Sampurasun...., 3 (tilu) jalan latihan anu tos diposting dina email sataeuacana aya kaitannana sareng golongan/kelompok kagorengan anu aya dina diri urang:
(1) Kamurnian Moral. Lamun urang ngajaga kamurnian moral maka urang bakal bisa numpas golongan kagorengan anu kasar. Kagorengan anu kasar nyaeta kagorengan anu dilakukan ku jasmani jeung omongan (verbal) urang. Jalma sacara umum diajarkeun moral/sila dina kahirupan sapope pikeun numpas kagorengan kasar ieu. Jalma umum oge bisa naliti dirina tina perilaku jeung omongan goreng. (2) Latihan konsentrasi, hening. Latihan hening/dzikir, bisa ngaleungitkeun kagorengan menengah jeung halus, nyaeta kagorengan anu aya dina pikiran jeung batin. Ku jalan hening/dzikir/meditasi/muhasabah, maka jalma anu diajar bisa rajin nalungtik kagorengan anu aya dina batin jeung pikiran. Oge bisa neundeun 'tukang ngajaga' panto pikiran jeung panto batin supaya kagorengan bisa diusir. (3) Latihan kabijaksanaan. Kabijaksanaan anu luhur biasana predikat pikeun para guru. Dina level ieu bisa dihapus kagorengan-kagorengan batin jeung pikiran anu halus pisan, anu teu bisa kapanggih ku jalma umum jeung para murid. Nyaliksik kagorengan dina level ieu ibaratna 'neangan tapak meri dina leuwi' tea; mung jalma anu geus asup kana level kabijaksanaan luhur anu bisa manggihan kagorengan ibarat neangan tapak meri dina leuwi. Eta kagorengan anu halus pisan disingkirkeun sahingga akhirna batin bener-bener bersih asup kana level suwung. Wallahu'alam Febi ===
