** Kintunan ti Rerencangan Caket **

---------------------------------

  Disadur tina buku Taufik Faturohman

  Tingkatan salingkuh

  SD (Salingkuh Dasar).
  Nu dimaksad salingkuh dasar teh nyaeta salingkuh anu dilaksanakeun ku nu
  kakara. Nu matak pikeun nu kakara mah alusna dina tonggong baju teh
  diaksaran "Belajar". Eta teh pikeun ngabedakeun jeung ahli-ahli salingkuh
  tingkat luhur.

  SMP (Salingkuh Memeh Pernikahan).
  ieu mah salingkuh nu dilaksanakeun ku jalma anu sakadeung deui rek kawin.
  sakumaha eusi paribasa "Kaduhung tara ti heula",
  ieu calon-calon panganten teh nyacapkeun heula kapanasaran ngadon
  saralingkuh heula, bari dina hatena masing-masing kedal jangji yen dimana
  maranehna geus rumahtangga moal saralingkuh deui satungtung taya
  kesempatan.

  SMU (Salingkuh Meunang Usaha).
  Salingkuh nu ieu mah bener-bener hasil tina perjoangan anu beurat.
  Rupa-rupa palakiah geus diusahakeun supaya aman tina
  panempo nu di imah. Berekah, ari ku apik mah salingkuh meunang usaha teh
  burung....kaperego.

  STSI (Salingkuh Tingkat Suami Istri).
  ieu mah salingkuh nu pabales-bales tea.  Lantaran salakina kapanggih
  salingkuh, atuh pamajikanana ge nurutan. Kitu deui
  sabalikna. Sabada dilaksanakeun, tetela salingkuh teh memang endah jeung
  .....picacapekeun.

  SMKI (Salingkuh Meunang Kahayang Istri).
  ieu mah salingkuh nu dipikaresep ku sakumna lalaki. Sanajan embung, tapi
  pamajikan teh neugtreug ninitah bae salingkuh, pokna teh "Sing guyub kawas
  batur", cenah.

  STPDN (Salingkuh Tanpa Pangaweruh Darurat Nandanganana).
  ieu mah salingkuh nu panggoreng-gorengna. Keur mah kakara diajar
  salingkuh, acan ge beubeunangan kaburu katohyan manten. hasilna, wayahna
  lamun ku nu di imah teu dipercaya salawasna.

  STM (Salingkuh Tidak Maueun).
  Salingkuh nu ieu mah salingkuh maksa tea, sabab nu diajak salingkuhna mah
  keukeuh teu daekeun. Tapi ari ku keyeng jeung leukeun mah, berekah manehna
  angger nampik.

  CCM-CS (Cingcangkeling Manuk Cingkleung Salingkuh).
  Duka tah salingkuh nu ieu mah hese nerangkeunana.


  Best regards

  Suherman
  PT. DaimlerChrysler Indonesia
  Desa Wanaherang, Gunung Putri
  Bogor 16965 Indonesia
  Phone: +62.21.86899172
  Fax: +62.21.86899502
  Email: [EMAIL PROTECTED]
  http://www.DaimlerChrysler.co.id


---------------------------------------------------------------------

To unsubscribe, e-mail: [EMAIL PROTECTED]

Website mancing-l at http://www.MancingL.com  --> Fishing information, online chat, 
forum discusion, clasifiedads, etc  
MancingL Archive at http://www.mail-archive.com/[email protected]
Fishing@Indonesia a MancingL sharing picture forum at 
http://communities.msn.com/FishingIndonesia

Millis ini terselengara berkat dukungan PT. Metrocom Global Solusi
  The Prefered IT Solution Company - http://www.metrocom.co.id

** Save Bandwidth... potong berita yang tidak perlu **


Kirim email ke