Sacara akademis duka teuing da teu boga latar sastra, ngan sok nulis novel,
meureun baraya sastra, pateterean.

 

Sigana nu dimaksud jaman sastra geus kaliwat, lumpat kana aweuhan sastra nu
ngandung unsur simbolis tea. Meureun dianggap jaman simbolik geus liwat.
Sacara van Peursen mah malah jaman jayana simbolisme teh mangsa mitologi
tea. Ayeuna masih aya tangtu, sabab jaman mitologis masih aya dihirupan ku
urang. 

Maksud sastra meureun nyaritakeun A, maksudna mah F. simbolis tea. komo mun
disanghareupkeun kana mangsana balaka nu tog mol tea.

 

Dina sastra asana, nya aya genre kitu. Simbolik. Sarua dina seni sejena oge.
Meureun mun disastrakeun mah mangsa balaka tea, gaya realistis, cara nu
dipake sapopoe. Kadang2 pan aya bahasa sastra nu melambung lambung. Boh
hiperbola boh lam. Demi estetika tea sigana

 

Geus ah da cap meureun

 

 

 

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of Dudi Herlianto
Sent: Thursday, May 06, 2010 9:18 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: sastra jeung balaka... Re: Bls: [Urang Sunda] Walanda jeung Carita
Munding

 



tah..tah kaleresan pisan, kuring keur resep kana sastra, najan angger teu
ngarti-ngarti.

 

ki hoyong naros, bongan kileuksa nyerat 'tapi, jaman sastra geus kaliwat,
ayeuna mangsana balaka". aya dua hal nu menarik tina ieu kalimah. kahiji,
jaman sastra geus kaliwat. kadua, sastra mah tara balaka.

 

naha enya jaman sastra geus kaliwat? mun nyarandekeun kana cenah, kuring
pernah meunang beja ti mimiti ahir 90-an nepi ka ayeuna penerbitan karya
sastra (novel, carpon, puisi) di indonesia teh ceuyah pisan. najan loba nu
ngiritik kana kualitasna nu ukur semet kana sastra pop cenah, ngan mun
ngindung kana harti asal sastra, nyaeta teks, masalah kualitas bisa
disingkirkeun heula. tah naha leres jaman sastra teh geus liwat? cek kuring
jaman sastra moal aya basa liwat, sabab sastra jeung manusa teh liket pisan.

 

nu kadua, hubungan sastra jeung balaka. naha enya patukangtonggong, nu
balaka mah lain sastra? ki, simkuring masih teu tiasa ngarti, maksad balaka
di dieu teh naon. naha balaka di dieu teh jiga bahasa koran? nu nyebut
sagalana sajentrena, saenyana? saenyana nyebut tempat, waktu jeung jelema nu
diwartakeunna. mun enya kitu mah rada kahartos, sabab lamun sanes, kuring
mah nganggap max havelaar-na multatuli teh hiji karya sastra nu balaka...

 

ah sakitu heula we ti simkuring, punten seueur lepatna, da sanes lulusan
sastra. malah tebih ti jurusan sosial pisan. kuring ukur jelema nu
kadang-kadang resep maca :)

 

mangga ki, oge dulur nu sanes...

 

2010/5/6 Ki Leuksa Sunda <ki_leu...@yahoo.co.id>

  


Yi, leres, dina sastra aya siloka, dina siloka aya papatah, dina papatah aya
amanat.
Tapi, jaman sastra geus kaliwat, ayeuna mangsana balaka.
Mun dipaksa, moal aya nu daek mikiran, ku sastra mah karek nempo
bungkeuleukanana ge geus ting birigidig, sieuneun. Basana teh, eta mah
konsumsi para pujangga (harianeun).
Jadi, ayeuna mah kudu bruk-brak atanapi blak-blakan, blak nagkarak, bluk
nangkuban..hahaha. Kade ticatrok...
Gara-gara HAM jeung kebebasan mengemukakan pendapat, nu buni moal kakoreh,
malah mah kalah katincak da jelemana marotah, teu kaop kagebah sok tuluy
DEMO, gagabah. Hahahaha..

Sok ah, milarian deui dongengna, urang sundakeun (tafsirkeun) ku Aki !

Tafsir heureuy, make rumus filsafat meureun.

Salam sono ti Aki



--- 

_




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk








Kirim email ke