu keur dikondisikeun supaya tong sagawayah yeuh heureuy jeung
> Jatigede hehehe... Maenya urang eleh ku Urang Arab... Ceunah waaaah ulah
> macem-2 mun engke naek haji deukeut Ka'bah mah sok loba mamalana xixixi.
> Sok geura anu karek baralik naek haji sok loba nyarita oooh diditu mah
> kitu... Sianu kitu dibales kitu jrrd hehehe. Para provider Haji alus pisan
> nyieun strategi komunikasina :).
> nuhuuuuns,
> mang kabayan
> www.udarider.com
> ------------------------------
> *From: * YADI supriadi wendy <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 19 Aug 2013 10:37:49 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] Para Pejabat Yg Setuju Bendungan Jatigede
> Kena Karma
>
>
>
> On 2013-08-19 10:30, mang kaby wrote:
>
> > Tah laina naon anu dipelak eta anu dipanen teh sami sareng karma?
> >
> >
> ari karma mah mungkin bakal nurun dugi ka tujuh turunan. Tah dina Islam
> mah teu kitu. Tiap jalma mung nanggung dosana moal nanggung dosa nu
> sejen.
> --
> --
> Wassalam,
>
> Yadi Supriadi Wendy
> .: dikirim ku kadeudeuh :.
>
>   
>

Kirim email ke