> muhamad rafah <nda1...@yahoo.co.id
> pami ayeuna masih siga taun eta, resep meureun...
> teu kedah ngenet... kantun bolotot....

Bolotot kenging saminggu mah, kadituna mah nya biasa we ...hehehe. Kungsi 
ngalaman sabulan leuwih nganjrek di lembur urang Dayak nu teu marake kutang. 
Enya saminggu mah "bolotot" wae, nempo nu ngagarantung teh, tapi lila-lila 
mah biasa, teu aneh.

Waktu kuring keur budak di lembur di taun 1960an, biasana nu teu make kutang 
teh nini-nini di imahna/sabudureun imahna atawa di kebon nu rada jauh ti 
tempat rame. Waktu kuring naek ka puncak Gunung Tampomas, kuring pasanggrok 
jeung nini-nini tiluan, keur ngagembol suluh ku karembong, bari teu 
dikutang, ukur disamping wungkul.

Dina situs KITLV, aya sababraha foto nu nempokeun awewe Soenda (oge Jawa) nu 
teu marake kutang, tapi nu paling nunjukkeun teu direkayasa ku juru fotona 
(pantesna), foto ieu jeung hiji deui foto awewe nyuhun suluh. Foto-foto nu 
sejenna sigana mah teu make kutang teh kulantaran dititah ku juru fotona. Nu 
umum dina foto2 wanoja Soenda/ Jawa "jadul" koleksi KITLV, pakeanana kabaya 
atawa samping jeung kemben. Ampir teu aya foto nu nunjukkeun  make pakean 
Eropa atawa pakean Arab, iwal ti urang Eropa/ Arab sorangan. Foto pakean 
wanoja Arab "jadul" di Tanah Sunda/ Jawa ngaharib-harib jeung nu umum dipake 
ku wanoja Indonesia di perkotaan ayeuna,  geura tingali di alamat:
http://kitlv.pictura-dp.nl/index.php?option=com_memorix&Itemid=28&task=topview&rpp=30&cp=5&CollectionID=1&RecordID=53847&PhotoID=KLV001054804)

Baktos,
WALUYA






Kirim email ke