Re: [Urang Sunda] Gua Pawon-Ikon Gapura Kota Bandung ti Beulah Kulon arek Maot?

2010-01-24 Terurut Topik Astrid Astuti Muhtar
Abdi salaku urang Bandung,sedih tur prihatin pisan.Kumargi abdi mah rahayat 
alit anu teu tiasa naon-naon,bati jumerit dina hate mudah-mudahan ALLAH swt 
maparinan hidayah ka anu ngalajur nafsu ngaruksak kakayaan jeung kaendahan Kota 
Bandung milik urang sarerea,cing atuh eling-eling Bandung teh endah pisan pisan 
pisan,geulis pisan pisan pisan,na teu leubar kitu??





From: oman abdurahman omana...@gmail.com
To: kisu...@yahoogroups.com
Cc: urang sunda urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Mon, January 18, 2010 11:18:47 AM
Subject: [Urang Sunda] Gua Pawon-Ikon Gapura Kota Bandung ti Beulah Kulon arek 
Maot?

  

Warta di majalah tempo interaktif ngeunaan gua Pawon jeung lingkunganana 
pikasediheun. Ikon kota Bandung - diantarana salaku tanda yen lamun urang 
ningal pasir kapur anu patingjalegir di beulah kulon kota Bandung, eta tandana 
urang geus rek anjog ka puseur dayeuh Parahiyangan - ayeuna keur kaancam 
sakarat ku nafsu nambang anu tan aya wates wangenna. Ieu wartana:

http://majalah.tempointeraktif.com/id/arsip/2008/12/29/LIN/mbm.20081229.LIN129090.id.html

Kumaha ketak urang? lain wae pamandangan khas salaku ikon, gunung kapur jeung 
lingkunganan di Citatah ieu ngandung catetan sajarah kahirupan baheula, oge 
sababaraha tempat di ieu wewengkon ngarupakeun sumber cai bersih keur kahirupan 
di sabudeureunana. Lian ti eta, upama pasir-pasir kapur ieu ilang, bisa jadi 
iklim mikro kota Bandung robah pisan, bisa tambah panas dina usum panas, atawa 
tiris pisan dina usum tiris; atawa ngondang rupa-rupa ancaman bahaya saperti 
angin puyuh, jsb. 

Mangga diantos saran ilubiung perhatosanana.

manar











  

[Urang Sunda] Gua Pawon-Ikon Gapura Kota Bandung ti Beulah Kulon arek Maot?

2010-01-17 Terurut Topik oman abdurahman
Warta di majalah tempo interaktif ngeunaan gua Pawon jeung lingkunganana
pikasediheun. Ikon kota Bandung - diantarana salaku tanda yen lamun urang
ningal pasir kapur anu patingjalegir di beulah kulon kota Bandung, eta
tandana urang geus rek anjog ka puseur dayeuh Parahiyangan - ayeuna keur
kaancam sakarat ku nafsu nambang anu tan aya wates wangenna. Ieu wartana:

http://majalah.tempointeraktif.com/id/arsip/2008/12/29/LIN/mbm.20081229.LIN129090.id.html

Kumaha ketak urang? lain wae pamandangan khas salaku ikon, gunung kapur
jeung lingkunganan di Citatah ieu ngandung catetan sajarah kahirupan
baheula, oge sababaraha tempat di ieu wewengkon ngarupakeun sumber cai
bersih keur kahirupan di sabudeureunana. Lian ti eta, upama pasir-pasir
kapur ieu ilang, bisa jadi iklim mikro kota Bandung robah pisan, bisa tambah
panas dina usum panas, atawa tiris pisan dina usum tiris; atawa ngondang
rupa-rupa ancaman bahaya saperti angin puyuh, jsb.

Mangga diantos saran ilubiung perhatosanana.

manar