Assalamu'alaikum Wr, Wb.
Bismillahirrohamanirrohim.
Haturan baraya Kusnet lan GL sakumna...!!! wilujeng enjing nun....!! (wios sok sanajan rada leuir oge nya).
baraya Alhamdulillah urang sadaya tiasa ditepangkeun deui, mung kahade ulah hilap samemeh urang ngamimitian migawe pagawean omat mimitian ku ngadoa heula sok sanajan ukur sakecap dua kecap, sangkan naon-naon anu dipilampah ku urang salamina aya dina ridlo Allah Swt.
Allahuma ya Allah...,
hapunten dosa sareng kakhilafan diri abdi, ibu rama abdu, guru-guru abdi sareng dulur-dulur abdi sadaya....
Allhuma ya Allah...,
paparin diri abdi sadaya kalancaran sareng kagampangan dina enggoning mayunan sagala karerepet....
Allahuma ya Allah...,
bukakeun panto rizki abdi sadaya kalayan paparin kagampangan dina ngaraihna....
Allahuma ya Allah...,
paparin kasabaran sareng kakiatan dulur-dulur anu nuju mayunan musibah/cocobi dina danget ieu...
Allhuma ya Allah...,
tebihkeun diri abdi sadaya tina panggoda syetan sareng paparin kakiatan dina mayuanana...
Allhuma ya Allah...,
abdi sadaya yakin teu aya deui pangeran anu wajib disembah sareng disuhunkeun pitulungna anging Allah sahiji...
Allahuma a Allah...,
Allhuma ya Allah....,
sholehkeun putra putri abdi sadaya sareng paparin diri abdi sadaya kakiatan, kasabaran sareng katabahan dina ngadidik sareng ngapingna..
mugia Allah nagbulkeun doa abdi sadaya.....Robbana atina pidunya hasanah wabil akhirati hasanah wakina adzabannar....
amin...amin..ya Robbal alamin....

Cag...ah,

"kujangs"


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke