Episode 59 : Lasmini Jadi Pendekar Mimiti indit, Lasmini nuju ka Kulon kaler; nya eta nuju ka daerah Cirebon; duka kumaha Lasmini oge rada haroream ka wetan mah; cenah ngadeukeutan Jepara, nu ngajadikeun Lasmini rada kurang srek indit ka ditu deui. Nu matak nuju ka Kulon, lain ka Wetan. Lasmini geus dibekelan ku Padmini, loba pisan , enggoning cara2 hirup di dunya Persilatan; saha2 jago2 na waktu harita; terus golongan2 nu aya di kalangan jadug; nu kumaha jago nu nyekel bebeneran kapendekaran; nu kumaha nu sok ngahalalkeun sagala cara jeung rea2 deui. Lasmini teh kawilang cerdas pisan; sakali diajarkeun terus langsung apal; nya na masalah jeung kalangan kapendekaran ge Lasmini Dewi apal pisan. Mimiti Lasmini ngadatangan Paguron Kandaga, Pleredan; terus ngenalkeun diri; yen manehna anak Padmini; atuh ditarima kalawan daria pisan, lantaran ieu paguron teh salah sahiji nu ngajar Padmini; tapi ahirna eleh ku Padmini. Ki Suro nu jadi guru Paguron Kandaga; ngahormat pisan ka Lasmini; kitu deui para muridna. Tapi aya salah sahiji murid nu ngaranna Ki Rekso panasaran, tuluy hayang nyoba. Tadina dicaram ku Ki Suro, tapi Lasmini malah atoh lantaran bisa mraktekkeun naon nu diajarkeun ku ibuna. Nya atuh harita Ki Rekso maju bari na hatena moal sabaraha kakuatan ieu wanoja geulis teh; enya ge anak Padmini. Tapi barang masang kuda2 teu kanyahoan, heat heat plok plok dua kali si Rekso kacabok ! atuh langsung katuralengan ngan sakilat pisan.HANCA