Aduh punten kang, sanes pundung abdi mah. Mung tadi enjing kaleresan aya sakedik masalah di laut/lapangan. Janten ngangkleung heula...ayeuna nembe mukaan serelek.
Abdi mah tara pundungan komo belikan mah, bisi peujit koreseun...hehehehe Kumaha damang kaang? Hatur nuhun poko namah, kamari tos ngabarantos abdi, allhamdulillah ayeuna mah tos rada ngalartoseun di lembur teeh. Sakali deui nuhun ah, Baktos, Yosep -----Original Message----- From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of waluya56 Sent: Thursday, February 23, 2006 7:44 AM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Re: tumaros : kanggo ahli agama.... Kulantaran kuring nu ngawitan ngawaler kang Yosep. Kuring oge bet asa nyanyahoanan ieu teh, padahal mah ukur ningali kasus anu parantos kajantenan, da ari hukum agama sareng hukum nagara mah teu patos terang. Kasus sapertos nu carioskeun ku Kang Yosep ieu, kantos lebet pangadilan Negeri Bandung. Di Cicadas Bandung aya istri, teu acan pipirakan (dina proses), nikah deui, tah kumargi carogena henteu nampi, diadukeun ka pangadilan. Istri ieu unggah bale watangan, dituduh ngalakukeun poliandri. Wartos ieu diwartakeun ku koran di Bandung, kajantenana 2-3 taun kapengker. Perkawis akta kelahiran. Kecap-kecap dina akta kelahiran di nagara urang, "telenges" pisan kanggo budak nu ibu-ramana teu gaduh serat nikah, nyaeta disebat "ANAK HARAM dari Ny. X", teu disebatkeun saha bapana. Cap " ANAK HARAM" ieu pan janten kacacandak dugi ka kolot. Hatur nuhun. Ari Kang Yosepna kamana ieu teh? ....Kang ulah pundung ah ..... Baktos, WALUYA --- In urangsunda@yahoogroups.com, "kang Enduy" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punten ah, abdi kalebet jalmi nu teu sapagodos sareng ieu ugeran. Sakali > deui punten, hatur nuhun ka kang Yudi kana sanes kanten emutanana, nanging > perkawis ieu di baledogkeun ka milis taya lian maksad kang Yosep teh mung > darma tumaros ka anggota anu ngaratus, malihan ngarebu. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/