Anu diuraikeun dina email di handap teh jalan anu ka (2) nyaeta latihan 
konsentrasi (mangga aos email sateuacanna).  Syarat anu sanesna nyaeta jalan ka 
(1), ngajaga kamurnian moral.  Kumargi upami moral teu murni moal tiasa lebet 
kana konsentrasi anu jero, bakal gelisah batinna.  Tapi sanes kedah jalmi anu 
tos moralna murni, maksadna teh kedah paralel usaha ngamurnikeun moral sareng 
diajar samadhi.  Anu tadina moralnya berantakan tiasa diberesan 
sakedik-sakedik.  Teras diajar samadhi ulah gurung gusuh; kedah sabar sareng 
rileks. Upami gelisah moal tiasa, kumargi gelisah tes salah sawios kakotoran 
batin, nyaeta cabang tina kebencian/hasud.

Wallahu'alam

Febi
===




________________________________
 Von: Dedi Mulyadi <[email protected]>
An: "[email protected]" <[email protected]>; 
"[email protected]" <[email protected]> 
Gesendet: 9:45 Montag, 7.Oktober 2013
Betreff: Bls: [Urang Sunda] Tahapan umum konsentrasi/samadhi
 


  
punteun kang atanapi teh sih....kumaha cara mulana....lamun ningan tina 
tahapanamah insya allah. Tapi aya te sarat nu lain, salian ti eta.

dedi





________________________________
 Dari: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]>; 
"[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Senin, 7 Oktober 2013 8:45
Judul: [Urang Sunda] Tahapan umum konsentrasi/samadhi
 





Sampurasun...,

Ieu tahapan umum samadhi, nyaeta konsentrasi hening batin...

(1) Tahapan awal.  Nyaeta urang usaha ngalindeukeun kalincahan pikiran jeung 
batin.  Carana urang usaha fokus kana hiji objek, misalna objek dzikir, kalawan 
nyebut salah sahiji ngaran mulya Pangeran Nu Murbeng Alam.  Dina tahap ieu 
masih loba keneh kaluar asup gangguan pikiran jeung batin.  Eta gangguan teh 
kaasup kana kelompok kokotor batin.

(2)  Tahapan tenang.  Ieu tahapan menengah.  Dina tahap ieu pikiran jeung batin 
geus lindeuk.  Kokotor batin bisa diteken.  Panto pikiran jeung batin dijaga 
ketat jadina jero pikiran jeung batin tengtrem.  Dina tahap ieu geus bakal 
karasa sacara fisik jadi rileks. Pikiran fokus kana objek (misalna objek 
dzikir).  Napas/renghap jadi halus/ipis
 pisan (tong sieun lamun jadi ampir teu ngarenghap ku alatan halusna pisan 
renghap urang, tapi oge tong mikiran renghap urang kulantaran bisa ngaganggu 
pikiran urang tina fokus kana objek dzikir. aya oge umat lain anu ngajadikeun 
renghap salaku objek, lain dzikir ucapan).

(3) Tahapan hening murni.  Ieu tahapan luhur, teu kabeh jelema bisa ngahontal 
tahapan ieu.  Lamun geus bisa asup kana tahapan (2) eta oge geus alus pisan.  
Dina tahapan (3) ieu, panca indra urang geus moal fungsi.  Jadi urang moal bisa 
ngadenge sora, moal bisa ngarasakeun awak urang.  Anu aya ngan saukur renghap.  
Renghap oge lain karasa sacara halus dina irung, tapi renghap anu geus pindah 
kana simbol pikiran (kulantaran syaraf irung geus teu karasa).  Tahapan (3) ieu 
di jerona masih aya sababara level.  Ulah katipu.  Loba jelema anu hening teu 
make elmu katipu dina tahap (3) ieu.  Manehna geus teu bisa ngadeteksi dirina
 sorangan, jadina dipikir manehna geus ngajiji jeung Nu Maha Suci.  Tah eta 
pandangan sesat.  Pandangan sesat eta kulantarana manehna teu boga pandangan 
bener saencanna dina praktek hening.  Oge loba anu katipu ku 'es bonbon', 
nyaeta efek samping tina tahap ka (3).  Tahap (3) level luhur (misalna tahap 3 
level 5) mata batin geus seukeut pisan, mungkin bisa ningali tempat anu jauh 
atawa efek samping lainna samisal bisa ngadenge sora ti tempat anu jauh.  Ieu 
jadi mungkin kulantaran fungsi panca indra geus diwakilan ku fungsi batin.  
Tiap panca indra teh aya pasangan batinna, lamun panca indra euweuh pasangan 
batinna maka misalna urang moal bisa neruskeun 'gambar tina mata kana reaksi 
batin', moal bisa neruskeun 'sora tina ceuli kana reaksi batin'.  Tah dina 
sapopoe pan urang timbul emosi misalna atoh atawa sedih kulantaran ningali 
kajadian atawa ngadenge bewara; eta reaksi atoh atawa sedih na hasil koneksi 
mata/ceuli
 panca indra jeung mata/ceuli batin.  Dina tahap hening ka (3) ieu mata jeung 
ceuli batin jadi seukeut pisan, utamana dina tahap (3) level 5.  Jalma sok 
katipu atoh ku es bonbon (efek samping) ieu.  Jadi jiga budak leutik, resep ku 
kasaktian. Akhirna batinna lain bersih kalahka tigejebur kana lumpur 
kasarakahan anu kaasup kategori kagorengan.  Aya oge anu katipu jadi ngalindur 
"anna al haq" (uing teh kebenaran murni).  Tapi ku ngalindur jiga 'anna al haq' 
jigana mah can asup kana level (3), mungkin masih level (2), kulantaran dina 
level tilu mah geus moal bisa ngomong ku biwir, ngomongna ku batin, tapi lamun 
batin ngomong 'anna al haq' eta oge geus katipu.  Kakuatan batin level (3) teh 
sabenerna kakuatan pikeun neangan 'tapak meri dina leuwi'.  Tah ku kakuatan 
batin hasil samadhi level (3) ieu teh tapak meri dina leuwi bakal jadi 
katingali kalayan jelas tapakna jeung alurna.  Terus ku urang dibersihan eta 
tapak
 meri dina leuwi, tepikeun ka leuwi batin urang teh bersih 100% tina kokotor.  
Jelema nu mampu jiga kitu geus lain bakal asup surga deui, tapi bakal 'kembali 
kepada-Nya'.

Wallahu'alam

Febi
===







Kirim email ke