Wilujeng enjing baraya babakan Kusnet sadayana,
Alhamdulillah geuningan parantos tiasa tepang sareng baraya anu salami ieu kuring terangna mung dina milis babakan Kusnet wungkul, sanajan kuring sanes aktifis di bakus mung sakadar mukaan sareng ngaos surelekna wungkul.
Beu meni resep pisan nya tepang sareng baraya teh, mani asa reugreug seueur baraya tiditu tidieu, mani saromeah, karaos pisan someahna mangkaning kuringmah nembe ngiringan kopdar kieu teh, janten teu asa disaha-saha.
Hatur nuhun ku panganken sadayana....
Hatur nuhun ka Teh Netty, pasakan teteh raos, meni kacipta waktos nuju masakna ti wengi dugi ka peuting (he..he..he..), tapi tetep raos Teh...
Hatur Nuhun Ka Teh Ani sareng Kang Ikmal anu bumina dianggo riungan, waktos dikantunkeun teu tiasa ngiring beberes.., maklum panjang keneh lalakon wangsulna bilih kaburitan di jalan teu mekel obor soalna.
Hatur Nuhun Ka Kang Ndoell anu parantos masihan terang deui arah bumi Teh Ani, punten waktos wangsul teu pamit
Hatur nuhun kenal sareng Kang Ndoell, Kang Agus miwah istri oge ade bayi (hilap deui namina ulah bendu nya..), kenal sareng teh Iva, teh Mia, teh Lia, Kang Rachmat, Kang Boim, Kang Yayan (?), Kang Ono, Kang Hendri miwah istri, teh Puji, teh Imas, Teh Tatat, Kang Hasan, Kang Miih, teteh-teteh sareng akang-akang anu teu kasebat namina teu kenging bendu da seueur anu teu apal namina.
Hatur nuhun .... hatur nuhun... pokona hatur nuhun tiasa kenal sareng baraya sadayana, mugi-mugi babakan teh langkung solid.
 
baktos,
pun emme


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke