Teraskeun Bah Sent from BobokoBerry® -----Original Message----- From: Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com> Sender: kisunda@yahoogroups.com Date: Tue, 21 Aug 2012 10:12:03 To: kisunda<kisunda@yahoogroups.com>; urangsunda<urangsu...@yahoogroups.com> Reply-To: kisunda@yahoogroups.com Subject: [kisunda] Cersil Sunda 254
Atuh ku ancamaan kitu mah, para anak buah nu boga niat hayang bebela ge, jadi marurengked. Tapi ku ancaman eta , loba oge anak buahna nu aratoheun, bungaheun, lantaran teu kudu cape2 merangan si Mawar Hideung, nu geus tangtu jadugna. Sakabeh anak buah si Setan Alas Kobar geus mupakat moal pipilueun ka na urusan tarung antara pribadi Setan Alas Kobar jeung Mawar Hideung; nu tangtuna oge , eta nu dua teh elmuna jauh saluhureun maranehna. Si Setan Alas Kobar geus nangtukeun, yen ieu tarung teh ngan keur manehna duaan jeung si Mawar Hideung; jadi manehna neangan tempaat baris tarung nu hese didataanganana, ari teu bogaa elmu kanuragan luhur mah. Manehna kacida buleud hatena; pinuh kayakinan bisa ngelehkeun Mawar Hideung. Kumaha aari si Mawar Hideung salila 8 taun ieu ? Si Mawar Hideung oge arang muncul di kalangan Pendekar; lantaran leuwih resep mawa dirina ku waruga hiji awewe desa nu basajan. Nyi Lasmini. Teu arapaleun yen Lasmini teh Mawar Hideung. Tapi arang ayeunaa mah lalaki wani2 ngaganggu ka Lasmini, lantaran boga pikiran sieun kapanggih ku Mawar Hideung; tangtu moal diantep; tangtu maranehna cilaka. Nu matak salila Lasmini aya di Cirebon teh, aman we, arang aya kajadian nu teu diharepkeun. Aya eta ge hiji dua lalaki nu ngahaja ngadatangan Lasmini, tapi bari enya2 hayang miharep kadeudeuh mileuleuheung ka Lasmini; ngan ku Lasmini ditolak bari tetep someah. Paribasa can mikir imah2. Nu mimiti jadi murid Lasmini, ngaranna Nyi Inah; manehna kapanggih ku Lasmini rek maehan maneh, lantaraan nyeri hate ( patah hati ) ditinggal kawin ku kabogohna. Hese oge ngabangbalerkeunana, tapi ahirna Nyi Inah sadar; terus we jadi murid Lasmini. Sanggeus kitu, Lasmini boga murid deui; dua budak awewe; ieu mah duanana adi lanceuk, pahatu lalis, terus dijadikeun tukang lacur ku hiji mucikari; kanyahoan ku Lasmini; gancang ngadatangan mucikari ku jirim Mawar Hideung. Atuh eta mucikari sieuneun pisan; nya eta dua budak nyi Edah, jeung Nyi Entin dipasrahkeun ka Mawar Hideung.HANCA