Tulisan nu rada daria ngeunaan kusnet nu dicitak, aya dina kumpulan
makalah Kongres Basa Sunda Subang. mangga paluruh. kusnet, milis
urangsunda@yahoogroups.com, jadi salah saratus panyatur dina eta
kongres. Ua Sasmita nu kapayun, rombongan kusnet harita kang Oman
(sareng he love deui namina, teteh nu lami di amrik, urng cimahi),
kang Soni bolotot.com, si kuring.

Perkara naon ari kusnet, eta ngaran atawa landihan pikeun milis
urangsunda@yahoogroups.com

teu dipatenkeun, ngan make adat urang we, silih ngajenan. da
yahoogroupsna lain nu urang ongkoh

komunitas urang sunda di internet (KUSnet), eta hartina ngawengku
kumna urang sunda nu boga web atawa milis di internet?

 
Ayeuna rek naros, ari Paguyuban Pasundan, anggotana sadaya urang sunda?

Oge Daya Mahasiswa Sunda (Damas), naha anggotana sadaya mahasiswa sunda?
 

Kitu tah..

Ke ieu ngetes heula, sababaraha kali posting teu nepi2

Jadi disangka teu embol2 ku Amank Maya. Ke dagoan nya.


kuncen #3
mang jamal



Kirim email ke