Tah di dinya, ku andika adegkeun eta dayeuh
sebab bogor teh hartina tunggul kaung
Ari tunggul kawung 
emang geh euweuh hartina 
euweuh soteh cek nu teu ngarti
Ari sababna, sabab ngaran mudu Bogor
sabab bogor mah
dijieun suluh teu daek hurung
teu melepes tapi ngelun
haseupna teu mahi dipake muput
Tapi amun dijieun tetengger
sanggup nungkulan windu kuat milangan mangsa
Amun kadupak
mantak borok nu ngadupakna
moal geuwat cageur tah inyana
Amun katajong?
mantak bohak nu najongna
moal geuwat waras tah cokorna
Tapi, amun dijieun kekesed?
sing nyaraho
isukan jaga pageto
bakal harudang pating kodongkang
nu ngarawah si calutak


Tah kitu!
ngaranan ku andika eta dayeuh
Dayeuh Bogor!
[Pantun Pa Cilong. "Ngadegna Dayeuh Pajajaran]

basa samingguan kamari, bogor kena ku angin gede
pisan, malihan mah matak pikasieun. Pas na teh

keur peuting tabuh dalapanan. hujan angin dibarengan
geledek. Pas jam salapan nan hujaan geuss

root , tapi di sabuderan istana bogor, kebon raya
jeung jalan pajajaran loba tatangkalan nu rungkad.

Da komo deui di Kebon Raya aya tatangkalan nu umurna
ratusan tau rungkad, nya isukna pas tanggal

3 juni 2006 biasana asup ka kebon raya bogor haratis
ayeuna teu bisa kusabab eta tea tatangkalan

loba nu rungkad jeung ngahalangan jalan nu aya di
kebon raya. Ieu kajadian teh lain taun ieu wae ,

basa taun 70-an kungsi oge aya kajadian samodelk kieu,
da ieu ge saur nu ngalaman pas waktos eta .

Cenah basa eta oge sami samodel kitu malihan mah
samemehna basa jaman na -Ki Ato- di Istana

Bogor rek ngayakeun raramean nu artis na ti ibukota
tapi artis nu urang sunda komo ti bogor mah

eweuh malihan kokolot bogor - Rakean Minda Kalangan -
kungsi nyaram ka eta walikota ulah

ngawidian ngayakeun acara di istana Bogor, nya kusabab
teu waro nya kajadian na sarua samodel

kamari aya hujan angin dibarengan geldeg gede. Tapi
naha kajadian kitu karendepan deui taun ieu.

Basa pa walikota pas taun 2004, 2005 teh moto na kota
bogor teh "Bogor Rancage Hade Gawe, jeung

Muru Laku nu Rahayu nanjeur Bogor Jaya di Buana" tapi
naha moto milangkala bogor ayeuna eweuh nu

bau2 pisan sunda malah Bogor Peduli hunkul , atanapon
gara2 walikota bogor na kurang deukeut

jueng budayawan,sejarahwan atawa seniman atawa
walikota bogor na lain pituin urang Sunda atawa

lain urang Bogor asli. Panginteun eta teh totonden
keur urang sadayana kudu inguet ka Allah SWT jeung
kudu cinta sasama manusia jeung alam tea,
Tapi mun urang balik deui ka hari jadi bogor nu ka 524
timana jujutanna, nya kamari basa jabung

tumalapung jeung kang anis jati sunda, pa eman
sulaeman ,pa inochi, kang hendra jeung rengrengan

ti hanjuang bodas bogor sareng pupuhu padepokan giri
sunda pura Sindang Barang bogor kang maki,

di jentrekeun pisan timana asalna tanggal 3 juni teh.
Panginteun ari bogor teh ssalah sawios identitas di
jawabarat dinu sajarahna, nya ari bogor teh

puserna ibukota pajajaran didieu oge prabu siliwangi
marentah, Prabu siliwangi marentah timimiti

tahun 1382, ari pamerantahan teh cukup lila nyeate
kira2 39 tahun lilana,

pakuan dijieun ibukota ngangetikeun kawali, tah
timimiti pusat pamarentaha eta nu dijiuen titik

itungan milangkalana ,ari sumberna mah ti pantun bogor
nu dituturkan ku Ki Buyut Baju Rambeng

jeung Pa Cilong nu di catat di rumpin ku kulawarganan
Alm. R Muhtar Kala. Ari nu lengkepna na mah

ping 13 juni 1482 atanapon 867 hijriah.
Dinu lakon ngahiyangna Pajajaran, di ibukota pakuan
baheula osok di ayakeun upacara Gurubumi

jeung Kuwerabakti unggal taun, waktuna dimimitain 49
poe saatos musim panen, jeung dipungkas ku

upacara Kuwerabakti pas bulan purnama, tah di daerah
pakidulan (banten jeung sukabumi) masih keneh

aya upacara nu samodel kitu nyaeta Gurubumi, nya mun
dibogor tea mah basa Seren Taun nu

diayakeun di di Sindang Barang tea. Tah panginteun ari
jujutan hari jadi kota bogor teh tidinya ari

sumberna mah saurna Kang Anis mah ti Pantun Bogor,tapi
ari di satujuan na hari jadi kota bogor teh

ku babaraha budayawan bogor nyatea ku tirsna supandi,
hapid sirod , muhtar kala,sambas,saleh

danasasmita, jeung eman sulaeaman (sumber kang anis
djatisunda).


Pun Yayan
(beusi sabla kaba-kaba, hanteu niti tali paranti,
beusi miceuk marineus, meuceuk geuleuh meceuk keumeuh
atuh pangnyingraykeun bae nyah)
http://.serentaunsbr.multiply.com
http://geocities.com/jajaka_subang


Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke