Haturan Kang Amin,
 
Ieu mah minangka 'siaran ulang' ti kuncen #6# kanggo Kang Amin.Tah geuning mani eces pisan naon nu ditandeskeun ku kuncen #6#  yen salah sahiji syarat mun urang
hayang ulubiung dina milis ieu teh nyaeta kudu ku basa Sunda. Nuhun atuh ari Kang Amin masih ngangken pituin Sunda keneh mah najan tos lami teu aya d tatarsunda.
Atuh palebah mana beurat jeung hesena upami Kang Amin ayeuna ngagunakeun basa Sunda di milis ieu dina raraga ngamumule basa Sunda ari enya mah Kang Amin pituin Sunda. Kang Amin teu kedah naros otoritas timana atawa otoritas saha yen basa Sunda nu kudu digunakeun di na milis ieu. Ieu mah sanes sual otoritas tapi syarat nu
ku urang kudu ditedunan ku sing saha bae nu ngaku urang Sunda nu hayang ulubiung dina rohangan ieu ,komo pan Kang Amin mah pan ngangken pituin Sunda. Mun kuring hayang ulubiung atawa bermasyarakat nu dipikaresep, nya kuring kudu tuhu kana aturan nu aya di masarakat eta sabab kuring embung disebut jalma bedegong sabab mun geus jadi jelema bedegong alias jelema nu hayang mawa karep sorangan  tangtuna oge urang bakal ditajong ku masarakat eta. Ceuk basa deungeunan mah moal di-welcome lah. Kuring bade naros ka Kang Amin nu tos taunan jam terbangna di paguron luhur, cing kudu aya dimana atawa cicing dimana (di rohangan mana)
pikeun sing saha bae nu embung tuhu kana aturan masarakat setempat ? Ceuk
kuring pribadi man (hapunten sa teuacana) jawabanana iwal ti.....leuweung geledegan nu tangtuna oge mo aya aturan jeung peraturan.
Ku kituna atuh upami Kang Amin nu ngangken pituin Sunda namung ngaraos hoream atanapi 'ijid' ngagunakeun basa Sunda (Punten sanes ngusir akang ti ieu milis), tangtosna oge Kang Amin uninga yen milis nu ngagunakeun non-Sunda teh sanes hiji.
YOU HAVE THE CHOICE,KANG !  Kitu ceuk basa deungeun tea mah .
 
Baktos
Misan .


Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min.


Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke