> A Gunawan <rotan...@...> wrote:
> Pami teu lepat mah, Raden Saleh teh ngangkat R.A.A Martanagara, anu 
> jeneng bupati Bandung. 

Leres pisan, Martangara janten "anak angkat" Raden Saleh, dina memoirna R.A.A 
Martanagara nulis kieu:

"Kira-kira satengah taun geus disunat, Raden Saleh, "Tukang Gambar Raja", 
nganjang ka Sumedang, jeung mondok lima belas poe di imahna Bupati. Raden Saleh 
ditarima make upacara siga kaanjangan Bupati. Pangeran Sugih nawarkeun 
putra-putrana, kuring jeung Durahim ka tamuna teh. Kuring jeung Durahim dibawa 
ka Batavia jeung cicing di imah Raden Saleh di Kampung Gunungsari dibeulah 
kaler kota, di sisi Ciliwung.

Istri Raden Saleh, urang Eropa, Nyonya Winkel Hagen, tadina randa tinu boga 
tanah di Gemolak, deukeut Semarang. Istrina kasohor jalma beunghar. Di Batavia 
anjeunna pakepuk ngurus pabrik batikna. Anjeunna oge gaduh pabrik minyak 
seungit dimana kembang gambir jeung kembang malati diolah. Salian ti eta 
anjeunna oge gaduh toko emas. Didinya digawekeun tukang emas (pengrajin) nu 
nyieunan ali, liontin, jepit jeung perhiasan sejenna. Kabeh jongosna, kaasup nu 
ngurus istal, didatangkeun ti Jawa (maksudna urang Jawa). Jadi kuring kudu make 
basa Jawa sapopoe. Kuring ngan bisa ngomong basa Sunda jeung Durahim.

Dihiji poe, Raden Saleh ngabejaan yen kuring jeung Durahim rek dikirim ka 
Semarang, rek diasupkeun ka sakola Jawa. Cariosna : "Supaya engkena aranjeun 
bisa digawekeun ku pamarentah di daerah Sunda atawa di daerah Jawa. Ibu (Ny. 
Raden Saleh) engke rek mawa aranjeun ka Semarang"

[Kungsi diposting ku kuring sababaraha taun katukang]



Kirim email ke