Kang Tirta / JP pami butuh sherpa teu keudah tebih-tebih, langsung di ieu milis we, mangga ku si kuring anter. Mung keudah dinten libur. heu heu   heureuy kang Tirta, tapi pami abi bade ditu deui ku si kuring diwartosan.
 
Sumuhun kang Dudi ngalangkungan Kledung (Sundoro) lan Garung ( gn.Sumbing). mani sae pisan tah dua gunung teh view-na. komo di saluhuren Garung mah endah pisan, ditambih samangat kaagami-an wargina mani resep tur asa di lembur nyalira di Brebes.
 
Perkawis harta karun jeung sajabina, abi mah rada bingung oge ku budaya pawetanan. Eta gn Sumbing, Sundoro, Merbabu, Merbabu komo gn Lawu - kawi mah, pami 1 syuro mani ceyah sapertos pasar senggol. kumaha teu matak bingung milarian harta lan jodoh malah naek gunung ?
tapi wong semarang-na kang dudi sanes kenging di gunung kan ?
heu heu...... hampura kuncen sunda tapel wates
mangga dilajeng

dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Si kuring lain tukang naek gunung Kang, ari gn salmet mah dipolotan unggal poe da teu jauh ti eta gunung mah pan ka baturraden ge nga ukur 10 menit paling ge. gn.sindoro-sumbing ngaliwatan kana pabelahanana palebah kledung (handapeun dieng) ari ngaterkeun anak mitoha ka semarang. merapi merbabu mah ceuk dongeng adi beuteung anu kamari mah resep neangan harta karun, emas batang tea geuning anu rame kamari jaman repotnasi aeh reformasi. Etah geuning Kang Tirta kungsi nyaba ka kadieu, naha teu ngabejaan si kuring? engke mah lamu ngulampreng ka belah wetan tong poho bejaan kuring moal burung dibageakeun geura da cai herang mah ayalah....
 
iiih geuning geus suwung sawah teh eung....,
Cag heula ah,
 
Wassalam
dudi_ss
 
 
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, February 02, 2005 5:00 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Adipati Ukur

Kang Dudi oge Kang Nana geuning resep naek gunung? Gunung slamet mah can pernah ngan baheula ti Baturraden ngan nepi ka 7 pancuran. Cita-cita hayang pisan naek gunung lawu. Cenah kadinya mah kedah aya "sherpa"nya?
 
JP


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke