baraya, bilih aya nu bade nulungan urang indramayu nu bade kaleungitan hiji
warisan budayana nu mangrupa sapeti wayang cepak nu umurna geus ratusan taun
cenah.

kuring manggih info ieu ti facebook, basa ningalian profilna saurang
babaturan. teu kahaja asup ka facebookna rofiqoh djawas, jigana inyana teh
asli ti indramayu. cek manehna, inramayu baris kaleungitan hiji warisan
budayana. sapeti wayang cepak antik boga hiji seniman indramayu bakal dilego
100 juta ka luar nagri. perhatian pamarentah, gegeden, jeung jalma beunghar
di indramayuna cenah teu aya pisan kana kajadian ieu teh. ku kituna bilih
aya wargi nu gaduh perhatian kana masalah ieu, tiasa ngahubungi ka rofiqoh
djawas ieu. sugan we teu acan kaburu ka luar nagri, da postingna ka fb teh
tos ti tanggal 21 februari kamari:

gambarna aya di dieu:

http://www.facebook.com/#!/photo.php?pid=774013&op=1&o=global&view=global&subj=1363814430&id=1610271667&fbid=1296826473325

profile rofiqoh djawas:

http://www.facebook.com/rofiqoh.djawas

nuhun



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke