Luar biasa kang murdi, teh lilis. Kabagjan salawasna kanggo akang sakulawarga.
Ogé rewu nuhun ka ki hasan nu kersa rorojok ka jalmi hebring kanggo medar lalakonna. On Friday, September 13, 2013, Ki Hasan <khs...@gmail.com> wrote: > > > Meunang ngarojokan ti Kang Murdi sangkan ngalalakonkeun pangalamanana ngumbara di Kaledonia, di postingkeun ka lapak "Pustaka Sunda". Seru! Baraca geura. > === > RIWAYAT KURING > ku : ms murdi-david > Tamat SMA asa bingung deuk kamana,kahayangmah neruskeun kuliah ka IKIP,keur ngahontal cita-cita hayang jadi guru tea,ngan ningali kaayaan kolot nu moal matak mampu ngabiayaan. Ahirna kuring neang pagawean samanggihna. Surat lamaranmah geus teu kaitung,nihil euweuh jawaban boh ti PT boh ti dinas…ah ka teuing poho deui dinas naon,héhéhé......Nya wayahna sagawé-gawéna,ti ngalaman jadi kenék tukang ngagosok di béngkél ngécet,harita di jl Soekarno-Hatta deukeut Karasak,nepi sok nyupiran kana dolak keur bandar hayam sayur,nepi kukurusukan ka lembur-lembur,kuring jeung dunungan neang ternak hayam beulieun,kabeneran harita teh kuring geus boga sim mobil.Lumayan keur meuli udud,teu ngandelkeun teuing ka kolot. > Jawa tengah,tégesna di hiji kampung kuring dilahirkeun,pun biang kawit ti Brebes,ari pun bapa mah ti Kuningan ,umur miminggun cénah carita kolot kuring pindah ka Bandung di jl Moch Toha di Cigereleng,keur nungguan jeung ngurus imah lanceuk indung kuring,nya tisaprak harita nganjrék di Bandung,nepi lahirna adi adi kuring nepi si ka bungsu. Mangsa keur leutik masih olol lého,kuring asa teu loba batur ulin,maklum ngumbaara di Bandung,harita teh tatangga jelma nu araya jeung meureun urang sunda nu turunan radén atawa menak wungkul ,nepi barudak sanpantaran kuring di carék ku kolotna tong ulin jeung kuring,kusabab kuring anak urang jawa cénah,teu jarang mun pas usum ulinan sumpit,kuring béak di sumpitan bari dicécéleh :jawa kowék maling apu datang poék teu di aku !! bari eta kecap teh nepi ka ayeuna teh asa teu nyambung jeung euweuh hartina.Ning aya ari rasa rasis harita téh di urang sunda ?... > [Mun di pikir sauetik… cik,reh na urang teh cicing di pulo Jawa,urang sunda mah ngan saukur nyémah di pulo jawa teh,rajeun aya pulo sunda nepi ka ayeuna oge teu bisa dicicingan kusabab masih kakeueum ku laut,pan ngaranna Selat Sunda tea lin ? Hahaha…] > Nya teu jarang kuring babantu jeung si abah di sawah nunggu paré atawa ngoréd jeung ngabérak di kebon .Pangulinan kuring keur leutik lolobana di sawah,nepi cokorteh ledik ku dakil hararideug balas ku leutak sawah, maklum pun bapa usahana ngurus sawah tukang tani.Saenyana kuring teh di gedekeun na kaluarga nu rada kaku,hubungan jeung kolot asa kurang deukeut,tambah deui kuring kaasup budak cicingeun,mun aya masalah tara diguarkeun ka kolot atawa ka sasaha. > Umur tujuh taun kuring di sakolakeun di SD Yami. Kitu deui jeung barudak sakelas kurang wanoh,maklum jadi sasaran deui jeung di pisahkeun pedah anak urang jawa,kungsi harita kuring di jongklokeun ka susukan nepi ka bau kacombéran baju saragamteh,nya kuring ngagiung ceurik sajajalan leumpang balik ka imah, jol ka imah kalahkan di carékan ku kolot nepi ka di kerem di kamar mandi . Nepi ka kelas tilu,kuring tuluy