Hebat Euy Mang Jamal. Wilujeng janten jawara Esey!
Upama ditengetan, gaya tulisan mang Jamal, jiga nu heureuy, cenderung teu 
seurieus, tapi eusina "jero". Gaya jiga kieu asana teh merenah jeung 
komunikatif pikeun "pembaca" kalangan barudak ngora. Gaya tulisan siga kieu 
bakal jadi "tren", tos jadi "cap dagang" (trade mark)  mang Jamal.

baktos,

mrachmatrawyani
(anu masih "dagang- degeng")

--- On Mon, 10/26/09, ja...@itenas.ac.id <ja...@itenas.ac.id> wrote:

From: ja...@itenas.ac.id <ja...@itenas.ac.id>
Subject: [Urang Sunda] horeeee juara I esey LBSS 2009
To: urangsunda@yahoogroups.com, kisu...@yahoogroups.com
Cc: baraya_su...@yahoogroups.com
Date: Monday, October 26, 2009, 11:41 AM






 




    
                  

alhamdulillah, esey si kuring nu dimuat majalah basa Sunda Cupumanik,  nu

judulna "Masagi" jadi pinilih (juara) ka hiji ku Lembaga Basa jeung Sastra

Sunda (LBSS) pikeun taun 2009. juri kategori esey, abdullah mustappa,

teddy a.n muhtadin (dosen sastra sunda unpad), hawe setiawan. salah sahiji

alesana, esey si kuring mesek babasan paribasa sunda :masagi, buleud jeung

nyungcung (segitilu=juru tilu) kalayan dianalisis hartina nu pakait jeung

religiositas, senirupa/estetika, matematika, jsb.



acara pamasrahan hadiah kamari saptu di gedong ypk jl naripan bdg. hadiah

duit opat juta rupiah.



sanggeus sawareh disetor ka penjaga gowah di imah, oge masihan ka pun

biang nu kaleresan sumping ngalongok, oge ka ibu mertua -meh adil- sesana

bieu dibelikeun euro, pikeun tambahan bekel jang di leiden. 1,6 jutaan

meunang 115 euro. heuheu.



juara ka dua, Burjo (bubur kacang ijo) kenging kang Asep Budi Setiawan,

urang dinas parbud kuningan. esey ieu dimuat galura, eusina ngabahas

tukang bubur kacan ijo nu kabeh urang kuningan di yogyakarta. cenah aya ka

400urang tukang burjo di yogya, jst. sigana poin juri dina esey ieu,

ngagunakeun basa sunda pikeun ngabahas ekonomi, jst.



juara katilu, he love deui namina, judulna masarakat adat.



----

ieu artikel juara teh :)



Masagi



Ku Mang Jamal



Alam dunya nu éndah ieu dicipta ku Pangeran. Kusabab diciptana ku

Pangéran, tangtu rupa atawa wanguna hadé jeung sampurna. Kasampurnaan alam

ieu sok dipaké pikeun siloka kaasup dina babasan jeung paribasa.

Karancagéan kolot baheula enggoning ngarumuskeun jurus pikeun

nyanghareupan hirup jeung kahirupan, salah sahijina dina wangun babasan

jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu nginjeum ti kaayaan alam

éta. Model atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda make conto

alam, boh manuk boh mangrupa sato. Diantarana ranggon –ti manuk ranggon;

julang ngapak, badak heuay, tagog atawa jogo anjing, jeung galudra ngupuk.



Cara niru ka alam oge aya dina ngagambarkeun kageulisan hiji wanoja,

ditataan maké rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jentre: angkeut

endog sapotong, ramo pucuk eurihan, lambéy jeruk sapasi, halis ngejelér

paéh, cangkéng lenggik nanding papanting, taar teja mentrangan, damis

kuwung-kuwungan, bitis héjo carulang, jst. Jadi kageulisan atawa kaendahan

dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam. Malah sangkan leuwih afdol,

simbol tina rupa alam dijentrekeun jeung kaayaananana pikeun mastikeun nu

dimaksud kalayan sampurna. Saperti dina ngagambarkeun gado, nu geulis mah

disebutna oge angkeut, nu hade diibaratkeun ku rupa endog tapi kudu

sapotong. halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna hirup

mah duka kumaha rupa halis teh. Jadi sangkan ngajepatna hade, teu usik teu

malik luhureun panon, nya dipaehan heula tah si jeler teh!



Eusi babasan jeung paribasa diantarana ajaran moral atawa etika nu oge

bisa disebut falsafah pikeun ngalakonan hirup. Ilaharna mangrupa siloka

atawa perlambang nu ngandung harti jero bari dirangkéy ku basa nu ringkes,

jadi gampang ngingetna. Karasana pantes kénéh dipaké ayeuna oge jaga, teu

keuna ku waktu kadaluwarsa da teu make bahan tambahan siga formalin.



Mun urang bingung kudu kumaha gaul boh jeung papada manusa atawa jeung

mahluk liana, aya jurusna, diantarana kudu hade gogog hade tagog -siloka

maké sipat kaayaan sampurna sato nu aya di alam. Pihartieunana, hirup kudu

hade dina nyarita oge dina tingkah laku, ucapan jeung kalakuan kudu sarua

alusna.



Sababaraha babasan atawa paribasa make kecap injeuman tina rupa atawa

wangun, nyaeta pasagi, buleud jeung segitilu. Kecap pasagi aya dina dina

babasan hirup kudu masagi. Naon sababna prak-prakan hirup nu hade

diibaratkeun kana rupa pasagi?



Masagi téh kecap gawé ti kecap kaayaan atawa sipat pasagi. Nu disebut

pasagi nyaeta rupa kotak – rupa nu dijieun ku opat sisi nu sarua ratana

atawa lempengna, tur ukuranana sarua. Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna

dina kanyataanana Biasana dilarapkeun utamana dina perkara ngalakonan

urusan dunya jeung ahérat atawa agama jeung darigama tea. Sipat pasagi

ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa

sarupa. Sagala widang kahirupan kudu dilakukeun kalayan saimbang. Cara

urang hirup ayeuna di dunya, salian ti kudu mikirkeun kaperluan hirup di

dunya, oge kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel engké jaga di aherat.

Ogé yén urang kudu sagala bisa atawa mahér sagala rupa, sabab hirup teh

teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu urang kudu bisa sangkan urang

hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa. Ringkesna,

pasagi dijadikeun conto kumaha hirup kudu dilakonan. Sipatna tindakan

atawa kalakuan.



Duka kumaha sasakalana, pasagi éta dina basa Indonesia mah maké mamawa

bujur sagala, enya, bujur sangkar tea. Sigana sangkar teh ti basa Minang

pikeun pasagi, da di Sumatera Kulon aya lembur ngarana Batusangkar,

pastina di dinya aya batu nu rupana ngaharib-harib ka rupa pasagi. Kecap

sangkar éta tuluy dipaké oge pikeun rorompok manuk dina basa nasional,

sanajan rupana geus teu pasagi deui.



Rupa pasagi teu pati jentré ayana di alam. Dina ayana oge sigana ngan ukur

ngaharib-harib, teu saklek rupa pasagi. Da ongkoh rupa pasagi mah dijieun

ti opat sisi nu tiap juruna kudu nyékon -kecap ti parabot tukang bas,

pasékon- nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa. Rupa

pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi,

diantarana nyaéta bésék, pipiti, suku boboko, hihid jeung sajabana. Rupa

pasagi nu kawentar kamana-mendi utamana pikeun muslim sabab sok di

datangan ari naik haji tangtu Ka’bah di Mekah. Ceuk si cenah, harti Ka’bah

atawa kufah teh cenah pasagi. Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib ka

rupa kotak disebut kufah atawa kufik.



Salian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan nyaéta

buleud. Cara dina kalimah “Niat kudu buleud”. Rupa buleud teh dijieun tina

garis nu tungtungna panggih, bari jarak ti tengah ka unggal sisi sarua.

Dina Matématika mah istilah na “jari-jari atawa “r”, tina radian atawa

radius téa. Niat urusanana jeung sikep yakin, patali ogé jeung sikep

méntal. Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis buleud.



Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam. Diantarana panonpoé,

bulan, katumbiri, ombak leutik dina balong mun urang nyemplungkeun batu,

daun taraté, jsb. Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud dipaké

pikeun rupa tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsb.



Rupa buleud sok dipake perlambang kasampurnaan nu sipatna ideologis kaasup

tauhid atawa kaimanan. Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna buleud dipaké

pikeun lambang nu islami. Ngan sangkan teu pahili jeung sorabi, bulan

digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun béntang.

Panonpoe dijadikan lambang salah sahiji ormas Islam -sangkan teu pahili

jeung rupa buleud séjéna- ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi buleudan

nu hartina cahaya. Lambang bendera Jepang buleud beureum, nyimbolkeun

panonpoe isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni lukis

Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo. Dina

pulitik (nipu rahayat leutik) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji

partey atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon.



Rupa séjén nyaéta nyungcung. Cara dina kecap “ka balé nyungcung” siloka

pikeun dirapalan atawa akad nikah. Balé nyungcung ieu babasan pikeun

tempat suci atawa sakral utamana masigit. Sigana baheula akad nikah umumna

dilakukeun di masjid supaya leuwih afdol sabab tempat suci jeung ari nikah

teh apan upacara suci ogé. Suhunan masigit baheula umumna maké suhunan

model tropis nu numpuk siga gunung. Pangluhurna biasana segitilu lobana

opat nu dipasangkeun condong pahareup-hareup, ngawangun rupa limas.

Suhunan modél kitu biasana disebut limasan, tapi katémbong ti hiji sisi

mah segitilu. Jadi istilah nyungcung téh pikeun rupa limas nu dijieun tina

opat segitilu. Dina suhunan, segitilu ieu dua sisina nu tangtung sarua

panjangna jeung sarua darajat condong atawa miringna. Beh dieu, suhunan

masjid aya nu meunang impor ti tanah Arab, nya kubah téa nu rupana

belenong. Sanajan sabenerna mah rupa kubah ieu ogé dijadikeun suhunan

katédral cara di Italia ogé Russia.



Rupa nu ngaharib-harib ka segitilu aya di alam, contona gunung Cikuray di

Garut, siga pisan segitilu: dua sisi condong panggih di puncak, nu hiji

mah ngadapang dina taneuh. Dua sisi nu condong éta nyiptakeun rupa

nyungcung nu nunjuk ka langit –dihartikeun nuju ka Pangéran. Jadi kaharti

mun ku karuhun gunung dianggap suci atawa sakral, salian ti tempat bijilna

cai pikeun kahirupan, oge dipaké pikeun tempat muja, tempat karamat, makam

atawa astana, nu ayeuna sok disebut situs purbakala atawa sajarah tea.

Kusabab di Mesir mah euweuh gunung cara di urang, nya Fir’aun nyieun

gugunungan badag nu disebut piramid tea nu umumna dipake pikeun nyimpen

jasadna.



Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya ieu loba pisan jeung moal kaitung.

Ku manusa modéren kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana tilu

rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Eta tilu rupa dasar

dipaké dina élmu Matematika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni

Rupa. Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa

paribasa di urang cara conto di luhur. Tapi dina henteuna aya patali

marga, bisa jadi sarua dina inditna: sarua nyokot conto rupa dasar nu aya

di alam, dumasar kana kasampurnaan alam jieunan Pangéran. Nu jelas,

masing-masing rupa éta sanajan dina wanda nu béda tapi sarua ngandung

pihartieun kaayaan sampurna atawa suci. Pasagi pikeun ngagambarkeun

kalakuan nu sampurna, buleud pikeun tékad atawa kayakinan nu sampurna,

segitilu pikeun tempat nu sampurna –dina harti suci atawa sakral.



Mang Jamal

Keur nalungtik éstetika Sunda dina artéfak budaya padumukan.

---

Dimuat majalah basa Sunda Cupumanik, edisi Maret 2008




 

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke