Babagi pangaweruh di Wikipedia teu kudu nu beurat-beurat. Contona di handap
ieu, artikel nu medar ukuran2 anu dipake ku urang Sunda samemeh make sistem
meter-gram. Teu kedah sieun lepat, da ngalereskeunana oge gampil pisan,
sakumaha gampilna ngadamel artikel enggal.

Bade ngiring ngarojong WIkipedia sakaligus ngahirup-huripkeun basa Sunda?
Mangga, diantos di su.wikipedia.org sareng proyek2 sanesna anu sawargi.

Wilujeng saum.

sikandar
kumincir.blogspot.com

Unit ukuran Sunda bihari

Saméméh maké sistem ukuran baku internasional (méter, gram, jsb.), urang
Sunda boga unit-unit ukuran pikeun kaperluan sapopoéna.

Panjang & lega
    * Deupa; ukuran henteu baku, dumasar kana panjang ti tungtung ramo
jajangkung kénca nepi ka jajangkung katuhu anu dipentangkeun silih lawan
arah (jalma sawawa). Sadeupa kira-kira sarua jeung 1,6 méter.
    * Jeungkal; ukuran henteu baku, dumasar panjang ti tungtung jempol nepi
ka tungtung cinggir anu dipentangkeun (jalma sawawa). Sajeungkal panjangna
sarua jeung kira 20 sénti.
    * Tumbak; satuan panjang baku, sarua jeung 3,7674 méter.
    * Bata téh minangka satuan lega anu pangleutikna. Sabata sarua jeung
satumbak pasagi, 14,1933 m2.
    * Bau mangrupakeun satuan lega pangbadagna. Sabau sarua jeung lima ratus
bata, 7096,6514 m2.

Beurat
    * Kati téh ukuran beurat baku pangleutikna, sarua jeung 617,5 gram.

Rujukan

    * Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Taraté,
Bandung.

Kirim email ke