pindah ka SD Bbk Priangan. Di sakola eta kuring ngalaman teu naek kelas,nepi rapot kuringteh ni endah berwarna warni loba pisan nu bereumna,keur SD kuring kaasup bodo jeung kedul diajar.. Aya hikmahna ogé teu naék kelas teh,ti saprak eta kuring jadi mikir jeung soson soson diajar,hasilna taun kanaékan kelas opat kuring meunang rengking ka dua,nepi ka tamat SD alhamdullilah menang rengking ka dua atawa ka tilu,ari ka hiji mah can pernah.Saking atohna kuring narima ijasah SD,ngan sok hayang seuri eta mun ningali potrét kuring na ijasah,euleuh ieu potrét saha ? huntu jeding,buuk rancung deui,heuheuheu……euleuh ieu si cepot ning.Tuntas ti SD tuluy kuring neruskeun ka SMP 10 Bandung,Alhamdulliah kaayaan kolot kuring harita aya dina kamajuan na usahana,atuh teu kurang nanaon. Keur SMP kuring loba kagiatan na kesenian sunda,mimitina kuring sok da ajak nabeuh calung,harita keur kasohor jeung ramé pisan,saha atuh nu teu apal kang Darso jeung tanang seribu tea.Tina calung kuring jadi kapincut ku kesenian sunda,nepi sagala di ulik, réog, karinding, gamelan, degung, jaipong harita teh keur maceuh-maceuhna,nepi kana wayang golek, atuh kana intrumen sunda mah geus teu aneh deui,ngan hiji ni can kacabak nyaeta kacapi. > Aya deui nu dipikaresep nyaeta sok kutak-katik kana mekanik,tina bongkar pasang sapeda nepi ka bongkar mesin sapeda motor,teu kurang sok neangan teori na buku kumaha cara kerjana mesin motor jeung mobil,ngan saukur kuresep jeung panasaran kumaha eta jalanna mesin,nepi motor sorangan di bongkar bakating ku hayang nyaho eta jerona mesin,kabeneran harita teh kuring boga honda CB100. > Kuring nuluykeun sakola ka SMPP Bale Endah,ti dinya kuring loba babaturan jeung sobat medok,pang pangna urang dayeuh kolot,Ciparay jeung ti Banjaran.Ari ka para siswi mah kuring éléh kartu,maklum kuringmah kaasup goreng patuh,jeung beunget sangar tea,ngan saukur bisa nyéngir wungkul.Sabalikna adi kuring mah beada deui,réhna manehnamah dipikaresep pasan ku wanoja,ka teuing kunaon.Tingkat SMA kuring ka asup murid IPS badung,maklum keur meujeuh-meujeuhna rumaja,kajeun badung tapi kana pelajaran mah kuring teu ninggalkeun. Lila lila kaayaan > kolot rada kurang, usaha si abah rada kendor,na tani geus teu bisa di andelkeun,mimiti hiji-hiji dijualan keur nyumponan kabutuhan sapopoé nepi ka ludes. Mun disawang ti luar mah ku tantanga kaayaan kaluarga kuring teh siga teu kakurangan nanaon maklum kaayaan di kota mah kitu, nupuguhmah di imahteh kaayaan kolot ngan dogdag ungal usik,nepi cicing di imah teh asa ngabatin.Duh Gusti nu Agung !! tong dugi ka anak kuring kaayaan ieu mah.Jaga kuring jeung pamajikan ka barudak teh hayang deukeut jeung harmonis. Ahirna pindah ka Soreang,Taun 85 kuring tamat SMA,jeung can lila jadi warga kampung bbk cibolang,jadi panganguran,ku héséna neang gawé teh,nepi sacabak cabakna keur beulieun jajan jeung udud. Kubakating ku lieur neang gawé ,kuring ngumbara ka Jakarta ,milu ka lanceuk na bangunan, > *** > PART 2 > Heuleut dua bulan di Jakarta kuring disusulan ku si abah titah mulang ka Soreang,cénahmah kuring di tungguan ku si ua. Pondok carita ,ahirna kuring di tawaran ku si ua ka manca nagara,réhna minantu si ua butuh pagawe cenah.Teu