Kasadaya baraya anu sa Iman, boh anu angkat haji atanapi anu aya di 
masing-masing padumukan, sim kuring seja ngawilujengkeun "Iedul Adha" 1434H. 
Mugia sadayana aya dina ridho sareng rohmat Allah SWT diijabah sapamaksadan. 
Bah Oca,
Alo Febi sareng baraya urang Sunda sadaya, soal “Tapak Meri Dina Leuwi” atanapi
“Tapak Soang di Awang-Awang”, tiasa janten masing-masing kagungan 
“pamendak/kamandang”,
tiasa wae hasil analisa pribadi atanapi hasil tina maca “seratan/buku” karya
para ulama agama/bujangga sastra/filosof. 

Supados tiasa dijujut timana eta
pamendak asal usulna, sim kuring maca buku ”Mistik
Islam Kejawen”karya Simuh, 1988. Eta buku medar “Wirid
Hidayat Jati” karya R. Ngabei Ranggawarsita (1802-1873 M). Tetela eta basa
tos dianggo ku anjeunna. Duka anu mana anu ti heula, seratan urang Sunda
atanapi Ranggawarsita?.
Ceuk eta
buku dina ngudag “kasampurnaan”kudu
terang heula naon anu dimaksud : 
 
1.  Baitul Makmur:panglinggihan kalangenanDzat Allah SWT,ayana
dina mastakaAdamnyaeta polo/uteuk, di
antara dua otak aya manik, dilebetmanik aya budi lebetbudi aya nafsu lebetnafsu 
aya suksma, lebetsuksma aya rahsa lebetrahsa eta Allah SWT.
2.  Baitul Muharam:panglinggihan pingitan
Dzat Allah SWT,ayana dina dada Adam, jerodada aya hate, di
antara dua hateaya jantung, dilebetjantung aya budi, lebetbudi aya jinem 
atanapiangen-angen, lebetangen-angen aya suksma, lebetsuksma aya rahsa, 
lebetrahsa etaAllah SWT.
3.  Baitul Muqaddas:panglinggihan nu disucikeunDzat Allah SWT,ayana
dilebet”kelamin”Adam, lebetkelamin aya ”pelir”,di antara dua ”pelir”aya 
”nuftah”atanapi”mani”,lebet”mani” aya ”madi”, lebet”madi” aya”wadi”, 
lebet”wadi” aya”manikem”, lebet”manikem” eta teh”rahsa”, di
lebet”rahsa” eta”Allah SWT”. 
 
Dina eta buku oge dieceskeun
awalna Allah SWT dina  ”nukat ghaib”anu ngaliputan sakabeh kaayaan, turun jadi 
cahaya wiwitan,
dilebetna aya”alam Ahadiyat, alam
Wahdat, alam Wahidiyat, alam Arwah, alam Mitsal, alam Ajsam dan alam Insan
Kamil”, jadi“manusa anusempurna hakekatnasifat Alah SWT”.
 
Salajengna aya hadist qudsi anu
unggelna rehna Kangjeng Nabi Muhammad SAW waktos ngajarkeun elmu ma’rifat ka
Sayidina Ali RA ngaharewos kieu: Saenyana euweuh nanaon, sabab basa masih
keneh suwung/kosong tacan aya naon-naon, anu leuwih aya tiheula nya “Aing”,
euweuh deui Pangeran sajaba ti “Aing”, Dzat Anu Maha Suci, anu ngaliputan sfat 
“Aing”,
marengan ngaran “Aing” jeung jadi tanda pagawean “Aing”. 
 
Dina ajaran “Wirid Hidayat Jati”,
tina hadist qudsi di luhur, Dzat Allah SWT sareng Sifat-NA di dunya sering
disilokakeun sapertos babasaan anu teu asup akal (irrasional) contona ”Khodok 
ngemuli lenge” atanapi”Bangkong ngaheumheum liang”,
pilari “Tapaking kuntul ngalayang (Tapak
soang di awang-awang)”, “Galihing kangkung ( Galeuh kangkung)”,“Wekasaning 
samodera tanpa tepi (Tungtunnalautan
tanpa tepi”.
 
Kulantaran di Sunda oge
pabalatak babasaan sarupi kitu, tiasa janten maknana oge caket caket kana
maksad “Wirid Hidayat Jati” nyaeta ngudag elmu “kasampurnaan”, maluruh “Dzat
Allah SWT” anu “TAPAKNA/SIFATNA” sanes wae anu aya di diri manusa tapi oge di
makhluk di alam jagat raya saeusina di dunya (LEUWI?). Tiasa janten ieu
babasaan asalna ti tatar Sunda, malah moal boa ti Sumedang(?). 
 
Kukituna anu penting ayeuna sanes wae milari “pihartoseun”nana, nanging
janten kawajiban urang Sunda, kedah nalungtik kaautentikan aslina, dina hiji
waktos kedah tiasa ngabuktoskeun yen urang Sunda sanes murid R. Ngabei
Ronggowarsita...he..he..

Wallohu'alam. Cag



On Sunday, October 13, 2013 1:08 PM, Roza R. Mintaredja 
<[email protected]> wrote:
 
  
Heee....boa langkung ti 17 tapak kang. Candak sa tapak sajah lah. Asal ka ala 
sadayana. Dina Prasasti Sang Hyang Tapak nu katelah Prasasti ShriJayaBhupati di 
Sukabumi abad XI, negeskeun yen urg kudu mikukuh EKOSISTEM. Sing saha anu 
mikadeudeuh ka Lingkungan sabudereun, sarta babakti ka masyarakat, eta geus 
pinasti dina lengkah TAPAKNA SangHyang Widi Wasa. Nu gaduh Widi. Nu miboga 
KaWasana saAlam Jagat Pawenangan. Cag Rampes! Nhn*R3M
On Oct 12, 2013 10:51 PM, "Ahmad Hazairin" <[email protected]> wrote:

 
>  
>Sampurasun....,
>
>
>Aya sabaraha hiji tapak meri dina leuwi?
>Saur para guru anu mumpuni, aya 16 tapak meri dina leuwi.
>Lamun eta kabeh kapanggih maka artina urang geus bisa 100% mersihan batin tina 
>kokotor.
>Lain eta wungkul, urang geus kalindungi tina kokotor batin, moal bisa katerap 
>deui.
>Tempat balik urang lain ka surga deui, kulantaran di surga masih aya kokotor, 
>saperti misalna sifat kasarakahan kana kanikmatan (lahir/batin).
>Tempat balik urang bakal ka Anjeuna...
>
>
>Tapak meri anu ka 1 nyaeta aya dua:
>1.a  Tapak materi
>1.b  Tapak batin
>
>
>Tapak materi mangrupa komponen materi anu pangleutikna (elektron? quark?).
>Tapak batin mangrupa unsur-unsur mental.
>
>
>Eta kabeh bakal namprak dina mata batin urang.
>Urang bakal bisa nalungtik hiji-hiji kalawan euweuh karaguan.
>
>Tangtuna lamun urang latihan soson-soson pantang nyerah, kalayan berserah diri 
>(muslim?).
>Lamun teu berserah diri, moal bisa tenang, moal siap, artina aya gelisah keneh 
>dina batin.
>
>
>Eta panginten sakitu heula nun...
>Eh, tapi naon anu 15 tapak deui, eta tapak meri teh...?
>Sok atuh saha anu uninga, urang silih babagi di dieu... lamun manggihan eta 
>tapak meuri moal bireuk deui...  :)
>
>
>Wallahu'alam
>
>
>Febi
>===

Kirim email ke