Sampurasuuun.! Hampura ingsun..._/I\_ Bah Oman lan baraya sadaya, Ngiring aub deui ah.
Wow.......saupama urang make padika SILIH BENERkeun ciga paguneman kieu....bakal ngabalukarkeun endah dunya. ! Heu. Dunya kiwari chaos teh kusabab SILIH SALAHkeun. Tah, miang tina silih benerkeun ieu anu disebut SILIH WAWANGI tea lur. Konsep Rahmatan lil Alamin sawadina kudu tidinya miangna. Dina temah wadi na. Keur ngentep seureuhkeunana kudu mokaha. Rasional. Lain miang tina tangtungan AING nu pangBENERna. *1 Gusti aing nu pangbenerna. *2 Ageman aing nu paling sampurna, mutachir, *3 Hampura ingsun... Kuring sadar , ngarampa diri, ngukur sakujur.... yen teu gampang ngalakonan paguneman endah ciga kieu di alam nyata keur memeres dunya. Jadi katepi ku ati, kahontal ku akal kuring basa newak carita ti Padjadjaran yen kunaon harita Eyang Prabu Siliwangi bisa meunang penghargaan ti lima agama. Cag, Rampes! Rampa salira. ..._/I\_ Nhn*R3M