mikir panjang kuring nyanggupan sabari neang pangalaman,tambah deui di lembur euweuh gawé.Tiharita kuring bébéres surat surat sarupaning paspor jeng visa ka kadutaan Parancis.Harita kuring ngan di bére visa turis tilu poé . Ceuk si ua teh nu penting datang heula ka itu,di ditu mah kumaha éngke,nya kuring ngagugu,kumaha deui na masalah eta mah kuring poékeun,ah kumaha bréhna waé, Mun teu salah bulan Maret taun 87,mangsa deuk miang ti imah haté teh asa beurat deuk ninggalkeun lemah cai téh,asa beurat suku deuk ngaléngkah ka buruan,haté pabaliur teu pararuguh,maksakeun kuring miang kana mobil sewaan ka pangkalan Soekarno-Hatta. Kuring mawa salin sacukupna,sesa bawaeun na kopermah ngan saukur pesenan roko,atuh di imigrasi teh kuring di tegor ku petugas. > Asa ngimpi kuring naék kapal ngapung,énya we kapal teh ngapung,hehehe.. .di jero pesawat kuring ngan bengong,tambah deui teu bisa ngomong.Kaisukanakeun kuring nepi ka bandara Tantounta,New-Caledonié,di jemput ku minantu si ua tea,asa ahéng ningali pamandangan jeung kaayaan nu sakitu gersang,kabeneran pas harita teh keur musim panas,nya kaayaan nigararing.Ti Noumea tuluy kuring naek pesawat deui ka Lifou,pulo leutik di dinya kuring nganjrék jeung mimiti digawé jadi kuli.Kulantaran kuring aya dasar saeutik namesin,kuring di tempatkeun ku minantu si ua jadi kenek montir mobil,lalaunan kuring bari di ajar bahasa perancis ku ngadengekeun siaran radio jeung acara tv.Sabenerna kaayaan kuring di lembur deungeunteh nalangsa pisan, lir ibarat Nusakambangan,teu siga nu dipikahareupkeun,si horeng kuring teh awe euweuh waktu,jeung euweuh reureuhna.jam lima subuh kudu geus siap di bengkel,nepi ka jam dalapan atawa jam salapan peuting,saptu jeung minggu oge teu reureuh.Geus teu betah hayang balik deui ka Indonesia,ngan hanjakal teu bias mulang kitu waé,tambah deui paspor kuring dikuasa ku minantu si ua.masalah visa duka teung kumaha,siganamah kuring harita jadi imigran gelap.kaluar ti lingkungan kerja oge teu bisa,sapopoe ngan kerja jeng kerja jeung tuangeun no tos di siapkeun,teu jauh jeung asrama,na ieuteh siga nu di bui,geus teu aneh ari gawe jeung dulurmah sok aya waé aji mumpung,hehehe…. > Sataun kuring teu meunang gaji,cenahmah keur ngagantian biaya kuring keur tiket pesawat,nya kuring ngansaukur sumuhun dawuh.taun kadua kakara kuring narima bayaran,eta oge artosna ku si ua nu ngatur,atuh kuring ngan saukur manyun,dua taun leuwih kuring ngumbara.Na céngcéléngan eta ahirna kuring meunang cuti,nya kuring nyaba ka lembur.Di lembur kuring wawanohan jeng wanoja,teu jauh ti imah,ngan kahalangan ku sababara imah,masih tatanga.Tiharita kuring aya duriat ka manehna,hanjakal ngan sabulan di lembur,asa wegah deuk miang deui,asup na bui.ngan masalah ieu mah teu betus ka kolot,kaayaan kuring di lembur deungeun. Geus biasa deui sapopoé jeung kagiatan nu rutin,jeung bébéné ngan saukur nyuratan. > Hiji mangsa kuring aya bentrokan jeung dunungan,kulantaran teu panuju ka kuring,ahirna kuring di pulangkeun ka Indonesia,tambah deui surat ijin tinngal ngan sababaraha poé deui,susumputan kuring jeung di bantu ku ua minta perpanjangan ijin tinggal.Tuntas waktu kuring balik ka lembur.waktu eta kuring tunangan jeung