Tah,tah... kaleresan atuh upami kang Ucep apal mah eta pulitik AS!
Panginten pasti gaduh buktosna nya?
Mangga di antos atuh di sekretariat SEGI jalan Patriot 30, kango
ngadamel testimony urang ngabongkar eta mandahna kecurangan UN tea!
Diantos kang!

dess
--- In urangsunda@yahoogroups.com, ucep wahyudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Aslm. Kang Deni
>    
>   Kuring mah apal eta teh pulitikna Agus Supriadi bup Grt. nyaeta
pultk mercu suar anu dijalankeunana ngenaan tina UN anu kudu juara
bari jalan rekayasa lain asli alias jalan salah. Tingal wae waktu Gita
KDI. Alhasil sakola di Grt mah abot kapayunanana.
> 
> denysuwarja2k <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           Hatur Nuhun, punten aya kalepatan... Imam teh sareng
rerencangan teh
> sanes anti UN. Mung ngalepatkeun sistem pelaksanaan UN di Garut anu
> curaling. Teu jujur, teu satuhu jeung aturan didaktik metodik. 
> Ari UN mah lepatna teh, mung pedah dijantenkeun standar kelulusan.
> Janten weh para kepsek, kadis, bupati curaling da kumaha carana ngarah
> barudak teh lulus sadayana!
> JIgana maranehna khilaf, yen salaku guru jeung pamingpin kalakuan
> urang sadayana bakal di hisab ku Illahi Robbi.
> 
> Atuh upami aya tokoh-tokoh SEGI anu ngadon ngajadikeun sasak jang
> milari JABATAN. Abdi sumpah, eta jelema bakal "DICABOK"! ku uing dina
> tarangna!
> 
> Tapi ningal, tina ahlak sareng moral jeung idealisme... sadayana tokoh
> SEGI mah teu marinat kana jabatan teh. Ka asup uing, geus tilu kali
> ditawaran jadi KEPSEK, NOLAK! 
> Lain teu sanggup, ngan uing mah era ku diri. Mingpin diri sorangan oge
> can becus, mingpin kulawarga oge can baleg. Komo deui kudu mingpin
> batur! Paminpin mah lain ku diangkat ku hiji pihak, tapi mucunghul ku
> jalaran kamampuan jeung ajen ti lingkuganana anu didasari sifat-sifat
> Shidiq, Tablig, Amanah, jeung Fatonah!
> 
> Ari pamingpin ayeuna mah apanan rereana teh, pedah hayang dunya barana
> anu fana. Serab ku jabatan anu saharita. Malah mah nepi ka sugak
> sogok, suap suip... ngarah jadi pejabat teh!
> 
> Deny
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "budisuhardiman_grt"
> <budisuhardiman_grt@> wrote:
> >
> > Di Garut geus ngadeg hiji organisasi guru nu dingaranan SEGI. Ieu teh
> > singgetan tina Serikat Guru Indonesia. Mudah-mudahan ieu organisasi
> > teh diadegkeun kalwan maksud hayang ngaronjatkeun profesional guru,
> > lain hayang neneangan korsi ngaliwatan organisasi. Mudah-mudahan oge
> > ngadegna ieu organisasi teh lain didadasaran ku rasa gehgeran pedah
> > kiwari keur usum ngadegkeun oraganisasi anyar.
> > Pamungkas, wilujeng ka para pendiri. Wabilhusus ka Kang Imam Taofik,
> > imamna guru-guru anti UN sareng ka Al Ustad Deny Suwarja, Ki Sobat.
> > Urang doakeun ku urang sadayana mudah-mudahan aranjeunna sing kiat
> > tina rupa-rupa gogoda nu baris ngancurkeun idealisme SEGI. Ayeuna mah
> > kari pok, pek, prung gera tandang makalangan ngabela guru.
> > 
> > Budi Sdm tea.
> >
> 
> 
> 
>          
> 
>               
> ---------------------------------
> Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
>


Kirim email ke