Kiwari geus teu aneh di nagara urang ngenaan perbedaan awal puasa atawa poe idul fitri. Pikeun masalah ieu, hayu urang toong jeng tempo nash-nash anu kudu jadi pegangan sakabeh Ummat Islam dina ngaharepan masalah ieu. Kaum muslimin kudu ngayakinan ngenaan wajibna taat ka pamarentah dina perkara anu henteu bertentangan jeung ajaran Islam. Hal eta disasarkeun firman Allah Swt. sakumah dihandap ieu : يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا أَطِيعُوا اللَّهَ وَأَطِيعُوا الرَّسُولَ وَأُولِي الْأَمْرِ مِنْكُمْ "Hai jalma anu ariman, taat ka Allah jeung taat ka Rasul (Na), jeung ulil amri diantara maraneh" (QS. An-Nisa : 59). Ulil amri nyaeta para ulama jeung pamarentah (pangawasa), sakumaha anu disebutkeun ku Al Imam Ibnu Katsir rahimahumullah dina tafsirna (Tafsir Al Qur'anil 'Adzim, 1/530). Sauarang sahabat Nabi Sawr. anu ngaranna Al-Irbadh Ra. ngomongkeun :
صَلَّى بِنَا رَسُولُ اللهِ n ذَاتَ يَوْمٍ ثُمَّ أَقْبَلَ عَلَيْنَا فَوَعَظَنَا مَوْعِظَةً بَلِيغَةً ذَرَفَتْ مِنْهَا الْعُيُونُ وَوَجِلَتْ مِنْهَا الْقُلُوبُ فَقَالَ قَائِلٌ: يَا رَسُولَ اللهِ، كَأَنَّ هَذِهِ مَوْعِظَةُ مُوَدِّعٍ، فَمَاذَا تَعْهَدُ إِلَيْنَا؟ فَقَالَ: أُوصِيكُمْ بِتَقْوَى اللهِ وَالسَّمْعِ وَالطَّاعَةِ وَإِنْ عَبْدًا حَبَشِيًّا فَإِنَّهُ مَنْ يَعِشْ مِنْكُمْ بَعْدِي فَسَيَرَى اخْتِلَافًا كَثِيرًا، فَعَلَيْكُمْ بِسُنَّتِي وَسُنَّةِ الْخُلَفَاءِ الْمَهْدِيِّينَ الرَّاشِدِينَ تَمَسَّكُوا بِهَا وَعَضُّوا عَلَيْهَا بِالنَّوَاجِذِ وَإِيَّاكُمْ وَمُحْدَثَاتِ الْأُمُورِ فَإِنَّ كُلَّ مُحْدَثَةٍ بِدْعَةٌ وَكُلَّ بِدْعَةٍ ضَلَالَةٌ "Hiji poe Rasulallah Saw. shalat ngimaman kami, terus anjeuna nyanghareupkeun penteuna ka kami bari mere nasehat ka kami ku nasehat anu pang jerona. Cai panon ngarumbai jeung qalbu ngarasa ngageter kusababna. Mangka saurang sahabat ngomong "Nun Rasulallah, ieu sapertina nasehat paturay tineung. Tuluy naon anu baris diwasiatkeun ka kami?" Anjeunna Saw. ngadawuh "Kuring wasiatkeun ka aranjeun pikeun taraqwa ka Allah Swt., ngadenge jeung taat (ka pangawasa) sanajan manehna saurang budak sahaya ti Habsyah (Ethiopia. red)..........................................." Dumasar nash eta, pikeun kaum muslimin wajib taat kana kaputusan Pamarentah anu bakal diputuskeun dina raraga ngajalankeun waktu/poe awal Ramadhan. Wallahu'alam