si tétéh.Kuring miang deui ka New-Caledonie,di Noumea kakaraeun kuring ngangur di nagri deungeun,sabari kitu mah aya wae pagawean,kana ngababad jukut jeung mersihan taman,lumayan keur balanja jeung mayar sewaan kamar.Teu lila kuring aya nu nawaran di gawé di restoran tempatna rada jauh ti Noumea, deukeut pagunungan rehna di Canala.Dunungan kuring urang arab,di hotél-restoran kuring jadi tukang ngaladenan,jeng mun beurang tukang kebon. Genep bulan kuring gawé di restoran bari euweh hasilna,nyaeta genep bulan teu digaji,beu ieumah jeung saruana deui urang arab oge.asa katipu jeung dimanfaatkeun ku batur. > *** > PART 3 > Dina taun 1991 kuring ka balé nyuncung,padahal harita téh kuring can boga gawé nu maneuh.Ngan dua minggu kuring ngahiji jeung pamajikan,asa teu karasa uyah tarasina kawin téh,tambah deui keur meumeujeuhna loba kameumeut ka pamajikan,kapaksa ku kuring kudu ninggalkeul heula. Geus teu hayang kuring gawé deui jeung dunungan urang arab. Tuluy kuring menang gawé di pom bensin,mendingan ieumah dunungan urang bulé,kuring sok ngalayanan ngesian bensin jeung sakalin tukang ganti oli,lumayan bisa kukumpul keur pamajikan. Dua taun leuwih kuring papisah jeung pamajikan,tina hasil nyengcéléngan kuring bisa mawa pamajikan ka Noumea,sanajan bari hésé na urusan surat jeung ijin netep ku kuring dileukeunan jeung ditarékahan, ahirna kuring bisa ngahiji babarengan deui, réhna salaki jeung pamajikan. > Cinta pamajikan kuring,bener-bener cinta sajati,ku kuring dibawa sangsara di nagri deungeun,siganamah pamajikan téh kaget ningali kaayaan kuring,tempat sewa oge ngan saukur urut garasi,mun indit kaluar teu jarang naék beus atawa lempang,puguh teu sarua dibandingkeun Indonesai loba angkot.Kahirupan urang asal ti Indonesia di Noumea lolobana marampu,mobil na oge ni marewah,ngan kuring jeung si tétéh ngan saukur ngacai. Lila-lila kuring rada bosen digawé na pom bensin,asa euweuh kamajuan na kaahlian sapopoé ngan ngaladangan ngeusi bensin.Teu lila kuring aya nu ngajak digawe na béngkel mobil khusus Citroén,atuh asa manggih gorowong kuring pindah gawé. Dina bengkel eta kuring nambah pangalaman,sakali kali bari sok nangalikeun dunungan kumaha cara kerja jeng ngatur bengkel. Tilu bulan kuring gawé di bengkel, pamajikan ngalahirkeun si cikal.Atuh kabutuhan beuki nambahan,keur nutupan pangabutuh biaya,pamajikan digawé ngababu,eta oge teu jarang kuring sok ngalembur,lumayan keur meuli popok budak,mun aya sésa ditabungkeun keur jaga bisa ngalongok kolot jeung kaluarga di lembur.Geus opat taun leuwih kuring gawé jadi montir,kajurung kuhayang ngarobah kahirupan jeung hayang mandiri,kuring ngundurkeun diri gawé jeung dunungan,atuh dunungan téh sigana ni handeheul kuring kaluar gawé. Ti Noumea kuring pindah ka Lifou,coba-coba muka usaha sorangan buka bengkel,ngan saukur modal kawani jeung kantong kosong kuring maksakeun menta pinjaman ka bank keur modal,dasar kudu geus kitu sanajan kuring teu boga jaminan,bank méré pinjaman modal keur meuli konci-konci jeung onderdil mobil saperluna. Di Lifou sibungsu lahir,Alhamdullilah ti saprak si bungsu rejeki téh lancar,atuh kuring bisa bebenah jeung ngamodalan deui bengkel.Hiji mangsa kuring narima telepon ti direktur Peugeot Noumea,pondok carita ahirna kuring dijadikeun agen perawatan Peugeot,ti dinya kuring ditraining teori jeung praktek kerja ku Peugeot,gara gara kerja sama jeung Peugeot kuring bisa kana kumputer jeung internet. > *** > PART 4 > Liburan taun 2000 kuring sakulawarga nyaba ka lembur,sakalian bari nepungkeun barudak ka ninina nu can pernah panggih,dua bulan lilana kuring cuti di lembur.Mangsa miang deui ka Caledonie kuring ngalaman masalah di bandara Soekarno-Hatta,hampir dua jam kuring diganggayong ku petugas penerbangan, dengan alasan yen kuring jeung pamajikan teh deuk nyalundupkeun bayi rehna si bungsu,nyaeta harita téh kakara umur dua taun,padahal geus jelas na tiket jeung na paspor indungna di jelaskeun lahir di Caledonie,kuring jeung pamajikan geus teu puguh rasa jeung hariwang ka barudak mun teu meunang naék pesawat.tungtungna barudak bisa naek pesawat,bari geus paréa-réa omong jeung petugas penerbangan,kitu bari teu kireum-kireum petugas teh ka kuring,ni ku tega pisan ngaganggayong kuring sakulawarga.Ti saprak harita kuring supata ka diri sorangan,moal nincak ka Indonesia mun can ganti warga nagara.Datang ka Caledonie kuring langsung ngajukeun pindah warga negara, ti kajadian eta kuring jeung barudak pindah warga negara, dina haté leutik kuring asa beurat pindah warga nagara, ngan kajurung kukanyaah ka barudak sangkan teu katalangsara jaga kahareup. > Lima taun leuwih kuring sakulawarga teu nyaba ka lembur,asa pangling ningali kaayaan jeng parobahan di lembur. Soreang baheula ngamplak ku sawah,ayeuna béak dijieun imah jeung parumahan,ti kampung jadi nyedek ka kota, loba tatangga anyar,alo-alo kuring geus teu ngagunakeun basa sunda,béda jaman basa kuring keur leutik sapopoé kubasa sunda, asa rada luntur budaya sunda téh ayeunamah,duka ku naon barudak ayeunamah maké basa indonesia. kuring sakulawarga di manca nagara sapopoé di imah maké basa sunda népi barudak kuring teu ahéng deui ku basa sunda,sanajan sapopoé maranehna maké basa dengeun.Jeng barudak kuring jeng punbojo ngarasa deukeut,ayeuna nu cikal geus di perguruan tinggi kana jurusan sajarah,nu bungsu masih tinggat SMP kelas tilu mun ukuran di Indonesia. Rajeun budak kuring turunan pandatang anu indung bapana teu bisa basa Parancis nu bener,tapi teu kaélehkeun kapinterranna jeung barudak nu lainna sakitu ti urang pribumi, pangpangna nu bungsu ti tingkat Tk nepi ka ayeuna hasilna rengking ka hiji,lumayan mawa alus jeng citra turunan sunda jeung jawi > Lifou pulo leutik di Caledonie daerah persemakmuran Perancis,pendudukna rata-rata urang asli, kurang leuwih ngan sapuluh rebuan pendudukna.Saroméah jeung resep heureuy, teu aya parbedaan antara pajabat boh jalma biasa,euweuh nu ngarasa beunghar jeung euweuh nu ngarasa miskin,kabeh ngarasa sajajar jeung sarua. Alhamdullillah,kersaning Gusti nu maha Asih,kuring di lancarkeun usahana,babarengan jeung punbojo nu ngusus tatabuku jeung saklian manehna nu ngurus pemasanan mobil anyar. Sajabaning agen PEUGEOT,ayeuna kuring ngarangkép jadi agen ISUZU. > > > > Reply via web post Reply to sender Reply to group Start a New Topic Messages in this topic (1) > Recent Activity: > > New Members 1 > > Visit Your Group > Switch to: