Dina memoarna R.A.A Martanagara (kungsi diposting didieu), di Sumedang baheula
di abad ka 19, ngadeg Sakola Eropa keur Wanoja anak-anak menak Priangan. Ceuk
Martanagara ieu sakola munggaran keur awewe nu ngadeg di Priangan (boa di
Indonesia?). Kapala sakolana Meneer Warnaar. Muridna 12 urang anak awewe para
bupati di Priangan (Iwal ti bupati Cianjur nu teu ngirimkeun anakna saba masih
cangcaya kusabab guruna Non Muslim).

Jigana salah saurang muridna R.A.A Lasminingrat, putra awewe Panghulu Muhammad
Musa, istri Adipati Aria Wiratanudatar VII, bupati Garut jeung salah saaurang
tokoh Wanoja Indonesia nu sabenerna mah bisa disajajarkeun jeung Ibu Dewi
Sartika jeung R.A Kartini. Dina "Garutpedia" Lasminingrat dikirim ka Sumedang
kulantaran aya walanda sobat ramana Levyssohn Norman nu cicing di Sumedang
(engkena walanda ieu jadi sekertaris Gubernur Jendral di Hindia Walanda).

R.A.A Lasminingrat wanoja nu maju pikiranana ngaleuwihan jamanna, malah
sabenerna mah bisa disebutkeun anjeunna saleresna cikal bakal "gerakna" wanoja
Indonesia teh sabab "kiprah" anjeunna jauh sateuacan RA Kartini atawa Dewi
Sartika.

Tapi anehna aran Lasminingrat ampir titeuleum kakara diguar ayeuna-ayeuna, oge
perkara "SAKOLA EROPA" keur awewe di Sumedang sarua tara disebut-sebut. siga nu
dipopohokeun atawa dihaja dipopohokeun. Kunaon nya? Pedah Lasminingrat putrana
Moh Musa nu caket ka urang Walanda kitu? Kunaon deui sakola keur awewe di abad
ka 19 teu disebut-sebut dina sajarah? Pedah sakola husus keur anak menak kitu
jeung guruna urang Walanda?

Duka, kuring mah teu ngarti, padahal ari perkara Walanda guruna mah, Bung Karno
jeung Bung Hatta ge guruna Walanda, R.A. Kartini oge sobatna urang Walanda .....

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke