Cenah di Tasikmalaya; ku sabab sieu gas bitu; nya aya nu ngusahakeun balik deui 
ka suluh.

Naha nya Urang Tasik mah teu kecet2; malah di Urangsunda/kisunda nu sanes Tasik
carios ieu diangkatna ?

Kamarana atuh urang Tasik teh ? Parongpong ?

Tah ari komentar Kula mah, hehehehe, sim kuring........... ku suluh teh asa teu
ekonomis pisan; sanes pedah prinitif; henteu sanes eta.

Tapi kapan Kaina tos ampir ledis didamel wangunan ? Upami tea mah samiuk, moal 
teu
langkung sesah ti batan ngabeledugna GAS ?

Hehehehe, kanggo kaperyogian sadidinten nganggo kai ?
asa riweuh; teu kabayangkeun........................
kajabi upami mung luluwukan; teu samiuk. Atanapi kampung Naga wungkul misalna.
Teu naon2; tapi upami tea mah ditarurutan ku masyarakat sanesna..........Beu !?

Moal teu dugul leuweung teh panginten................ hehehehe

Ieu mah, mung ukur "pendapat".............hehehehe duka atuh.

Kumaha urang Tasik; leres tah aya nu bade ngagentos gas ku suluh ?

Mung jelas upami katuangan sadidinten nganggo suluh, langkung NI'MAT.




      

Kirim email ke